Você está na página 1de 11

Sajarah Sunda

SAJARAH SUNDA JEROEUN KABUDAYAAN SUNDA


Bhineka Tunggal Ika teh lambang nagara Republik Indonesia. Eta lambang hartosna "ruparupa tapi hiji ", ngandung hartos yen Indonesia diwangun ku rupa-rupa sukubangsa,
kabudayaan, katut nusa, tapi sakumna sapuk ngahiji jadi bangsa Indonesia pikeun ngudag hiji
cita-cita nasional nya eta masyarakat adil jeung ma'mur. Salasahiji anggota bangsa Indonesia
nya eta sukubangsa Sunda anu miboga kabudayaan jeung lemah cai sorangan, wujudna
mangrupa kabudayaan Sunda jeung Tanah Sunda atawa Tatar Sunda. Kecap Sunda anu
ngandung harti wewengkon atawa daerah mimiti kacatet dina prasasti (Prasasti Juru
Pangambat) taun 458 Saka (536 Masehi). Anu pasti pisan Sunda sabage nagara (karajaan)
kacatet dina prasasti Sanghiyang Tapak taun 952 Saka (1030 Masehi). Dina ieu prasasti
disebutkeun sababaraha kali yen Sri Jayabhupati ngaku sabage raja Sunda. Tanah Sunda
perenahna di beulah kulon hiji pulo anu ayeuna jenenganana Pulo Jawa. Ku kituna eta
wewengkon disebut oge Jawa Kulon. Ceuk urang Walanda mah West Java. Sacara formal
istilah West Java digunakeun ti mimiti taun 1925, nalika pamarentah kolonial ngadegkeun
pamarentah daerah anu statusna otonom sarta make ngaran Provincie West Java. Ti mimiti
zaman Republik Indonesia (1945) eta ngaran propinsi anu make basa Walanda teh diganti ku
basa Indonesia jadi Propinsi Jawa Barat.
Sangkan jaga henteu nimbulkeun salah paham atawa ngabingungkeun, pedaran ngeunaan
sajarah Sunda dibagi dua. Kahiji, medar harti sajarah jeung gambaran sajarah Sunda
nurutkeun kabudayaan Sunda. Kadua, medar sajarah Sunda dumasar hasil panalungtikan
elmu sajarah. Soalna, harti sajarah sacara tradisi dina hirup kumbuh urang Sunda mangsa
katukang geuning beda atawa aya bedana jeung harti sajarah dumasar elmu sajarah ayeuna.
Sacara tradisi harti sajarah ceuk urang Sunda teu bina ti legenda atawa mitologi, nyaritakeun
kahirupan manusa di ieu dunya, tapi bari dipacampurkeun hirup kumbuhna jeung kahirupan
mahluk gaib kayaning jin, arwah luluhur, sato kajajaden. Apan sajarah nurutkeun elmu
sajarah mah kudu nyaritakeun kahirupan manusa di ieu dunya anu sajalantrahna, bisa
dibuktikeun manusa-manusana kungsi hirup di ieu dunya tur kahirupanana enya-enya kungsi
kajadian. Atuh dina nyaritakeunana kudu kaharti ku akal (rasional), marele (sistematis), jeung
runut runtuyan waktuna (kronologis).
Dina ieu kasempetan pedaran sajarah Sunda diwatesanan ku sajarah Sunda periode Karajaan
Sunda jeung Karajaan Galuh anu ngawengku waktu kurang leuwih 9 abad ti mimiti ahir abad
ka-7 nepi ka ahir abad ka-16 Masehi.
I. SAJARAH SUNDA JEROEUN KABUDAYAAN SUNDA
Dumasar titinggal tinulis anu mangrupa prasasti jeung naskah, dina abad wewelasan urang
Sunda geus katembong gede kasadaran sajarahna. Sababaraha prasasti anu dikaluarkeun ku
raja Sunda disebutna sakakala. Eta istilah ngandung harti pangeling-ngeling; pangelingngeling ka mangsa katukang. Jadi, prasasti sakakala hartina prasasti anu dikaluarkeun atawa
eusina pikeun mieling hiji hal (kajadian, kaayaan) anu geus kalakonan. Beda jeung prasasti
piteket, nya eta prasasti anu dikaluarkeun pikeun mutuskeun hiji hal atawa anu eusina
kaputusan raja ngeunaan hiji hal. Eusi prasasti sakakala nyaritakeun kajadian atawa kaayaan
mangsa katukang, ari prasasti piteket ngembarkeun hal anu kajadian harita. Kukituna prasasti
sakakala leuwih eces nembongkeun kasadaran sajarahna tibatan prasasti piteket, sok sanajan
duanana oge ngandung ajen dokumen historis. Prasasti Batutulis anu aya di kota Bogor

ayeuna bisa dijadikeun conto prasasti sakakala. Ieu prasasti anu ditulis make basa Sunda
(kuna) dikaluarkeun ku Prabu Surawisesa (raja Sunda nu marentah taun 1521-1535) taun
1533 pikeun mieling ramana, Sri Baduga Maharaja (raja Sunda nu marentah taun 14821521), anu pupus 12 taun kalangkung (1521) bari sakalian ngayakeun upacara srada, nya eta
upacara pikeun nyampurnakeun arwah luluhur. Dina ieu prasasti dicaritakeun ngeunaan gelar
Sri Baduga Maharaja anu sababaraha kali gentos luyu sareng kalungguhanana, luluhur Sri
Baduga, jeung hasil garapanana. Unina awal eta prasasti kieu. "Wan na pun. Iti sakakala
Prebu Ratu purane pun. " (Mugi-mugi salamet. Ieu tanda mieling haturan Prebu Ratu
almarhum. ). Conto prasasti piteket nya eta prasasti Sanghiyang Tapak anu dikaluarkeun
ku Sri Jayabhupati, raja Sunda taun 1030-1042. Ieu prasasti ngabewarakeun kaputusan Sri
Jayabhupati ngeunaan wates daerah kabuyutan (daerah kaagamaan) Sanghiyang Tapak,
larangan ngaganggu eta daerah kabuyutan, larangan ngala lauk di walungan nu aya di eta
daerah, jeung ancaman hukuman ka sing saha anu ngalanggar larangan-larangan kasebut.
Luhurna kasadaran sajarah urang Sunda harita katembong oge tina amanat Rakeyan
Darmasiksa, raja Sunda taun 1175-1297, ka putra-putuna, jembarna ka sakumna urang Sunda
sapandeurieunana. Eta amanat kaunggel dina naskah Amanat Galunggung anu ditulis dina
daun lontar make aksara jeung basa Sunda (kuna). Unina kieu.
"Hana
nguni
hana
mangke,
tan
hana
nguni
tan
hana
mangke.
Aya ma beuheula aya nu ayeuna, hanteu ma beuheula hanteu nu ayeuna.
Hana
tunggak
hana
watang,
tan
hana
tunggak
tan
hana
watang.
Hana ma tunggulna aya tu catangna."
(Aya
bareto
aya
jaga,
lamun
teu
Aya baheula aya ayeuna, lamun teu
Aya
iteuk
aya
dahan,
lamun
teu
Lamun aya tunggul tangtu aya urut tangkalna.)

