Você está na página 1de 14

1

PIHATUR
Sugrining puji sinareng syukur disanggakeun ka Allah Nu Maha Kawasa,
anu parantos maparin sagala elmu pangaweruh ka sakumna jalma anu
kumelendang di ieu alam dunya. Haturnuhun ka Ibu Guru Basa Sunda nu mana
parantos masihan kasempetan kanggo ngadamel tugas.
Hapunten dina sagala kalepatan, kumargi simkuring sadayana masih dina
tahap diajar, mugia dimaklum. Mugia ieu tugas janten mangpaat kanggo
sadayana.
Purwakarta, 11 Februari 2015

Kelompok 2

DAFTAR ISI
PIHATUR..................................................................................................................
i
DAFTAR EUSI.........................................................................................................
ii
1. Panata Calagara
.............................................................................................................................
1
2. Sambutan Mieling Isra Miraj
.............................................................................................................................
4
3. QS. AL ISRAA AYAT : 1 & SARITILAWAH
.............................................................................................................................
6
4. Shalawat
.............................................................................................................................
7
5. Tausiah
.............................................................................................................................
8
6. Doa Panutup
.............................................................................................................................
10
KATA PANUTUP

iii

PANATA CALAGARA

Assalamualaikum wr.wb
Bismillahirrahmanirrahim.. Alhamdulilahirabbilalamin wabihi nastainu
ala umuriddunya waddiin waala aalihi washohbihi ajmain amma badu.
Langkung tipayun, hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Allah
SWT. Anu mana parantos masihan kasehatan sareng kanikmatan dugi ka urang
sadaya tiasa kempel dina ieu tempat.
Teu hilap, sholawat sinareng salam , urang curah limpahkeun ka junjungan
urang sadaya nyatana kangjeng Nabi Muhammad SAW. Ka para kulawargina, ka
para sahabatna, kalih urang salaku umatna. Aamiin.
Hadirin sadayana, ngadegna simkuring didieu ka papancen janten girang
sabda dina raraga nga israkeun sareng nga mirajkeun kangjeng Nabi Muhammad
SAW. Anu mana runtuysn scsrsns nyaeta :
1.
2.
3.
4.
5.
6.

Bubuka
Sambutan ketua panitia
Maoskeun ayat suci al-quran
Sholawat Nabi
Tausiah
Doa tutup
Hadirin sadayana, supados teu nyangkolong kana waktos, hayu wae urang

buka acara ieu ku aosan basmalah sasarengan.


(Bismillahirrahmanirrahim)
Acara anu kadua nyaeta sambutan ti ketua panitia, ka saderek the mia
dihaturan
(Sambutan)

Haturnuhun ka Teh Mia anu parantos ngadugikeun laporan sakalugus


sambutanna.
Acara anu katilu nyaeta maoskeun ayat sucu al-quran , anu bade di
aoskeun ku Kang Panji sareng The Cika, sumangga dihaturan
(Maos Al - Quran & Saritilawah)
Haturnuhun ka kang panji sareng the cika anu parantos maoskeun ayat
suci al-quana, mugia kenging pahalana khusus kangge nu maoskeun umumna
kangge urang sadaya anu ngupingkeun. Aamiin.
Acara anu kaopat nyaeta sholawat Nabi anu bade dipimpin ku saderek
Alvad , sumangga dihaturan
(Sholawat)
Haturnuhun ka saderek Alvad anu parantos maoskeun shalawatna, mugia
urang sadayana kenging syafaatna. Aamiin.
Acaara anu salajngna nyaeta acara inti anu bade di dugikeun ku syekhuna
al-mukarram Bapak K.H. Fajar Wimar Ramadhan, sumangga ka Bapak K.H.
dihaturan
(Tausiah)
Alhamdulillah, haturnuhun ka Bapak K.H. anu parantos ngadugikeun
tausiahna, mugia urang sadaya kenging manfaatna . Aamiin.
Alhamdulillah acara parantos rengse , abdi salaku girang sabda
nyuhungkeun dihapunten tina sadaya kalepatan. Hayu urang pungkas wae acara
ieu ku aosan doa anu bade di pimpin ku Ibu Hj. Putri, sumangga dihaturan
(Doa Panutup)

Alhamdulillah, hatur nuhun ka Ibu Hj. Poetri anu tos mingpin doa kanggo
nutup ieu acara. Dibacakeuna doa panutup teh mangrupakeun akhir dina
lumangsungna ieu acara, kukituna abdi salaku panata calagara neda dihapunteun
bilih aya kalepatan anu kirang merenah kana manah, kumargi kasampurnaan aya
di Allah SWT. Dina panungtung acara, aya lagu hiburan anu bade di candak ku
saderek Alvad Syahputra
Wassalamualaikum wr.wb.

