Você está na página 1de 11

INTERNET Assalamualaikum.wr.

wb Bapa/ ibu guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, sateuacana hayu urang panjatkeun puji sareng sukur ka gusti Alloh nu maha Esa, anu tos masihan rohmat sarta hidahyana ka urang sadayana. Ku kituna ayeuna urang tiasa ngumpul di tempat ieu. Hadirin sadayana, Sa teu acana simkuring bade ngucapkeun nuhun ka bapa/ ibu guru anu parantos masihan waktos ka simkuring kangge medarkeun hiji biantara anu judulna Pangaruh Internet Ka Rumaja Hadirin Sadayana, Sateu acan simkuring mitembeyan biantara, simkuring hoyong medarkeun watesan masalah anu bade dibacakeun, nyaeta diantara ; pangaruh internet tina segi positif sareng tina segi negative. Internet, kecap anu teu asing di jaman ayeuna. Internet tiasa diakses dimana wae, cukup modal hp anu ngabogaan koneksi internet atawa cukup ku ngamodal duit sabaraha rebu perak, ayeuna mah ampir di unggal juru jalan, rek di kota atanapi di desa, ayeuna mah geus loba warung anu ngajual jasa internet atawa anu mana sok disebut warnet. Seueur elmu anu aya di internet nu bisa ku urang dicokot. Sagala informasi naon wae anu aya di internet, informasi eta bisa dicandak kalayan gampang sagampang urang ngabalikeun talapak panangan sareng ngicepkeun soca. Terus naon hubunganna jeung siswa ? tangtu pohara seueurna hubungannana internet di jaman kiwari jeung siswa, sabab siswa heunteu luput tina anu namina informasi sareng elmu. Internet teh nyaeta media anu pang efektifna sarta gampang diakses dimana wae jeung kusaha wae. Sanajan teu bisa dipungkir yen ayeuna kabebasan ieu teh bisa oge disalah gunakeun jeung salah dina narepkeunana. seueur pisan fasilitas internet minangka sarana kriminalitas atanapi asusila. Rea pisan hal-hal negatif tina internet, salah sahiji contona nyaeta : Pikeun anu kakara mikawanoh kana internet nyaeta bisa ngabuka situs situs, gambar gambar, atawa video video anu teu sawajarna Kacanduan gim online nepikeun ka poho kana sagala Bisa katipu tina iklan iklan di internet Tapi aya oge segi positifna : Siswa bisa neangan informasi anu luwes mun dibanding ngan saukur diuk cicing ngaregepkeun guru nerangkeun Bisa nambah rerencangan dina jejaring social, jsb Rumaja nyaeta makhluk anu rentan kanu parobahan di sakurilingna. Rumaja biasana sok nurutkeun anu dominan anu aya disakurilingna. Mangka ti eta alusna lamun urang bisa bijak ngagunakaeun internet keur kamajuan diri sarta pribadi urang sorangan. Sakitu wae biantara ti simkuring, hatur nuhun atos merhatikeun, akhirul kecap. Wassalamualaikum wr.wb

KABERSIHAN Assalamualaikum wr wb Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalwan dina kayaan sehat walafiat. Para wargi anu ku simkuring dipikahormat. Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena. Dina salah sahiji hadits diterangkeun Inna dhofatu minal iman Nu hartosna : Kabersihan teh sabagian tina Iman Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu suci. Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih. Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih. Para wargi anu mulya. Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanh larapna, mugi kersa ngahapunten.

TAREKAH NGEUNAAN SENI TRADISI Assalamualaikum Wr.wb.