aya
bareto
aya baheula
aya
iteuk

moal
aya
jaga.
moal aya ayeuna.
moal
aya
dahan.

Hiji cecekelan hirup manusa anu sifatna historis, ngandung tilu dimensi sajarah: mangsa
katukang, mangsa ayeuna, jeung mangsa nu bakal datang. Yen dina ngalakonan hirup alam
ayeuna perlu nyoreang jeung ngaca ka alam tukang sarta seukeut deuleu jeung teteg hate dina
nyanghareupan alam nu bakal kasorang. Sabab, saur Ayatrohaedi oge, sajarah teh nya eta
tapak lacak nu kasorang, cecekelan urang leumpang, enggoning ngudag tujuan.
Atuh babaran sajarah anu luyu jeung eta kasadaran sajarah aya contona, seperti babaran
sajarah nu aya dina naskah Bujangga Manik (disusun memeh taun 1511) jeung naskah Carita
Parahiyangan (disusun teu lila ti saruntagna Karajaan Sunda). Bujangga Manik nyaritakeun
pangalaman pangarangna (Prabu Jaya Pakuan) nalika ngalalana ngurilingan Pulo Jawa jeung
Bali. Sacara ringkes Carita Parahiyangan nyaritakeun sajarah Karajaan Sunda jeung Karajaan
Galuh ti mimiti ngadeg nepi ka runtagna. Raja-raja Sunda jeung Galuh ditataan saurangsaurang bari disebutkeun lilana nyekel pamarentahan.
Hanjakal pisan kasadaran sajarah jeung cara nyusun sajarah kitu teh henteu lana, da sabadana
mah sajarah teh dihartikeunana meh sarua jeung legenda, malah sarua jeung mitologi. Atuh
carita-carita sajarahna oge disusun dumasar eta harti nepi ka eusina pacampur antara sajarah
jeung legenda atawa mitologi. Tegesna, sajarah meh taya bedana jeung dongeng. Gambaran
sajarah kitu teh babakuna lamun nyaritakeun zaman Karajaan Sunda, Karajaan Galuh, jeung
sumebarna Islam di Tanah Sunda. Katembong pisan saruntagna Karajaan Sunda jeung
Karajaan Galuh urang Sunda ngagungkeun eta dua karajaan. Zaman harita dianggapna, malah

