Você está na página 1de 3

Munara Cahya

Ngabohong jeung Ingkar Jangji


Ku Ustadz Ghilman Hizbul Islam Dawuhan Alloh SWT : "Wa man adllamu mimmanif taro alallohil kadziba wahuwa yud'a ilal Islam, wallohu layahdil qowmadl dlolimin (Q.as Ashaffat : 7). Hartosna, wallohu alam wa bi murodihi : Jeung saha nu leuwih dzolim ti batan jalma nu ngaya-ngayakeun kabohongan ka Alloh, sedengkeun manehna diajak kana Islam? Jeung Alloh moal maparin pituduh ka jalmajalma dzolim. Para mufassir mupakat, istilah "ngaya-ngayakeun kabohongan ka Alloh" teh ngandung harti, teu daek narima aturan Alloh sareng Rosul-Na. Pikeun jalma samodel kitu, boh individual, boh komunal, kelompok atawa golongan, Alloh ngalungsurkeun rupa-rupa azab sangkan jadi pepeling. Tapi jalma-jalma kitu teh karereanana mah mungkir jeung mungkar. Maranehna leuwih percaya kana itung-itungan nu sipatna pisik-material, fenomena alam, jsb, tinimbang kana isarah atawa manginget ti Alloh SWT. Upamana bae dina soal bencana nu ayeuna mindeng tumiba ka urang sarerea. Ngabohongkeun kana aturan Alloh SWT, di antarana teu daek syukuran kana ni'mat alias kufur ni'mat. Fa kafarot bi an'umillah (Q.s.an Nahl :112). Nya kufur kana ni'mat Alloh nu jadi sabab datangna mamala badag, mangrupa kalaparan jeung kasieun. Dina sagemblegnna ayat 112 QS. An-Nahl tadi, kaunggel : "Geus dicontokeun hiji nagri anu aman tengtrem tur hade kaayaanana, rejeki daratang ti suklak-sikluk patempatan, tapi (sanggeus) pangeusina kufur kana ni'mat Alloh, mangka ka maranehna ditibankeun ruruba kalaparan jeung kasieun, balukar pagaweanana sorangan (tina syukur kana kufur)." Nagri nu aman santosa, tiis ceuli herang mata, taya benceng ceweng, taya rupaning sagala laku goreng matak harengheng. Bari subur mamur gemah ripah loh jinawi, lantaran rupa-rupa rejeki, boh dahareun boh pakeeun sabangsa pangan, sandang, papan, ngaleuya. Bru di juru bro di panto ngalayah di tengah imah,raweuy beuweungeun rambay alaeun. Eta teh salila pangeusi nagri sukur nimat. Tunduk patuh kana aturan Alloh SWT ku mangrupa kaimanan (tauhid) anu panceg, ibadah anu leket tur khusyu, ahlak anu alus, tara petot ngareaan amal soleh ka sasama manusa. Datang mangsa manusa pangeusi nagri adil mamur raharja teh, malieus tina hukum-hukum Alloh. Cul aturan Anjeunna nu Maha Adil Maha Wijaksana. Gap kana aturan jieunan manusa nu matak sasar jeung mawa karuksakan di sakuliah jagat. Ibadah dianggap meakeun waktu, atawa dianggap urusan pribadi nu teu bisa dibabawa ka ruang publik. Ahlak mulya henteu jadi ukuran darajat alus-gorengna sakur jalma, lantaran nu dipentingkeun kaahlian (professionalitas), kakayaan, pangkat, kalungguhan, katut sagala rupa atribut nu nempatkeun manusa kawasa kabina-bina. Kajeun teuing eta manusa teh baha ka Alloh SWT (kafir), tara ngalakonan kawajiban agama (Islam), ahllakna goreng kabina-bina (korup, ahli masiat, jsb). Atuh amal soleh ka sasama manusa, dipapantes dumasar kana popularitas, promosi jeung nembongkeun saha aing. Dibalitungkeun kana untung rugi. Cohagna riya jeung sum'ah, nu patukang tonggong jeung kaidah Islam

