Você está na página 1de 3

Film Soekarno: Indonsia Merdka!

Baris Diputer di Bioskop Jepang

Film "Soekarno" Karya Hanung Bramantyo [Potret: MPV Pictures]

(SundaNews, Jakarta) Tokoh Presiden Soekarno teu welh jadi bahan catur balara nepi ka mangsa kiwari. Sikepna, kawanina, komarana, wibawana, tug lalakon sjn nu ngalimpudan sabudeureun kahirupanna teu welh jadi bahan padungdengan nu matak kataji. Ngaran Soekarno leuwih panjang batan umurna. Kalintang wajar, ku lantaran Soekarno pisan, salahsahiji tokoh fenomenal anu nganteurkeun Republik Indonsia ngahontal kamerdkaan. Mungkas taun 2013, Multivison Plus baris launching film Soekarno: Indonsia Merdka!. Ieu film nu dianti-anti th disutradaraan ku sutradara kakoncara nu reumbeuy prstasi, Hanung Bramantyo, nu geus ngayakinkeun masarakat yn film Soekarno digarap kalayan daria. Nilik kana film -film sammhna anu disutradaraan ku Hanung, tacan kungsi aya nu wawayagon. Ampir sakur film anu disutradaraan ku Hanung, salawasna teu welh fnomnal. Tokoh Soekarno diperankeun ku aktor Ario Bayu. Ngagarap film sajarah tangtu ba henteu gampang. Jauh leuwih bangga dibandingkeun jeung ngagarap film jaman ayeuna. Ti mimiti lokasi, kostum, tug nepi ka suasana kudu disaluyukeun jeung mangsa ta kajadian lumangsung. Mangkaning di lalakon film Soekarno: Indonsia Merdka!, aya tokoh sjnna saperti Bung Hatta (diperankeun ku Lukman Sardi), Sutan Sjahrir (Diperankeun ku Tanta Ginting), jeung sajabana. Tokoh-tokoh anu kungsi aya, nyata, sarta nepi ka kiwari masih knh aya anak incu buyutna. Film Soekarno: Indonsia Merdka! makeun waragad 20 Milyar. Mahal pisan pikeun ukuran film Indonsia. Pangna film Soekarno: Indonsia Merdka! makeun waragad nu sakitu rongkahna, ku lantaran ieu film sejarah th bisa dikatagorikeun film kolosal. Rbuan paman figuran dilibetkeun dina ieu garapan. Tangtu merelukeun honorarium nu henteu saeutik. Tacan deui sting lokasi nu kudu enya-enya disting taun 1940-an. Kostum paman anu dijieun sorangan ku penata kostum og ngabutuhkeun waragad anu lain lumayan. Nurutkeun Hanung, sosok Soekarno anu disorot dina film Soekarno: Indonsia Merdka! nyata Soekarno salaku proklamator jeung Founding Father Pancasila. Ieu film, lain rk ngagegedkeun kisah cinta Bung Karno, sanajan dina film garapan Hanung th mmang aya tokoh Inggit Garnasih (Diperankeun ku Maudi Kusnadi) jeung tokoh Fatmawati (Diperankeun ku Tika Bravani).