dipercaya, sabage zaman ideal urang Sunda. Katelahna zaman harita teh zaman subur ma'mur
loh jinawi, rea ketan rea keton, tata tengtrem kerta raharja. Tapi ngagungkeunana ku carita
anu sifatna legendaris atawa mitologis boh dina wangunan tradisi lisan boh dina wangunan
tradisi tulisan. Tradisi lisan ngawujudna dina carita pantun, carita legenda hiji tempat,
kapercayaan sabubuhan masyarakat, saperti carita pantun Mundinglaya di Kusumah, Ciung
Wanara, Lutung Kasarung, legenda leuweung Sancang, kapercayaan kana maung kajajaden
anu asalna rayat Pajajaran. Tradisi tulisan ngawujud dina naskah, saperti Babad Pajajaran,
Carios Prabu Siliwangi, Wawacan Kean Santang, Sajarah Banten, Carita Dalem Pasehan.
Mundinglaya di Kusumah, putera raja Pajajaran, bisa ngapung nyaba ka langit padahal henteu
jangjangan sarta bisa ngelehkeun mahluk gaib raksasa (Jonggrang Kalapetung) ku kakuatan
gaib. Ciung Wanara keur mangsa orokna dipalidkeun ka walungan, terus nyangsang dina
badodon (alat paranti ngala lauk) Aki Balangantrang, tapi henteu kua-kieu, salamet.
Guruminda, putera (dewa) Sunan Ambu, ti kaindraan turun ka dunya bari nyamar jadi lutung
(Lutung Kasarung) sangkan patepung jeung putera mahkota, Purbasari. Ku kakuatan gaib
Guruminda bisa ngayakeun karaton nu singsarwa endah jeung ngabendung walungan masingmasing dina waktu ukur sapeuting. Kean Santang, putera raja Pajajaran Prabu Siliwangi, bisa
napak rancang dina beungeut cai laut nyebrang nepi ka tanah Arab. Di Arab Kean Santang
tepang sareng Bagenda Ali, oge Nabi Muhammad. Kean Santang lebet Islam, alatan eleh
jajaten teu mampuh nyabut iteuk Bagenda Ali anu ditanclebkeun kana taneuh. Sunan Burung
Baok, putera Prabu Siliwangi, bisa nerus bumi ti Pakuan (Bogor) ka Suci (Garut) bulak-balik.
Harti jeung gambaran sajarah kitu teh di kalangan tertentu masyarakat Sunda masih keneh
lumangsung nepi ka ayeuna. Nepi ka taun 1984 hiji tokoh Sunda di Bandung sok
ngadatangkeun roh Prabu Siliwangi anu ngajirim dina awak anak buahna. Sacara teu sadar
eta anak buahna nembangkeun kidung anu pikasediheun bari gerak-gerikna siga maung. Dina
hiji pajumuhan ilmiah sim kuring kungsi medar sababaraha urang raja Sunda anu hengker tur
goreng adat jeung laku-lampahna nepi ka ngabalukarkeun karajaan jadi nyirorot kakuatanana,
malah ahirna mah runtag samasakali (1579). Teu lila ti harita muncul komentar-komentar anu
sifatna emosional ti sababaraha tokoh Sunda. Aranjeunna nganaha-naha sarta henteu nampi
eta pedaran kalawan alesan anu teu jelas. Ringkesna mah, aranjeunna henteu suka raja Sunda
digogoreng kitu. Padahal pedaran sim kuring dumasar kana informasi tina naskah Carita
Parahiyangan anu disusun ku pangarang warga keneh Karajaan Sunda. Minangkana mah eta
pangarang manghanjakalkeun ka raja-raja Sunda anu talajakna kitu.
Harti jeung gambaran sajarah Sunda saperti dipedar di luhur teh mimiti muncul dina awal
abad ka-18 sanggeus kabudayaan Jawa asup ka jero kabudayaan Sunda. Asupna kabudayaan
Jawa ka Tanah Sunda di mimitian ku asupna kakawasaan Kasultanan Mataram ka Priangan
(1625) jeung ka Cirebon (1650). Saenyana dina ahir abad ka-17 nepi ka awal abad ka-18
masih aya keneh tulisan sajarah (historiografi) anu sifatna historis dihasilkeun di Tatar Sunda,
nya eta ti Cirebon jeung ti Banten anu geus ngajanggelek jadi karajaan Islam (kasultanan).
Bisa jadi eta tulisan sajarah teh, di sagigireun masih keneh aya pangaruh alam pikiran zaman
samemehna, oge dipangaruhan ku konsep sajarah nurutkeun paham Islam. Asupna
kabudayaan Islam ka Tatar Sunda dimimitian ku kagiatan buniaga jeung mukimna para
sodagar Islam di palabuan-palabuan Karajaan Sunda. Eta kaum muslimin ditangtayungan ku
Kasultanan Demak (1475-1546). Tapi sanggeus kakawasaan di Tanah Sunda aya dina
cangkingan pamarentah kolonial Walanda (ti wangkid 1800) harti jeung gambaran sajarah
anu miboga sifat legendaris/mitologis teh beuki ngandelan tur nerekab ka meh sakumna
masarakat Sunda. Sigana mah eta teh perlambang kaayaan sabenerna yen urang Sunda geus
teu boga kakawasaan deui di lemah caina, anu nyampak ngan kakawasaan nu aya di awang-

awang atawa dina lamunan. Pikeun ngabeberah hate nya digambarkeun yen urang Sunda bisa
hirup kumbuh pacampur jeung mahluk gaib, malah bisa ngelehkeun maranehanana.
Aya dua masalah anu sajalan tur pikatajieun upama dibahas dina raraga ieu pedaran. Kahiji,
masalah Pajajaran sabage jenengan karajaan. Kadua, masalah identitas Prabu Siliwangi. Dina
meh sakumna tradisi tulis jeung tradisi lisan anu disusun sabada asupna pangaruh kabudayaan
Jawa jeung kakawasaan Walanda, karajaan di Tanah Sunda samemeh asupna Islam make
jenengan Pajajaran. Eta tradisi miboga sifat jeung ajen sastra. Padahal dina sumber-sumber
sajarah mah (prasasti, naskah primer, beja ti mancanagara) di Tanah Sunda teu aya nagara anu
jenenganana Pajajaran. Istilah Pajajaran atawa lengkepna Pakuan Pajajaran dina eta sumber
sajarah dipake pikeun nyebut jenengan puseur dayeuh, lain ngaran nagara. Ari jenengan
nagarana mah nya eta Sunda, Karajaan Sunda.
Timbulna Pajajaran jadi jenengan nagara, bisa jadi ngaliwatan proses luyu jeung perjalanan
sajarahna. Ti taun 1579 Karajaan Sunda taya wujudna deui, sabab geus runtag. Nu masih aya
keneh wujudna iwal ti titinggalna (prasasti, arca, batu tahta, benteng, jalan, makam,
tatangkalan, tradisi lisan) nu dumuk di patilasan puseur dayeuh karajaan. Eta titinggal
kasaksian keneh ku urang Walanda nu datang ka eta tempat taun 1687, 1690, 1703, 1704,
jeung 1709. Sababaraha titinggal kasebut masih bisa disaksikeun keneh nepi ka kiwari. Bisa
kaharti lamun zaman harita jenengan puseur dayeuh Pakuan Pajajaran mindeng disebut-sebut.
Ahirna fungsi istilah Pakuan Pajajaran jadi robah. Anu tadina sacara gembleng sabage
jenengan puseur dayeuh, saterusna pecah jadi dua. Pakuan pikeun jenengan puseur dayeuh
sarta Pajajaran pikeun jenengan nagara. Memang istilah Pakuan Pajajaran asalna tina dua
kecap anu miboga harti sewang-sewangan. Pakuan asalna tina kecap paku (ngaran
sabangsaning tutuwuhan palm) atawa kecap akuwu (tempat padumukan raja), ditambah
ahiran an atawa awalan pa jeung ahiran an anu nuduhkeun harti katerangan tempat; tempat
anu loba tangkal pakuna atawa tempat padumukan raja. Pajajaran asalna tina kecap jajar,
ditambah awalan pa jeung ahiran an anu nuduhkeun kaayaan tempat; kaayaan (tangkal paku
atawa patempatan) nu ngajajar. Aya nu nafsirkeun Pakuan Pajajaran teh nuduhkeun loba
tangkal paku anu ngajajar di sabudereun karaton atawa sabudereun puseur dayeuh. Aya oge
tafsiran Pakuan Pajajaran teh nuduhkeun lima wangunan anu ngajajar di kompleks karaton.
Dina Carita Parahiyangan eta lima wangunan karaton disebut jenenganana Sri Bima Punta
Narayana Madura Suradipati.
Istilah Sunda sabage jenengan nagara kaluli-luli, lila-lila robah dipake jenengan wewengkon,
penduduk, katut kabudayaanana, nya eta Tanah Sunda (oge Selat Sunda, Sunda Besar, Sunda
Kecil, jeung Dataran Sunda), urang Sunda, jeung kabudayaan Sunda. Kituna mah memang
aya kabiasaan di kalangan masarakat yen jenengan puseur dayeuh, malah jenengan karaton,
sok dipake pikeun nyebut jenengan nagara, saperti Surosowan di Banten, Ngayogyakarta
jeung Surakarta di Tanah Jawa.
Teu aya deui raja Pajajaran anu pangkamashurna iwal ti Prabu Siliwangi. Tegesna, Prabu
Siliwangi teh raja Pajajaran anu taya tandingna. Waktu dimasalahkeun, naha Karajaan
Pajajaran ngan boga hiji-hijina raja anu kamashur? Sacara tradisi jawabna teh, kusabab
sadaya raja Pajajaran jenenganana Prabu Siliwangi. Kukituna aya Prabu Siliwangi kahiji,
kadua, katilu, jeung saterusna, saperti oge raja Majapahit di Tanah Jawa, aya Prabu Brawijaya
kahiji, kadua, katilu jeung saterusna. Samemeh jadi raja Pajajaran, Prabu Siliwangi ngalaman
heula hirup prihatin kulantaran dipikangewa ku dulur terena. Memang anjeunna putra raja
Pajajaran, nuju alit kakasihna Sang Pamanahrasa. Kasieunan mahkota karajaan ragrag ka
Sang Pamanahrasa, anu memang hakna, dulur terena kungsi rek nandasa, tapi sacara gaib teu

