Você está na página 1de 2

DURMA

Moal ngejat sanajan ukur satapak (tapak)


Geus dipasti ku jangji (geus dipati ku jangji)
Mun tacan laksana (mun tacan laksana)
Numpes musuh sarakah
Hamo niat sejak balik
Najan palastra (mati)
Mati di medan jurit (jurit)

Bela nagri (bela nagri) tandana nyawa (nyawa)


Sumpah janji (sumpah janji rek bela pati) bela pati
Hamo mundur cadu rek mulang (cadu rek mulang)
(Numpes) numpes (musuh) musuh nusarakah
Rek bajoang medan laga
(najan) najan (raga) raga ngababatak (ngababatak)
Eukeur mela darajat bangsa (eukeur mela darajat bangsa)

MASKUMAMBANG

He manusa mana kaniaya teuing


Teu aya ras rasan
Kaula make disumpit
Naha naon dosa kaula
(taya pisan ras rasan 2x)

Naha jalma osok nyiksa


Sok nyiksa mahluk gusti
Kalebet sato hewan
Tara nyaliksik ka diri

Naha jalma osok nyiksa mahluk gusti (gusti)


Kalebet ka hewan (kalebet sato rejeng hewan nyaliksik diri)
Tara nyaliksik ka diri
Nyasar rasa ngejah badan
(nyasar rasa ngejah badan)

Kabeh mahluk ciptaan nu maha suci (suci)


Kelebet sasatoan (kalebet hewan sasatoan rasa kanyeri)
Pangpangna rasa kanyeri
Hayu urang ngaji rasa

Você também pode gostar