Dumasar kana sinopsis dina website resmi film Soekarno, dina lalakon film Soekarno: Indonsia Merdka!, dicaritakeun yn sammhna mah ngaran Soekarno th Kusno. Awakna begang jeung mindeng geringan. Satuluyna, bapana ngaganti ngaran Kusno ku Sukarno. Dina umur 24 taun, Sukarno bisa ngageunjleungkeun podium ku ngagorowok: Kita Harus Merdeka Sekarang!!! Anu akibatna, Soekarno dibrok, kalayan tuduhan ngahasut jeung ngabaruntak siga komunis. Tapi kawani Sukarno henteu kungsi pareum. Soekarno wani menggugat. Pldoina anu kakoncara nyata Indonesia Menggugat, anu ngaran peristiwana kiwari diabadikeun jadi ngaran gedong di Bandung. Ku ayana peristiwa Indonsia Menggugat, Soekarno diasingkeun ka Ende, sarta satuluyna ka Bengkulu. Di Bengkulu, Sukarno reureuh saheulaanan tina pulitik. Dina mangsa ta pisan, Soekarno kagmbang ku wanoja ngora nu ngaranna Fatmawati. Padahal harita Soekarno statusna masih knh salaki Inggit Garnasih; wanoja anu umurna leuwih kolot ti Sukarno, nu salawasna sok bbla ka Soekarno mangsa keur dibrok atawa diasingkeun. Inggit kudu ihlas salakina kagmbang deui ku wanoja sjn. Di satengahing konflik rumah tanggana, Jepang datang ngamimitian peperangan Asia Timur Raya. Belanda takluk ku Jepang. Belanda anu sammhna dianggap Raksasa ku Sukarno, antukna bobor karahayuan ku Jepang. Kilang kitu, harita Hatta jeung Sjahrir, rival pulitik Sukarno, ngingetan ka Soekarno yn Jepang og henteu jauh bengisna dibandingkeun jeung Belanda. Tapi Sukarno mibanda cara nyawang nu bda. Lamun urang calakan, urang bisa ngamangfaatkeun Jepang pikeun narkahan kamerdekaan Indonesia. kitu ceuk Sukarno. Harita Hatta kapangaruhan, tapi Sjahrir mah henteu. Sabab, nurutkeun Sjahrir, lamun dak ngayakeun gawbareng jeung Jepang, sarua jeung mosisikeun Indonesia jadi bagan tina Fasisme, anu hartina otomatis jadi musuh Amerika-InggrisAustralia. Sukarno teu paduli. Soekarno ngarasa yakin: gawbareng jeung Jepang pikeun Indonesia Merdeka. Soekarno babarengan jeung Hatta, narkahan perjuangan ngawujudkeun cita-citana Indonesia Merdeka. Ra barudak ngora anu pro ka Sjahrir, nyebutkeun yn Sukarno-Hatta miangka kolaborator, ngajual bangsa sorangan ka leungeun Fasis. Tapi sakali deui, Sukarno mibanda cara nyawang anu bda. Antukna, sakumna rahayat Indonsia ngaku yn kamerdekaan Indonesia ngawujud tanggal 17 Agustus 1945. Tina sinopsisna og geus karasa ieu film bakal ngondang polmik jeung kontroversi. Urang bandungan w, ieu film bakal diputer rampak tanggal 12 Dsmber 2013 di bioskop-bioskop Indonsia, Vietnam, Timor Leste, Laos, jeung Myanmar. Malah Jepang og geus ntlakeun rasa katajina ku film Soekarno: Indonsia Merdka!, kalayan boga niat rk muter film Soekarno: Indonsia Merdka! di nagara Jepang. Keun perkara kontrovrsi, lantaran Hanung og mibanda cara nyawang sisi sjn Soekarno nu tangtuna og bda jeung nu sjnna. Sabab, lamun kitu knh-kitu knh mah, naon nu matak katajina tina film Soekarno: Indonsia Merdka!

Catatan Intisari: Film Soekarno: Indonsia Merdka! oleh sutradaraan ku sutradara kakoncara nu reumbeuy prstasi, Hanung Bramantyo. Film ini digarap sabab Soekarno mangrupakeun salah sahiji tokoh fenomenal nganteurkeun Republik Indonsia ngahontal kamerdkaan. Beliau koncara kana sikepna, kawanina, komarana, wibawana, tug lalakon sjn nu ngalimpudan sabudeureun kahirupanna teu welh jadi bahan padungdengan nu matak kataji. Film bakal diputer rampak tanggal 12 Dsmber 2013 di bioskop-bioskop Indonsia, Vietnam, Timor Leste, Laos, jeung Myanmar. Malah Jepang og geus ntlakeun rasa katajina ku film Soekarno: Indonsia Merdka!, kalayan boga niat rk muter film Soekarno: Indonsia Merdka! di nagara Jepang. Keun perkara kontrovrsi, lantaran Hanung og mibanda cara nyawang sisi sjn Soekarno nu tangtuna 6og bda jeung nu sjnna.

Você também pode gostar