Alhamdulillahi Robbil Alamin, Alhamdulillahi ladzi hadzana li hadza wamakunna linahtadya laula an haddzanallah. Laqad jaakum rosulullahi min Robbina bil haqi bashiron wanadziro. Asyhadualla illaha illalloh, waasyhadu anna Muhammadan Rosululloh. Allohumma sholli ala Muhammad waali Muhammad. Amma Badu. Bapa miwah ibu girang pangajen hormateun simkuring, Hadirin anu sami linggih dina ieu pasamoan, Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Gusti nu Maha Suci anu Maha Welas tur Maha Asih henteu aya pilih kasih kasugri nu kumelip di ieu bumi, anu parantos maparin mang rewu-rewu nikmat ka urang sadayana. Ku nikmat sareng hidayah mante-Na dina danget ieu simkuring tiasa silaturahmi, patepung lawung patepang raray dina ieu waktos. Solawat miwah salam mugia salamina dilungsurkeun ka jungjunan alam Nabi Panungtung anu Parantos ngalungsurkeun cahaya ka imanan ka Umatna, Nabi panutan urang, Nabi Muhammad S.A.W. teu hilap rahmat sareng salam oge di lungsurkeun ka kulawargana, katut muslimin sareng muslimat sadayana. Amin Ya Robbal alamin. Dina ieu waktos simkuring bade nyobi medar perkawis Tarekah Ngeunaan Seni Tradisi . mugia aya mangfaatna kanggo ngahirup-huripkeun deui ieu seni tradisi anu ayeuna katinggalna meh pareum. Hirup jeung mekarna kasenian, salawasna luyu jeung kabutuh masyarakatna, tangtu wae dina kamekaranana oge baris kapangaruhan ku kaayaan lingkungan jeung paneka jaman. Hadirin nu ku simkuring di hormat. salaku urang sunda geus jadi kawajiban urang pikeun miara tur ngamumule seni tradisi sunda, ulah nepi ka seni tradisi urang teh diaku ku bangsa deungeun. Contona pakakas Angklung nu kiwari diaku ku malaysia. Ieu kajadian teh ulah kaalaman anu ka dua kalina. Kumargi kitu, hayu urang wangun Jawa Barat teh jadi propinsi anu luhur ajen seni tradisina. Tancebkeun tekad sing pageuh, tembrakeun kalawan jentre, yen urang teh Nyaah, Bogoh, tur Resep kana seni tradisi Jawa Barat. Amit mungkur. Hapunten sakali deui, bilih aya basa anu kirang merenah sumarambah kana manah sareng matak nyelekit kana ati. Mugi agung cukup lumur jembar sihakasima. Wassalamualaikum wr.wb.

Ngaronjatkeun Kareueus Nonoman Kana Basa Sunda Assalamualaikum Wr Wb Hadirin anu ku simkuring dipihormat., Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara th lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu dipimaksad. Amin. Ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun parasepuh miwah paratamu anu sami rawuh, taya sanes seja ngiring jabung tumalampung sabda kumapalang. Kitu oge bari jeung digedeng ku kendang gede pakauman, dag-gig-dug rasaning ati, rumasa sim kuring mah taya kabisa, sanggem paripaos ta mah tang tang lauk buruk milu mijah. Boga catur g nu tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna taya pulunganeunana. Nanging sanaos suwung ku pangaweruh suda ku pangabisa, sim kuring baris nyobi ngaguar tma ieu biantara anu unina Ngaronjatkeun Kareueus Nonoman Kana Basa Sunda. Hadirin nu dipihormat, Saparantos sim kuring maluruh sababaraha sumber anu jadi rujukan. Sihoreng geuning, anu utama pikeun para nonoman atanapi generasi muda anu jadi seuweu siwi Pajajaran teh, taya sanes kedah mibanda rasa katineung kana budayana. Ulah nepikeun ka jati kasilih ku junti mupusti budaya asing bari teu malire budaya urang sorangan. Anu antukna cul dog-dog tinggal igel. Adean ku kuda beureum, ngarasa reueus ku banda meunang nginjeum. Naha basa sunda ciciren bangsa? Rupina basa teh nuduhkeun ciri anu dipibanda ku salahsahiji suku bangsa. Kitu oge bakal disebut sekeseler sunda saupama disarengan ku aya basana. Asa palangsiang, saupamana dina hiji waktu keur aya di nagara deungeun, heug aya nu naros, kawit ti mana, dijawn teh Ngawanohkeun Basa Sunda saleresna mah sanes kanggo para nonoman wungkul, tapi tos kedah diwanohkeun ti kawit balita. Upami di Jawa Barat nya ku Basa Sunda. Basa Sunda salaku basa indung bakal leuwih nyerep ka diri nooman lamun geus dibiasakeun diwanohkeun ti bubudak. Hadirin anu ku simkuring dipihormat, eta mah sakadar cita-cita simkuring. Da ahirna mah diwangsulkeun deui ka nonoman nyalira. Manawi bahan katampi, hapunten sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanpi mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman Sunda. Sasieureun sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran. Amit mungkur. Hapunten sakali deui, bilih aya basa anu kirang merenah sumarambah kana manah sareng matak nyelekit kana ati. Mugi agung cukup lumur jembar sihakasima. Wassalamualaikum wr.wb.