mempan. Saterusna Sang Pamanahrasa dibalur kulitna nepi ka rupana jadi hideung sarta
dijual ka sudagar, tapi dijual deui ka raja daerah Sindangkasih nu perenahna di wewengkon
Cirebon ayeuna. Kusabab laku lampahna hade tur loba kabisa, Sang Pamanahrasa dipulung
minantu ku raja Sindangkasih, malah teu mangkuk lami diangkat jadi raja Sindangkasih
ngagentos mertuana. Sanggeus identitasna kabuka sarta ku kamotekaran jeung
kasantikaanana, ahirna Sang Pamanahrasa dijungjung lungguh raja Pajajaran. Ti harita
jenenganana digentos jadi Prabu Siliwangi. Anjeunna kongas raja wijaksana, nyaah ka rayat,
gede wawanen, loba akal tarekah, sareng sifatna adil palamarta. Cindekna, pribadi Prabu
Siliwangi mangrupa tokoh manusa, pamingpin, sareng raja nu ideal. Eta anggapan, malah
kapercayaan, hirup keneh di kalangan urang Sunda nepi ka kiwari.
Kiwari jenengan Karajaan Pajajaran jeung Prabu Siliwangi dipake pikeun ngajenenganan
rupa-rupa hal, saperti lembaga pendidikan, jalan, majalah, organisasi. Basana teh ngalap
berkah tina nanjungna Karajaan Pajajaran jeung seungitna Prabu Siliwangi sarta itung-itung
ngalanggengkeun sajarah luluhur. Pajajaran diantarana dipake jenengan hiji universitas utama
di Tanah Sunda, organisasi kasenian, jalan, majalah, teks lagu, jeung sajaba ti eta. Kitu deui
siliwangi dipake jenengan kasatuan militer di Tanah Sunda, universitas, organisasi pamuda,
bioskop, jalan, majalah/suratkabar, jeung sajaba ti eta.
Taun 1966 Moh. Amir Sutaarga ngumumkeun hasil panalungtikanana ngeunaan identitas
Prabu Siliwangi ditilik tina jihad sajarah. Dumasar perbandingan rupa-rupa sumber boh anu
miboga ajen sastra boh anu mibona ajen sajarah boh ajen sejenna anjeunna nyindekkeun yen
Prabu Siliwangi sabage tokoh sastra identik sareng Sri Baduga Maharaja sabage tokoh
sajarah. Eta tokoh teh luhung elmuna, loba hasil garapanana, gede wewesenna, sarta
dipikaserab kapamingpinanana. Tapi nurutkeun Ayatrohaedi, tokoh sastra Prabu Siliwangi teh
identik sareng tokoh sajarah Prabu Niskala Wastukancana, akina Sri Baduga Maharaja. Prabu
Niskala Wastukancana (1371-1475) kongas wijaksana, nanjeurkeun hukum, hirup sederhana
religius (satmata), sarta ngutamakeun kapentingan rayat. Pamiangan eta kacindekan dumasar
kana katerangan naskah Sanghiyang Siksakandang Karesian yen taun 1518 jenengan
Siliwangi geus jadi ngaran lalakon carita pantun. Kukituna mustahil raja anu nyangking
kalungguhan keneh jenenganana parantos dianggo ngaran carita pantun anu sifatna sastra.
Tapi deuih Ayatrohaedi henteu nolak kacindekan Moh. Amir Sutaarga. Saurna, bisa jadi
duanana disinugrahan gelar Prabu Siliwangi ku rayatna, lantaran duanana raja agung tur
populer. Saurna deui, jenengan Prabu Siliwangi asalna tina Prabu Wangi, gelar almarhum
Prabu Maharaja, ramana Prabu Niskala Wastukancana, anu kawangikeun alatan gugur di
Bubat (1357) nuju ngabela kahormatan nagara katut lemah caina.
Ahir Karajaan Sunda digambarkeun oge di jero kabudayaan Sunda. Gambaranana henteu
negatif, lain aib, tapi sabage parobahan anu sifatna alamiah. Prabu Siliwangi keukeuh
mageuhan agemanana (zaman heubeul), tapi henteu nyarek putrana (Walangsungsang,
Rarasantang, Kean Santang) lebet Islam (zaman anyar). Prabu Siliwangi nutup lalakonna ku
cara ngahiyang ka alam kalanggengan, putrana nguniang hudang nyieun sajarah anyar.
Kukituna, kaayaan urang Sunda katut lemahcaina dina mangsa Karajaan Pajajaran, nurutkeun
kabudayaan Sunda mah mangrupa kaayaan ideal, mangsa Sunda jaya. Prabu Siliwangi
digambarkeun sabage pahlawan kabudayaan Sunda. Timbulna gambaran kitu teh, jigana,
kulantaran sabadana mangsa Karajaan Pajajaran, urang Sunda katut lemahcaina terus-terusan
pinanggih jeung kaprihatinan, salilana aya dina kakawasaan deungeun (jati kasilih ku junti),
tapi bari terus ngarep-ngarep tandangna deui Prabu Siliwangi kiwari sarta ngalaman deui
zaman Pajajaran anyar. Dina sabagian teks lagu mah digambarkeun yen Prabu Siliwangi