SAMBUTAN MIELING ISRA MIRAJ

Assalamu'alaikum warohmatullahi wabarokatuh.


Assolaatu wassalamuala asrofil anbiyaa-i wal mursalin wa ala alihi wa
ashabihi ajmain, amma badu
Anu dipihormat Ibu Rokayah, sarta rerencangan sadaya anu ku simkuring
di pikaasih. Mangga urang panjatkeun puji sareng sukur ka hadirat Allah SWT, ku
margi ku ridho-Na urang sadaya tiasa keumpeul di tempat ieu dina kaayaan sehat
walafiat dina raraga mieling Isra Miraj.
Para saderek anu di rahmatkeun ku Allah. Langkung ti payun simkuring
ngahaturkeun nuhun kana waktos anu atos dipasihkeun ka simkuring kanggo
ngadugikeun sambutan dina acara Isra Miraj ieu.
Dina kasempetan ieu oge simkuring ngahaturkeun nuhun ka para hadirin
anu atos kersa nyumpingan ieu acara.
Salajeungna ngahaturkeun nuhun oge ka Bapak Ustadz Fajar anu atos
kersa ngaluangkeun waktos kanggo masihan wejangan/ceramah dina ieu acara.
Mugia naon anu di dugikeun ku Bapak Ustadz sing janten mangpaat kanggo
kahirupan urang di dunya sareng akherat.
Salajeungna peryogi di uninga wirehna acara ieu teh tiasa laksana kalayan
pangrojong ti wargi-wargi sadayana. Perkawis raragad kanggo acara ieu asalna ti
artos infak minggonan. Oge dina kasempeten ieu simkuring ngahaturkeun nuhun
ka para saderek anu atos masihan infak. Mugia sagala kasaean saderek sadaya di
bales ku Allah SWT. Salian ti eta mugia ku ayana acara ieu ngajantenkeun tali
silaturohmi urang langkung pageuh.

Pamungkas, mung sakieu wae anu tiasa ku simkuring didugikeun hapunten


bilih seueur kakirangan sareng kalepatan. Wabillahi taufiq walhidyah, Wassalam
wr wb.

QS. AL ISRAA AYAT : 1 & SARITILAWAH



Maha Suci Allah, yang telah memperjalankan hamba-Nya pada suatu
malam dari Al Masjidil Haram ke Al Masjidil Aqsha yang telah Kami berkahi
sekelilingnya agar Kami perlihatkan kepadanya sebagian dari tanda-tanda
(kebesaran) Kami. Sesungguhnya Dia adalah Maha Mendengar lagi Maha
Mengetahui.
(QS: Al-Israa' Ayat: 1)

SHALAWAT

Sim abdi seja tawasul


kasalira kangjeng rasul
pamugi maksud di Kabul
barokah ka candak wangsul
Ya Allah nu sifat rahman
Abdi sadaya tulungan
Mugi tetep iman islam
Sareng sae panungtungan
Ya Rosul pimpinan umat
Pasihan abdi syafaat
Tebihkeun tina panglanat
Salamet dunya akherat
Ya Allah pasihan iman
Nu kana manah nenangkeun
Kabingung rizki jembarkeun
Turunan abdi sholehkeun

TAUSIAH

Asaalamualaikum WRWB
Alhamdilallah,

Alhamdulillahirobbil

alamin

wassolatu

wassalamu

alasyhrofi anbiyai walmursalin waala alihi wasohbihi azmain.