Kabersihan Sakola Assalamualaikum Wr Wb Hadirin anu ku simkuring dipihormat., Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara th lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu dipimaksad. Amin. Ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun parasepuh miwah paratamu anu sami rawuh, taya sanes seja ngiring jabung tumalampung sabda kumapalang. Ibu Guru ku simabdi dipihormat jeung siswa kelas X-3 nu ku abdi dipikacinta. Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng syukur ka Tuhan YME nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena. Urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor . Bersih tina eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih. Para wargi anu mulya. Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanh larapna, mugi kersa ngahapunten.

URANG SUNDA KUDU NGAROJONG KANA ATIKAN PIKEUN SUKSESNA KAWAJIBAN DIAJAR 12 TAUN assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh Sampurasun.. Dwan yuri anu ku sim abdi di pihormat, ibu kalih bapa guru nu sami rawuh di ieu tempat, teu kakantun rrncangan sadaya anu ku sim abdi di pitresna. Bismillah wiwitan kedalna lisan kairing ku rasa sukur ka Alloh SWT nu Maha Ghopur tur mihman, ngancikeun cahaya iman tina galeuh sanubari, mugi sing ulah pok deui, komo kudu luncat mulang tali gadang, sing kukuh tur pengkuh teu unggut kalinduan teu gdag kaanginan. Sholawat salam nu jadi panguat rasa tilam katresna, mugi tetep dillrkeun ka kanjeng nabi Muhammad SAW, miwah kulawargana, sohabatna tug dugi ka umatna nu tumut turut kana ajaranana. Dina kasempetan nu sa ieu dina raraga lomba biantara sunda 6 taun, sim abdi bad ngabantun judul Urang Sunda Kudu Ngarojong Kana Atikan, Pikeun Sukssna Kawajiban di Ajar 12 Tahun. Dwan yuri nu ku sim abdi di pihormat, Masalah atikan mangrupikeun, salah sawios kawajiban kangg urang sadayana, milari lmu th dianjurkeun ku agama boh kupamarntah, sabab ku ayana atikan manusa tiasa undak darajatna dibandingkeun jeung manusa nu teu ngagaduhan atikan. Sakumaha pitutur sepuh jalmi nu gaduh lmumah calikna pangpayunna, lohokna pang panjangna iketna pangrubakna. Taun ajaran nggal ayeuna nu bad kasampeur, mangrupikeun salah sawios tatapakan nu nggal pikeun seuweu-siwi tatar galuh Ciamis, pikeun neraskeun sadaya nu sakola dasar ka sakola lanjutan tingkat awal, boh nu ti sakola lanjutan tingkat awal ka sakola lanjutan tingkat luhur,

Kumargi kitu hayu urang suksskeun Wajar Dikdas 12 Taun, rarojong program pamarntah supaya sadaya janten murangkalih anu pinter bari jeung bener, cageur bari jeung sing singer. Mun cageur, bageur, bener, pinter, tur singer insya allah moal kabalinger. Pamendak pitutur sepuh urang sunda, luyu jeung agama diarigama, pamungkas: Sing getol nginum jajamu Nu guna nguatkeun urat Sing getol neangan lmu Nu guna dunya akhrat

