Você está na página 1de 4

Abong ltah teu tulangan Sagala dicaritakeun sanajan pikanyeurieun batur Adam lali lapel Poho ka baraya jeung

poho ka lemah cai Adat ka kurung ku iga Adat th hs digantina. /Lampah gorng hs leungitna. Adan ku kuda beureum Beunghar ku barang tititpan atawa ginding ku pakan batur. /Ginding ku pakan meunang nginjeum. Adigung-adiguna Ged hulu, boga rasa leuwih ti batur. Kaciri dina laku-lampahna jeung omonganna. Takabur, sombong Agul ku payung butut Agul ku turunan Ajak Jawa Ngajak anu heunteu saenyana, heunteu terus jeung hat, ngan ukur papas ba, supaya ngeunaheun batur. Akal koja Pinter dina kagorngan atawa kajahatan Aki-aki tujuh mulud Lalaki nu geus kolot pisan Aku panggung Darhdh jeung mr mawh, ngan hanjakal ku ieu aing, asa pangpunjulna, pangbeungharna jst. Aku-aku angga Ngaku ngaran batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda. Ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng kalawan aya pangarahan, mamrih kahormatan atawa kauntungna Alak paul Tempat anu lain di kieuna, ngenaan jauhna jeung pisusaheunna. /Jauh pisan. Alak-alak cumampaka Resep jeung hayang dipuji ku batur, boga rasa pangpunjulna. Atawa anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulia dst. Alus panggung(alus alur) = alus laur, had om Tegep dedeg pangadegna Ambek nyedek, tanaga midek Ari napsu pohara gedna, ngan hanjakal teu kaanteur ku tanaga, malum geus ropoh/ Napsu

ged tapi tanaga euweuh. Ambekna sakulit bawang Gampang pisan ambek Amis budi Had paroman Amis daging Babari katerap panyakit Anak emas Budak atawa kolot nu kacida dipikanyaahna. Teu kudu ku indung bapana ba, bisa og ku dununganna. Anak merak kukuncungan Turunan anu had laku lampahna, luhur budina, galibna sok had deui laku lampahna, luhur deui budina, cara luluhurna ba. Anak merak kukuncungan Sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadan, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna. Anak puputon Anak nu kacida di dama-damana, nu pohara di pikanyaahnya Anjing ngagogogan kalong Mikahayang nu lain-lain, anu pamohalan pilaksanaeun. /Mikahayang no moal bakal kasorang Ari diarah supana, kudu dipiara catangna Naon ba anu mere hasil ka urang kudu diurus bener-bener. /Mikahayang nu lain-lain. Anu borok dirorojok nu titeuleum disimbeuhan Mupuas ka nu keur cilaka Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed Ari umur geus luhur, tapi hate ngongoraeun knh. /Ari umur geus kolot tapi ari kahayang siga budak ngora. Asa dijual payu Ngungun dumh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung ti bapa. /Nunggelis euweuh batur, ditinggalkeun. Asa ditonjok congcot Meunang kabungah anu ged, anu saenyana teu diarep-arep. /Ngarasa bungah pisan. Asa ditumbu umur Boga rasa kahutang budi nu pohara gedna, sabab kacida tumarimana ditulungan keur waku nandangan lara atawa meunang karerepet anu ged.

Asa nanggeuy endog beubeureumna Kacida nyaahna Asa nyanghulu ka jarian Ngawula ka nu sahandapeun umur, pangarti atawa pangalamanana. Asa potong leungeun katuhu Leungiteun jalma anu pohara had gawena Asa teu beungeutan Awahing ku ra. Asa tungkeb bumi alam Rarasaan jelema anu pohara bingungna, nuju pok mongklng pipikiranna Asa rawing daun ceuli Teu ngeunah hate ku lantaran remen pisan ngadng omongan batur anu matak teu ngeunah. Asak warah Cukup atikan (didikan). Cirina, henteu dusun; basa jeung paripolahna merenah euweuh nu salah. Atah anjang Langka silih anjangan Atah warah Kurang atikan (didikan). Cirina, dusun; basa jeung paripolahna loba nu salah. Ati mungkir, beungeut nyanghareup Palsu, siga sono, tapi henteu. Siga nyaan, tapi henteu jeung saterusna. Ati putih, badan bodas Beresih hat, teu aya geuneuk-maleukmeuk Awak sabeulah Teu rimbitan, mun ninggang di aww teu boga salaki, mun ninggang di lalaki teu boga pamajikan Awak sampayaneun Mak pakan nu kumaha og, katnjo pantes atawa lucu bae. Awak satilas Jangkung lenjang Aww dulang tinand Aww nurutkeun kumaha salaki Aya astana sajengkal anu mustahil og bisa kajadian. Upamana, budak leutik knh geus maot, sabab sasarina mah nu geus kolot pisan anu maot th jst.

Aya bagja teu daulat Ark meunang bagja atawa kauntungan, tapi teu tulus Aya di sihung maung Kulantaran loba kawawuh gegedan, dina aya karerepet atawa kaperluan anu penting th, gampang naker meunangna pitulung. Aya jalan komo meuntas Aya kahayang, tambah aya nu ngajak. /Aya lantaran anu diarep-arep ti tadina, nepi ka maksud urang gancang kahontalna. /Aya pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang. /Eukeur mah aya maksud, turug-turug aya pilantaraneunana Aya jurig numpak kuda Aya milik nu teu disangka-sangka Aya peurah Aya komara, aya harga, aya pangaji Aya pikir kadua leutik Aya kahayang Aya rngkolna Aya tulisanna Ayakan tara meunang kancra Nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung pangasilanana Ayem tengtrem Tenang taya kasieun

Você também pode gostar