ngungun ningali ti alam kahiyangan kaayaan Tatar Sunda katut rayatna paburantak tur lara
balangsak.
"Hasil meleng hasil ngimpleng, anjogna semet ngahuleng, Tatar Sunda paburantak,
paburantak,
rahayatna
lara
balangsak.
Beak taun beak windu, ngabandungan nyerangkeun ti kaanggangan, lampahna pra seuweusiwi, Pajajaran."
II. KARAJAAN SUNDA JEUNG KARAJAAN GALUH
1. Ngadegna Karajaan Kembar
Katompernakeun abad ka-7 Karajaan Tarumanaga anu ngadeg di Tatar Sunda ti mimiti awal
abad ka-5 Masehi tinemu suda kakawasaan katut kakuatanana. Bisa jadi eta teh
dilantarankeun ku eleh saingan di laut jeung Karajaan Sriwijaya ti wewengkon Sumatera
Kidul. Tarumanagara anu puseur dayeuhna di basisir kaler (Sundapura?) di antara JakartaBekasi kasieuhkeun pangupahjiwana jeung kaamananana ku mekarna Sriwijaya jadi nagara
maritim di wewengkon Indonesia beulah kulon. Tapi pairing-iring jeung caremna
Tarumanagara, di wewengkon pagunungan mitembeyan ngadeg dua karajaan anyar anu
dingaranan Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh. Karajaan Sunda diadegkeun ku raja
Tarusbawa, ari nu ngadegkeun Karajaan Galuh nya eta Wretikandayun. Duanana oge masih
keneh sarerehan, tunggal teureuh Tarumanagara. Puseur dayeuh Karajaan Sunda nya eta
Pakuan (kota Bogor ayeuna), perenahna di sisi walungan Ciliwung anu ngamuara di kota
palabuan Kalapa (kota Jakarta ayeuna). Ari puseur dayeuh Karajaan Galuh kungsi aya dua
tempat. Mimiti puseur dayeuhna di Bojong Galuh (wetaneun kota Ciamis kiwari), perenahna
di antara tinemuna walungan Citanduy jeung walungan Cimuntur anu brasna ka Laut Kidul
(Lautan Hindia ayeuna). Laju pindah ka Kawali (kalereun kota Ciamis) anu perenahna di
tutugan Gunung Sawal. Wates alam wewengkon eta dua karajaan mangrupa walungan
Citarum. Beulah kuloneun walungan Citarum mangrupa wewengkon Karajaan Sunda,
kawetankeun wewengkon Karajaan Galuh. Wates alam wewengkon Karajaan Sunda beulah
kaler, kulon, jeung kidul mangrupa laut, nya eta Laut Kaler (Laut Jawa ayeuna), Selat Sunda,
jeung Laut Kidul. Ari wates beh kaler, wetan, jeung kidul Karajaan Galuh nya eta Laut Kaler,
walungan Cipamali, jeung Laut Kidul. Beh wetan Karajaan Galuh tepung wates jeung
Karajaan Majapahit anu puseur dayeuhna Trowulan (deukeut kota Mojokerto ayeuna),
perenahna di sisi kali Brantas anu ngamuara di kota palabuan Surabaya ayeuna. Majapahit
minangka karajaan urang Jawa (sukubangsa Jawa ayeuna).
Ieu dua karajaan disebut kembar, lantaran duanana lahir dina waktu anu meh bareng (akhir
abad ka-7 Masehi) tur perenahna parerendeng. Di sagigireun eta, tali mimitran diantara
duanana raket pisan boh dina kakulawargaan boh dina kanagaraan. Malah mindeng kajadian
kakawasaan raja di hiji karajaan ngurung kakawasaan di karajaan nu hiji deui, boh kulantaran
boga hak tina alatan pernikahan boh kulantaran boga hak tina alatan turunan (sagetih), saperti
nalika pamarentahan raja Sanjaya (623-632), Rakeyan Darmasiksa (1175-1297), Perbu
Niskala Wastukancana (1371-1475), Sri Baduga Maharaja (1482-1521). Sok sanajan kitu,
sawaktu-waktu mah kajadian oge pagetreng diantara eta dua karajaan, kulantaran parebut
kadudukan jeung beda pamadegan di antara para pamingpinna, tapi henteu ari nepi ka
ngabalukarkeun bengkah duduluran katut peperangan rongkah mah. Keur urang luar Sunda
mah ieu dua karajaan katelahna Karajaan Sunda bae.