INDUNG Di peuting anu tiis Kalayan berselimut kasorangan Kuterbangun melong wiati wiati kamar kuring Terlintas di benak sosok engkau Anu sok marengan kuring mapag isuk-isuk Anu sok marengan kuring ngarasakeun panasnya sinar panonpo Anu sok marengan kuring nyaksian bulan sarta bntang Sarta balik nganteur kuring ka dina sar anu panjang Kabh ta kiwari teu bisa deui kurasakan Alatan ayeuna ku lar ti anjeun Mekipun sabenerna ku teu bisa Tapi ku yakin kabh ta baris lekasan Ibu.. Kuring sono kalayan senyummu Kuring sono jeung kaasih nyaah anjeun Kuring sono kalayan belai lembutmu Kuring sono baris pelukmu Ku hayang kau weruh ta

Kaendahan/keindahan ALAM Sagara dumadakan ramai deburan ombak terseret angin ka tengah samudera ta keur di biwir basisir jelema wa menari-nari Sagara ngondang sehamparan gunung samudera datanglah ti penjuru sagala nempo kami menari nyanghareupan ahir sodorkan cai sabot awak bermandi peluh tapi ulah suguhkan seudati*) sabab manhna geus mati Datang, datanglah ti penjuru sagala ramaikan sagara kami anu sepi kalayan lagu anjeun anu sarat asih

BAHAYA ROKO Assalamualaikum warahmatullahi wabarokatuh Bapa guru pangajar anu dipihormat, sarta rerencangan sadaya anu dipikareueus Kuring ngadeg didieu tey aya lain nyaeta ngadugikeun tema nyaeta bahaya rook Sapertos bapa sarta rerencangan sadaya mun nu namina roko tos teu asing deui digolongan barudak sakola sapantaran urang. Tapi ayeunamah timimiti budah sakola nu ngangge saragam bodas beureum, bodas biru, komo bodas abu abu mah tos hampir sadaya nyobian nu namina roko. Komo tos aya nu jadi pacandu roko. Kabiasaan para palajar ngaroko teh lantaran karayu ku iklan-iklan, ku rrencangan, sarta kasalah pahaman mun roko tiasa ngajadikeun diri urang tenang, tapi eta teh salah pisan. Bahaya roko teh diantarana resiko kangker, paru-paru, jantung, impotensi, ti segi reproduksi, ngaroko di usia dini bisa ngabalukarkeun impotensi sarta ngurangan jumlah sperma dina lalaki sarta ngurangan tingkat kasuburan dina wanoja. Eta mung sababaraha conto bahaya roko, tapi seueur keneh bahaya roko nu lain. Rerencangan sadaya, anu teu acan nyobian roko kade ulah cobi-cobi ngaroko lantaran bahaya. Tos seueur korban gara-gara roko, tong sampe urang jadi korban saterusna. Dupi sakieu nu tiasa kuring dugikeun, hapunten bilih aya kata-kata anu magut kana ati. Mugimugi biantara kuring ieu mangpaat kangge sadayana. Wassalamualaikum wr, wb.

Ukur jadi kalangkang Sajak IWAN M. Ridwan

Bulan ukur jadi kalangkang dina peuting ngabangingik, jadi tumbal dina rwuan juta lampu nu moncorong. Beureum, konng ngagindingan kota, sawarh lalumpatan di jalan-jalan patakonan. Ting garerung bari ting srpt meupeus lamunan. Langit beuki alum nmbongkeun kaceuceub. Kuring beuki anteng ngelun-ngelunkeun haseup filter, sumarambah ngalimpudan jomantara. Nyh, bulan seuri basa kuring ngajak sasalaman,

Kaendahan Bulan Jeung Bentang Dina wengi harita Abdi kaluar ti imah Teu kahaja ninggal kaluhur Katinggal aya bulan anu caang Caangna dugi kabumi Nyaangan mahluk nu aya di dunya Dina unggal wengina Ret deui kaluhur, Katinggal aya bentang-bentang Anu keur cing kariceup Subhanalloh endah pisan wengi harita Abdi tiasa ninggal Ciptaan Alloh nu aya di langit wengi Endah pisan wengi harita Abdi tiasa ninggal Bulan nu nyaangan bumi Sareung bentanng-bentang Anu ngahias langitna Tapi abdi, moal tiasa ninggal deui Kaendahan anu sakitu endahna Dina wengi anu sanesna Sok sanajan di antos-antos

Você também pode gostar