Lantaran geus wani ngabohongkeun aturan Alloh SWT, jeung ngabohong ka dirina pribadi katut nu Nyiptakeunana, jalir jangji jadi pagawean saban usik saban malik. Padahal Kangjeng Nabi Muhammad Rasulullah Saw, ngadawuh : Ma naqosho qoumul ahda illa sulito alaihim aduwwuhum. Umat nu sol sulaya kana jangji, baris dikawasa ku musuh-musuhna .(Hadits riwayat Imam Thobroni) Sulaya jangji, kiwari geus jadi kabiasaan umum. Ti mimiti pribadi-pribadi, nepi ka kelompok, golongan, jeung lembaga. Gampang ngumbar ucapan nu amis tanding madu. Komo dina usum kampanye. Para calon boh eksekutip boh legislatip nu hayang kapilih, uduh bisa medar rencana nu matak uruy rahayat. Jalma nu hayang jeneng, tara asa-asa ngumbar lamunan ngaliwatan kekecapan nu narik ati. Tapi hese ngabuktikeunana dina kanyataan. Malah teu saeutik nu ngangles. Atawa dina urusan hutang pihutang. Tempo nganjuk lengas-lengis bakat ku hayang dibere bari sumpah yen rek gancang mayar. Ari ditagih, balucat-balicet. Sakalina kapelengok, masih keneh "icuk cole". Padahal nyubadanan jangji mangrupa kawajiban nu kudu ditedunan dumasar kana parentah Allah SWT (Q.s. al Maidah : 1). Jangji sarua jeung hutang nu kudu dibayar lunas (Q.s.Israa : 34). Jalma tukang ingkar jangji digolongkeun ka jalma munafik, sakumaha dawuhan Rasulullah Saw, yen ciri jala orang munafik aya tilu. Hianat kana amanat, ari nyarita wadul gedebul, jeung ingkar jangji. Jalma nu resep ngumbar jangji bari tara nyumponan jangjina saeutik-eutik acan, bakal ilang perasaanana, lantaran hatena teuas ngebtrak lir batu (Q.s. al Maidah : 13). Jalma nu jangji, pasti akan terus ditagih. Komo lamun jangjina teh diucapkeun hareupeun balarea tanpa tedeng aling-aling. Mun henteu wae nedunan jangji, sarua jeung masrahkeun diri kana kakawasaan. Boh musuh dina harti basajan, nyaeta antara individu nu boga gantar kakaitan pribadi, boh musuh dina harti lega, nayeta kakuatan nu ngeukeuweuk bangsa jeung nagara dina sagala widang kahirupan. Sabab saha bae nu jangji, eta aya dina jiretan hutang. Sedengkeun nu boga hutang, saur Kangjeng Nabi Saw, aya dina ancaman "qahrir rijaal". Manusa bengis, taya rasrasan nu teu eureun-eureun nanagih jangji atawa buruh tina nu dijangjikeun. Kaayaan urang ayeuna, nu terus-terusan diancam ku rupaning musuh ti mimimti kasusah ekonomi, kemiskinan, katut hal-hal pikasusaheun, akibat reana jalma ingkar jangji di manamana. Pangpangna para pamingpin rayat, para wakil rayat, tacan leah hatena pikeun nedunan jangji-jangji maranehna basa keur kampanye bareto. Nepi ka urang kudu daek dikekeyek ku musuh-musuh kahirupan jeung kamanusaan. Urusan bangsa jeung nagara, henteu semet memeres adiminsitrasi, tata pamarentahan jeung sajabana nu sipatna pisik-material. Tapi kudu dibarengan ku memeres cara jeung bukti nedunan jangji nu sipatna mental spiritual. Lamun tetep bae kawas nu enggeus-enggeus, jangji dianggap angin liwat, risiko nu kudu disanghareupan tangtu leuwih beurat. Bangsa jeung nagara moal lesot tina pangjajah jeung pangjejeleh deungeun, sakumaha sinyalemen Kangjeng Nabi Saw. Ku kituna, satengahing nempuh ibadah Ramadhan 1430 H. danget ieu, hayu urang lenyepan kondisi katut situasi hirup jeung kahirupan urang, ku mangrupa pertanyaan jeung jawabanana sakalian :

Naha urang nu geus 64 taun merdeka, tapi acan ngahontal hakekat kamerdekaan ? Rupa-rupa sektor kahirupan masih keneh dikeukeuweuk ku deungeun. Hutang luar negeri ngunungngunung. Sumberdaya alam dieksploitasi ku investor asing. Bangsa urang mah ukur ngegel curuk. Aya nu milu hojih, tapi ukur hiji dua jalma nu deukeut ka kakawasaan jeung anut ka nu boga modal. Jawabanana teu susah. Nyaeta urang geus malieuskeun beungeut tina karohmanan jeung karohiman Alloh SWT ku cara mungpang kana sagala parentahNa, tur ngarempak sagala nu dilarang ku Anjeunna. Urang salaku Muslim nu sakuduna iman, geus kufur kana nimat Alloh. Nyebakeun diri ka mahluk Alloh. Balukarna urang dikekeyek ku maranehna. Ku "qohrir rijal". Mahluk telenges taya rasrasan nu teu boga rasa pangampura, nyaah jeung watir. Kasalahan urang sorangan, miceun hukum-hukum Alloh nu dumasar kana kaadilan (al adlu), katut kaweruh (al alimu) Anjeunna Nu Maha Adil tur Maha Uninga. Tuluy aub kana hukumhukum manusa nu pinuh hawa nafsu, ngacapruk jeung ngaruksak tatanan alam leutik (mikrokosmos) katut alam badag (makrokosmos) saluyu jeung kaangkaramurkaanana. Padahal posisi manusa teh estuning laip jeung hina. Tur bongan urang sok jalir jangji. Nepi ka hate urang teuas ngabetrak lir batu. Nepi ka diri urang dikekeyek ku penjajah, boh penjajah nu sipatna kongkrit saperti kaalaman jaman Walanda jeung Jepang baheula, boh pangjajahan abstrak nu kaalaman kiwari sagala aya dina cangkingan deungeun sanajan tiorina mah tetep nu urang. Urang dibeledig kalaparan lantaran sandang pangan papan ngurangan jeung hese neanganana. Diincer ku kasieun lantaran kaayaan henteu aman. Rupa-rupa ancaman ngalangkang, saperti teror bom, penculikan, pemerkiosaan, rajapati, jsb.nu bisa kajadian iraha bae jeung di mana bae, tumiba ka saha bae. Kaayaan samodel kieu, moal barobah, sapanjang urang terus kalalanjoan. Sapanjang urang tacan mulang kana aturan hukum Alloh jeung RosulNa. Tacan tobat kalawan bener-bener tobat (taubatan nasuha)***
(sumber : http://majalah-mangle.com/content/detail/316.html , Mangle Edisi 2235, 19-09-2010)

Você também pode gostar