2. Kahirupan Ekonomi
Pindahna puseur dayeuh karajaan ti basisir (Tarumanagara) ka pagunungan mawa dampak ka
nagara katut rakyat Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda leuwih ngutamakeun kahirupan
tatanen tibatan kagiatan buniaga. Harita tatanen urang Sunda anu ngabaku nya eta ngahuma,
melak pare di huma, di lahan anu tuhur, lain di lahan baseuh (sawah). Tanah di Tatar Sunda
memang lendo, bubuhan leuweung geledegan keneh, lapisan taneuh bagian luhur loba nu
asalna tina lebu gunung api anu bitu, tingparentul gunung anu mindeng ngadatangkeun hujan
nepi ka cai curcor, walungan ting raringkel di ditu di dieu. Kukituna teu wudu mucekil hasil
tina tatanen teh. Lian ti nyukupan pikeun dahar sapopoe, paleuleuwih beasna dijual ka
mancanagara. Hasil melak pedes oge, lolobana mah iangkeuneun ka mancanagara. Mangsa
harita pedes, cengkeh, jeung pala anu disebut rempah-rempah jadi barang dagangan
internasional anu dijual sacara tatalepa nepi ka Eropa.
Sasela-selaning ngahuma, loba patani anu sok moro sato ngarah daging, kulit, tanduk, jeung
culana. Sato-sato anu sok diboro kayaning uncal, peucang, banteng, badak, jeung rea-rea
deui. Di sagigireun eta, para patani migawe oge nyadap tangkal kawung pikeun diala
lahangna. Lahang teh mangrupa cai anu kaluar tina langgari kawung, rasana amis matak
seger kana badan. Tapi babakuna lahang jadi bahan pikeun nyieun gula, disebutna gula
kawung. Hasil tina nyadap oge mokaha, bisa ngajual gula kawung ka para padagang boh
padagang pribumi boh padagang ti mancanagara.
Ti jaman Tarumanagara basisir kaler jadi jalan dagang laut internasional anu nyambungkeun
tata buniaga ti wewengkon Indonesia ka Asia Kidul, Asia Kulon, katut Asia Wetan. Barang
dagangan anu laris mangsa harita nya eta emas, rempah-rempah, kaen, beas. Lila-lila mah di
wewengkon ieu dua karajaan ngadeg sababaraha kota palabuan. Nurutkeun catetan Tome
Pires, urang Portugis anu ngideran jaladri Indonesia taun 1513, aya 6 kota palabuan
sapanjang basisir kaler wewengkon Karajaan Sunda, ngajajar ti kulon ka wetan nya eta
Banten, Pontang, Cikande, Kalapa, Karawang, jeung Cimanuk. Kota palabuan Cirebon jeung
Japura, ceuk Tome Pires, geus misah ti Karajaan Sunda.
Di jero karajaan aya sabaraha jalan anu nyambungkeun hiji daerah jeung daerah sejen, hiji
kota jeung kota sejen. Diantarana jalan gede anu nyambungkeun puseur dayeuh Pakuan jeung
puseur dayeuh Galuh ngaliwatan jalan kaler jeung jalan kidul. Kitu deui jeung daerah Banten
di beh kulon disambungkeun ka Pakuan ku dua jalan ngaliwatan jalan kaler jeung jalan kidul.
Jalan kaler mapay padataran anu sajajar jeung basisir kaler, jalan kidul mah mileuweungan
mapay wewengkon pagunungan. Mangsa harita walungan dijadikeun jalan oge anu
ngahubungkeun daerah basisir jeung daerah pagunungan make kapal atawa parahu. Walungan
anu kakoncara loba balawiri parahuna nya eta Cibanten, Cisadane, Ciliwung, Citarum, jeung
Cimanuk. Walungan Ciliwung ngahubungkeun puseur dayeuh Pakuan, katelah oge Pakuan
Pajajaran, jeung kota palabuan Kalapa. Ti ieu kota palabuan merlukeun waktu dua poe
perjalanan make kapal pikeun ngajugjug ka Pakuan. Kalapa minangkana mah kota palabuan
panggedena jeung pangramena di Karajaan Sunda mah. Kapala kota palabuanana oge gede
wibawa jeung pangaruhna.
Penduduk puseur dayeuh Pakuan Pajajaran kurang leuwih 50.000 jiwa jumlahna. Dina
tanggal 21 Agustus 1522 di dieu kungsi ditanda hiji perjangjian gawe bareng dina widang
ekonomi jeung pertahanan antara gegeden Karajaan Sunda jeung gegeden urang Portugis anu
puseur kagiatanana di Malaka.