Robbi sohri sodli wayasirli amri wakhlulukhdata milisani yafkou kouli.
Langkung tipayun jeung nu paling utama hayu urang sarerea manjatkeun
puji sinareng sukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana Allah parantong maparinan
rahmat sinareng nikmat ka urang sarerea salaku hambana.
Teu hilap oge salam urang sanjung sajikeun ka pamuda padang pasir anu
hirupna pinuh gentir. Numana anjeuna tos nyandak urang sarerea ti zaman tapak
kaki ka zaman ninja saki, ti zaman naek onta ka zaman naek honda, ti zaman naek
kuda ka zaman naek kijang inova. Saha anjeuna? Anjeuna nyaeta baginda nabi
besar Muhammad SAW.
Anu ku simkuring dipihormat ibu guru bahasa sunda, sareng rerencangan
abdi anu dipikanyaah.
Hadirin,
Rujak kalapa campur papaya
Angkat ka Banjar meser sekoteng
Salam jumpa jeung saya
Fajar wimar anu ganteng
Dina kasempetan ieu, izinkeun abdi bade ngadugikeun materi ngeunaan
Isra Miraj. Abdi bade nguraikeun sacara singket histroi perjalanan Isra miraj
anu penting pisan kanggo urang sadayana kumargi ku kajadian anu luar biasa ieu,
ngandung seueur pisan pelajaran anu tiasa dijadikeun barometer jeung acuan yen
di payuneun Allah teh moal aya anu teu mungkin kajadian.

Arti Isra miraj teh ngandung dua kata nyaeta di jalankeun jeung
diangkatna saurang hamba anu mulya nyaeta Nabi Muhammad SAW ku Allah
SWT anu mangrupakeun bentuk kacintaan Allah ka nabi dina waktu anu kurang
leuwih ngan ukur saparapat wengi.
Coba urang bayangkeun sacara logika perjalanan Nabi muhammad SAW ti
masjidil haram anu aya di kota mekah ka masjidil aqsa anu aya di palestina anu
jarakna bareburebu kilo meter ditambah jeung perjalanan Miraj nyaeta
diangkatna nabi ti bumi anu tempatna di masjidil aqsa ka langit ka tujuh dugi ka
sidrotul muntaha anu ngan ukur di tempuh sababaraha jam. Lamun dipikir sacara
logika eta teh moal mungkin bisa kajadian. Tapi lamun dipandang sacara
kaimanan urang kudu percaya kana hal eta kusabab urang kudu mandang pake
cahaya kaimanan anu ti jero hate saupaya urang gancang narimana.
Kukituna aya opat cahaya utama anu aya dina kajadian isra miraj eta,
nyaeta :
1.
2.
3.
4.

Ayana Allah SWT dzan anu nyiptakeun cahaya.


Ayana malaikat anu diciptakeun tina cahaya
Ayana Nabi Muhammad anu rarai na lir ibarat cahaya
Ayana buraq anu taar na aya tulisan Nabi Muhammad nu
mangrupakeun simbol cahaya.
Anu paling penting nyaeta urang salaku umatna nyaeta

ngabenerkeun jeung ngimankeun kajadian Isra Miraj ieu sebagai


kanyataan anu geus jadi kapastian ti Allah SWT kanggo hambana.
Lamun Allah kehendak, moal aya sasaha anu bakal tiasa nolak.
Sakitu wae anu ku simkuring dugikeun, hapunteun bilih aya
kalepatan anu teu marenah kana manah.
Wabilahitaifiq wal hidayah, Wassalamualaikum WR.WB.

10

DOA PANUTUP


. .

.

. .


.

.




.




.










.


.



.
.

11



.

.




. .
.
.




.

PANUTUP

Mung sakitu anu tiasa simkuring sadayana dugikeun ngeunaan naskah


acara Isra Miraj ti pancen bahasa sunda. Tangtuna seueur kalemahan sareng
kakurangan ti laporan ieu.
Panyusun miharep pisan ka pembaca anu budiman supaya tiasa
ngadugikeun kritik sareng saranna anu ngabangunka simkuring sadayana supaya
kacipta kasampurnaan tugas panyusun miharep laporan ieu tiasa di tampi ku
saderek ibu pangajar
Purwakarta, 11 Februari 2015

Kelompok 2

Você também pode gostar