Você está na página 1de 1

Artikel basa sunda

Basa,Kesenian,jeung kahirupan Sunda


KU ayana kamekaran tknologi internt nu ngarambah nepi ka tepis wiring, ttla mawa pangaruh nu kalintang had kana kahirupan basa Sunda. Sanajan tknologi datangna ti deungeun, tapi lain hartina mareuman basa Sunda. Perkara ieu bisa diimeutan dina sawatara jejaring sosial, saperti facebook. Ra diantarana anu tara asa-asa deui ngawangkong th ku basa Sunda tur bisa kabaca ku balara. Malah aya rasa kareueus kana basa Sunda, mangsa bisa ngawangkong ngagunakeun basa indung. Lebah dieu, bisa dicindekeun yn naon rupa anu jolna ti deungeun th henteu salawasna gorng, malah nu had og kacida rana. Kilang kitu, kalintang gumantung kana kumaha carana urang ngamangpaatkeunana pikeun kahadan.

Po basa indung anu dipiling saban 21 Fbuari tangtu bakal leuwih haneuteun ku ayana natrat yn basa indung th hirup knh, dina harti masih diparak ku masarakat dina wangkongan sapopo. Lain ba basa Sunda, da kaasup basa indung slr sjnna og jadi leuwih hirup ku ayana kamekaran tknologi. Lebah dieu seukeutna sawangan UNESCO th, anu antukna netepkeun 21 Fbuari minangka Po Basa Indung Internasional.

Habna sumanget pikeun ngamumul basa Sunda og bisa karasa ti kalangan rumaja. Contona, dina Fstival Drama Basa Sunda (FDBS) Pelajar anu diayakeun ku Tater Sunda Kiwari, pesertana bisa ngajaul ngaleuwihan targt panitia. Sabada pendaptaran FDBS Pelajar ditutup, kacatet 49 grup tater rumaja nu miluan dina ta fstival. Lain ba patandang ti Jawa Barat, da aya og peserta anu jolna ti Banten. Basa Sunda henteu bisa dipisahkeun ku wilayah administratip. Komo deui Banten mah kapan sidik Sunda pisan.

Você também pode gostar