3. Pamarentahan
Karajaan diparentah ku raja. Jaman harita kadudukan raja dumasar kana konsep kultus
dewaraja, nyaeta pandangan yen raja teh sabage wakil dewa di bumi. Kukituna raja kacida
dihormatna, malah tampolana disembah ku rayatna siga ka dewa. Raja nyekel kakawasaan
mutlak tur miboga hak turun-tumurun ngalinggihan tahta karajaanana. Lilana raja marentah
henteu diwatesanan, umumna mah dugi ka pupusna atanapi dugi ka ngaraos sepuh sareng
hoyong ngahenang-ngahening museurkeun lelembutanana kana kahirupan jaga sabada
ninggalkeun dunya.
Aya aturan anu nangtukeun saha pigentoseun raja anu pupus atanapi anu ngecagkeun
kalungguhan. Eta aturan nangtukeun daftar prioritas hak waris dumasar kana tingkat
padeukeutna hubungan getih raja jeung anu bakal ngagantina. Anu pangluhurna nya eta putra
raja pameget ti prameswari anu cikalna. Upama cikalna putra istri nya turun ka putra pameget
adina anu kahiji, kadua, jeung saterusna. Upama teu aya putra pameget ti prameswari, turun
ka putra pameget ti selir. Upama teu aya putra pameget bisa oge turun hak waris ka putra
istri. Raja anu teu kagungan putra, ragrag hak warisna ka saderek sagetih. Kungsi kajadian
hak waris karajaan ragrag ka minantu (lalaki).
Pamarentahan Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh disusun ku wangunan federasi. Ku
kituna aya raja pamarentah puseur anu nyekel kakawasaan sakumna karajaan tur linggihna di
puseur dayeuh nagara, gelarna maharaja. Aya oge raja-raja di daerah anu nyekel kakawasaan
di daerah-daerah. Umumna raja di daerah masih keneh katalian dulur (getih, pernikahan)
jeung raja di puseur, malah aya raja daerah anu naek pangkat jadi raja puseur, waktu jabatan
raja di puseur kosong. Rakeyan Darmasiksa, upamana, memeh mangku kaprabon di Pakuan,
kungsi jadi raja daerah heula di Saunggalah.
Di sabudereun raja aya pajabat-pajabat anu mangku pancen masing-masing, kayaning patih
(anu ngajalankeun pamarentahan sapopoe), mangkubumi (anu ngatur urusan tanah), lengser
(pangbantu pribadi raja), nu nangganan (pajabat nu nguruskeun masalah jeung daerah), wado
(pajabat puseur nu aya di daerah), hulujurit (panglima perang), jurubasa darmamurcaya
(penterjemah rupa-rupa basa). Kitu deui di daerah aya sababaraha pajabat daerah anu
ngabantu raja daerah, kayaning pangurang dasa calagara anu pancenna nagihan pajeg. Raja
daerah boga hak pikeun mungut pajeg ka rayat. Sabagian tina eta pajeg digunakeun pikeun
ngajalankeun pamarentahan di daerah (pangwereg), sabagian deui disetorkeun ka pamarentah
puseur (pamwatan). Sabalikna, raja daerah boga kawajiban datang ka puseur dayeuh sabage
tanda satia ka raja puseur bari sakalian masrahkeun pajeg jeung upeti anu mangrupa hasil
bumi ti eta daerah.
Pamarentahan diatur ku rupa-rupa papagon anu disusun nungtut unggal generasi.
Undang-undang (papagon) pamarentahan munggaran nya eta Sanghiang Watangageung anu
disusun ku Rahiyangta ri Medangjati kira-kira dina abad ka-7. Saterusna eta papagon
dilengkepan saban waktu upama katimbang perlu, nepi ka ahirna aya undang-undang pikeun
ngatur kagiatan kaagamaan (dewasasana), pamarentahan (rajasasana), jeung kahirupan rayat
sakumna (manusasasana). Eta aturan dumasar kana dua sumber hukum, nya eta ajaran agama
(Hindu, Buddha, Jatisunda) jeung ajaran luluhur (patikrama, purbastiti, purbajati). Karajaan
Sunda ngutamakeun pisan aturan (hukum) dina ngolah nagarana nepi ka digambarkeun waktu
hukum dicekel pageuh, nagara tinemu aman santosa, kerta raharja; tapi waktu hukum
disapirakeun, nagara nyorang awut-awutan, malah ahirna mah (1579) runtag samasakali.

4. Kaagamaan
Kahirupan jaman harita raket pisan pakaitna jeung kapercayaan tur kagiatan kaagamaan.
Agama anu dianut nyoko kana ajaran agama Hindu jeung agama Buddha anu asalna ti India.
Eta dua agama asup ka Tatar Sunda ti jaman Karajaan Tarumanagara keneh. Bukti-bukti anu
kapanggih ngeunaan eta hal, saperti candi Cangkuang di Garut, candi Batujaya di Karawang,
patung Buddha di Talaga (Majalengka), arca Syiwa di Kendan (Bandung). Sok sanajan kitu,
dibandingkeun jeung pangaruh agama Hindu/Buddha anu tumerap di Tanah Jawa (Mataram,
Kediri, Singasari, Majapahit), pangaruh eta dua agama di Tatar Sunda kaasup leutik pisan.
Titinggal mangrupa patilasan punden berundak, kabuyutan, arca tipe Polynesia, jeung naskah
nembongkeun yen sabagian gede masyarakat Sunda jeung Galuh ngagem agama Jatisunda,
nya eta agama hasil sinkretisme kapercayaan ka arwah luluhur, ajaran Hindu, jeung ajaran
Buddha. Dina ieu hal urang Sunda alam harita geus ngabogaan konsep sorangan ngeunaan
kaagamaan anu ngurung tilu hal, nya eta (1) kapangeranan, (2) kahirupan sanggeus nyawa
ninggalkeun raga, jeung (3) cara-cara pikeun nyalametkeun diri boh keur salila kumelendang
di ieu dunya boh keur hirup jaga di aherat.
Tilu dewa (Trimurti) anu dianggap pangeran pangluhurna ceuk agama Hindu (Brahma,
Wisnu, Syiwa), nurutkeun ajaran Jatisunda, perenahna sahandapeun sanghiyang. Jadi,
sanghiyang minangka unsur kakawasaan anu pangluhurna. Sanghiyang nyiptakeun alam
sagemblengna. Sanghiyang ngatur sakumna mahluk. Sacara mutlak Sanghiyang nyekel
kakawasaan di jagat raya. Tempat dumuk Sanghiyang di Kahiyangan anu pernahna di luar
alam dunya ieu. Kahiyangan teh alam anu suci, sepi, tur langgeng taya gangguan kahirupan
dunya.
Asup ka alam Kahiyangan katut hirup ngahiji sareng Hiyang sabada nyawa ninggalkeun raga
mangrupa panyileukan manusa, sabab nya di dinya nyampak kabagjaan abadi. Eta
panyileukan bisa kahontal, upama manusa salila hirupna di alam dunya ngagungkeun tur
nyembah Hiyang sarta loba nyieun kahadean ka sasama manusa, laku lampahna hade luyu
jeung pancen hirupna.
Kasalametan jeung kabagjaan hirup di alam pawenangan (dunya) jeung di alam
kalanggengan (aherat) gumantung kana ajen tapa hiji jalma anu dilakonan salila hirupna di
alam dunya. Tapa teh nya eta garapan gawe nurutkeun kaahlian jeung pagawean masingmasing. Lamun tapana hade tur daria, kahirupan di dunya jeung di aheratna oge pinanggih
kasalametan jeung kabagjaan. Tapi sabalikna, lamun tapana goreng, kahirupanana oge bakal
tinemu jeung kacilakaan katut katunggaraan boh di dunya boh di aherat.
5. Basa, Aksara, jeung Sastra
Yakin pisan yen masyarakat Sunda zaman Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh geus
ngabogaan basa jeung aksara. Eta hal teh dumasar bukti-bukti mangrupa titinggal tinulis
(prasasti, naskah, jeung catetan urang mancanagara). Salian ti eta, zaman harita urang
Sundana sorangan ngaku yen geus ngabogaan basa jeung aksara sorangan. Kiwari basa jeung
aksara anu dipake zaman harita disebutna basa Sunda Kuna jeung aksara Sunda Kuna. Eta
sesebutan pikeun ngabedakeun jeung basa Sunda ayeuna anu katelah basa Sunda Modern.
Adeg-pangadeg aksara Sunda Kuna jeung kabeungharan kecap basa Sunda Kuna
dipangaruhan ku basa Sansekerta jeung aksara Palawa anu asalna ti India.

Hanjakal pisan basa jeung aksara Sunda Kuna henteu lana hirupna, kulantaran menak-menak
Sunda kabongroy ku basa jeung aksara anyar ti piluaran ti mimiti ahir abad ka-17. Atuh ieu
basa jeung aksara teh pegat di tengah jalan, henteu nyambung ka zaman satuluyna. Balukarna
loba nu nyangka, kaasup urang Sundana sorangan, yen urang Sunda teu bogaeun aksara
sorangan jeung basana henteu bisa dipake masamoan dina kahirupan sastra, kanagaraan,
jeung elmu pangaweruh. Kitu deui, lamun urang Sunda kiwari maca teks Sunda Kuna,
aksarana teu kabaca sarta basana teu kaharti. Kumaha wujud basa Sunda Kuna teh? Ieu
contona sakadar ubar kapanasaranan. "Nya mana sang rama enak mangan, sang resi enak
ngaresisasana, ngawakan na purbatisti, purbajati. Sang disri enak masini ngawakan na
manusasasana, ngaduman alas pari-alas." Tarjamahna: "Mana sang rama tengtrem
nguruskeun bahan pangan. Sang resi tengtrem ngajalankeun palaturan karesianana,
ngamalkeun tali-paranti karuhun, adat baheula. Sang disri tengtrem ngaracik rupa-rupa ubar.
(Raja) ngalaksanakeun aturan kahirupan manusa, ngabagi-bagi leuweung jeung tanah di
sabudereunana."
Aksara Sunda Kuna dijieun sanggeus urang Sunda wanoh kana aksara Palawa pikeun
nuliskeun basa Sanskerta. Kumaha cara nuliskeun basa Sunda? Kalawan cecekelan aksara
Palawa, nya dijieun aksara Sunda (Kuna) pikeun ngawujudkeun basa Sunda (Kuna) sacara
tinulis. Ti harita gubrag ka dunya aksara Sunda (Kuna). Abjadna dumasar kana engang dina
kecap anu jumlahna 18 sarta unina: ka ga nga, ca ja nya, ta da na, pa ba ma, ya ra la, dan wa
sa ha. Aya oge aksara lambang vokal mandiri, angka, jeung tanda pikeun lambang sora vokal
sejen katut tambahan tanda lianna.
Puisi zaman harita diwangun ku susunan jajar demi jajar anu unggal jajar kauger ku 8
engang. Eta wangunan puisi teh disebutna carita pantun. Pantun mangrupa seni pertunjukan
asli urang Sunda. Juru pantun nembangkeun carita pantun bari dipirig ku kacapi. Ku kituna
carita pantun miang tina tradisi lisan. Conto puisi jenis pantun kaunggel di handap ieu.
Ambuing
karah
Pawekas
Panungtung
ambu
kita
ibu sareng diri abdi

sumangerIbu
pajeueung
patembong

Sapoe
Sapoe
poe
pajeueung
beungeut
patepung
lawung
Mo
nyorang
(Jaga mah) moal ngalaman pataros deui
moma
iwal
pajeueung
patepung
patempuh
pasalisir awak di angin
6. Runtagna Karajaan

wilujeng
deung

ayeuna

tina
dina
beungeut
lawung
awak

kantun
beungeut
raray
awaking

pacarek

dini
pisan
aing
abdi
deui

di
di
di

pangimpian
pangimpian
bulan
bulan
angin

ieu
deung
sareng

sim

Iwal ti nyatet kota-kota palabuan di Karajaan Sunda jeung kagiatanana, Tome Pires nyatet
oge kaayaan Karajaan Sunda anu pakait jeung sabab runtagna ieu karajaan. Dicaritakeun yen
harita raja Sunda nyieun kawijakan pikeun ngawatesanan jumlah padagang muslim buniaga
di wewengkon Karajaan Sunda, sabab ngarasa hariwang ku mekarna buniaga jeung jumlah
kaum muslimin. Memang harita geus loba padagang muslim bubuara di kota palabuan
Cimanuk, malah kota palabuan Cirebon jeung Japura mah geus misahkeun diri ti lingkungan
Karajaan Sunda. Kabejakeun oge di kota palabuan Banten jeung Karawang geus aya para
padagang jeung kaum muslimin sejenna anu mukim. Atuh rayat Sunda mimiti nungtutan
pindah agama jadi ngagem agama Islam. Keur pamarentah puseur mah eta hal teh jadi
ancaman anu sawaktu-waktu ngbarubahkeun. Memang teu mangkuk lila ti harita timbul
daerah-daerah anu baruntak, untung Prabu Surawisesa (1521-1535) masih keneh kuat
mingpin pasukan pikeun ngungkulanana.
Sapupusna Prabu Surawisesa, raja-raja Sunda (4 raja) teuing ku hengker tur sikep paripolahna
henteu hade, leuwih loba ngutamakeun kasenangan dirina tibatan ngurus nagara jeung rayat.
Di ditu di dieu timbul deui nu baruntak, teu bisa diungkulan. Banten misahkeun diri. Ahirna
Karajaan Sunda teu mangga pulia nyanghareupan kakuatan gabungan Cirebon, Banten, jeung
Demak anu ngarurug puseur dayeuh Pakuan Pajajaran taun 1579.
di cutat tina seratan
Edi
S. Ekadjati
Gurubesar Tamu Research Institute for Languages and Cultures of Asia and Africa Tokyo
University of Foreign Studies

Você também pode gostar