Você está na página 1de 4

ARTIKEL BASA SUNDA HANDPHONE JEUNG PELAJAR

Handphone atawa sering di sebut ponsel nyaeta salah sahiji pakakas komunikasi anu fungsina
hampir sarua jeung telepon kabel, tapi bisa dibawa bawa sabab teu make kabel. Di jaman
kiwari, handphone geus jadi lumrah. Sagala umur rata rata miboga pakakas komunikasi ieu, ti
mimiti ibu ibu, bapa bapa nepi ka budak SD.
Handphone emang miboga rupa rupa manfaat, henteu ngan saukur pikeun jalma jalma nu
gawe di kantor atawa jalma jalma anu geus boga kapentingan, tapi oge pikeun para pelajar.
Ngan hanjakal sajalan jeung perkembangan jaman, handphone oge loba nimbulkeun mudarat
para pelajar.
Manfaat Handphone pikeun pelajar, di antarana nyaeta :
1. Salaku pakakas komunikasi jarak jauh, handphone bisa di gunakeun pikeun
ngagampangkeun pelajar pikeun ngumpulkeun babaturanna lamun rek kerja kelompok
atawa ngerjakeun pancen babarengan.
2. Handphone dijieun pikeun ngagampangkeun kahirupan manusa, ieu kabukti yen para
pelajar kabantu ku ayana handphone. Contona di luar jam sakola, siswa bia silih nanya
jeung babaturanna ngeunaan pancen, boh dina sms atawa nelepon. Jadi siswa teu kudu
kaluar ti imah.
3. Handphone bisa digunakeun pikeun neundeun data jeung bisa dibawa kaman mana.
Manfaat ieu contona, siswa bisa nyatet materi jeung bisa ngapalkeun di mana mana.
4. Henteu ngan saukur dina widang pelajaran, dina widang hiburan oge handphone miboga
manfaat pikeun pelajar. Contona ayana fitur MP3 jeung game. Fitur ieu bisa
dimanfaatkeun ku pelajar pikeun ngahibur otak anu keur jenuh. Jadi, otak pelajar bisa
seger deui pikeun narima pangajaran.
5. Jaman kiwari, loba handphone anu miboga fitur internet. Ieu bisa dimanfaatkeun ku
pelajar pikeun neangan informasi ngeunaan materi pelajaran dina internet.
Salian manfaat, Handphone oge miboga mudarat pikeun pelajar, diantarana nyaeta :
1. Fitur internet anu aya dina handphone, bisa nimbulkeun mudarat pikeun pelajar. Sanajan
bisa ngagampangkeun pelajar pikeun neangan informasi ngeunaan pelajaran, tapi dina
kanyataannya loba siswa ngagunakeun fitur ieu pikeun hiburan hungkul. Loba pelajar anu
prestasina turun lantaran kacanduan dunia maya, contona kacanduan facebook, twitter
jeung nu sejenna.
2. Salian internet, fitur game dinu handphone oge cukup ngaruhan prestasi pelajar. Sarua
jeung internet, game oge bisa nimbulkeun mudarat lamun digunakeun na kaleuleuwihan.
Tapi kanyataanna pelajar leuwih resep maen game tibatan diajar.
3. Mudarat lainna nyaeta ngagunakeun handphone dina ujian. Di jaman ayeuna loba pelajar
nu ngagunakeun handphone pikeun niron dina ujian. Hal ieu emang bisa ningkatkeun
nilai siswa tapi bisa ngarusak mental pelajar.

Kukituna urang salaku pelajar kudu bisa ngagunakeun handphone atawa pakakas
komunikasi lainna kalawan bener bener. Bisa nimbulkeun manfaat anu leuwih loba tibatan
mudaratna. Sabab sagala teknologi, bisa manfaat atawa ngarugikeun gumantung kana sikep nu
makena.
TEKNOLOGI INFORMASI
Teknologi informasi dina mangsa kiwari geus jadi pangabutuh anu teu bisa dipisahkeun jeung
kahirupan masarakat di kota atawa di desa lain ngan ukur jalma nu boga kapentingan husus di
widang bisnis atawa urusan penting sejena, tapi barudak sakola oge geus diwanohkeun jeung eta
teknologi, nu dipiharep sangkan bisa ngigelan jaman teu katinggaleun kalindes ku wanci nu
beuki maju.
Sumebarna eta teknologi bisa mawa pangaruh nu hade, oge bisa nimbulkeun pangaruh goreng,
hal eta gumantung ka jalma nu ngagunakeun eta teknologi.
Rupa-rupa wujud hasil teknologi diantarana bae Han Phon jeung komputer, di lingkungan
barudak sakola eta dua ngaran geus teu aheng deui. Lantaran eta barang geus jadi kaulinan anu
teu saeutik meakeun waktu jeung waragad, temahna bisa ngalantarankeun barudah sakola poho
kana waktu nu utama keur diajar, tepi teu sakabehna kitu aya oge nu ngamanpaatkeun eta
teknologi keur kaperluan diajarna.
Kaparigelan nonoman dina ngakolakeun eta teknologi kawilang nyongcolang upama seug
dibandingkeun jeung kolot-kolotna, tapi dumasar kana hal eta kolot barudak kudu taliti tur surti
dina nalingakeun ketakna barudak ulah nepika salah lengkah tur pamolah, ku alatan teknologi
anu salah ngalarapkeunanana
Teu kurang ti welasan warnet nu ngadeg meh disaban tempat, warnet-warnet kasebut baris
nedunan pangabutuh barudak sakolah pikeun kaperluan diajar atawa migawe tugas pikeun nu can
ngabogaan komputer atawa leptop sorangan.
Teu saeutik balukar anu goreng alatan teknologi informasi kiwari nu tumerapna ka rumaja, geus
loba kajadian anu kaalaman ku rumaja alatan internet upamana bae malesna diajar, runtagna
ahlak alatan lalajo pintonan nu teu payus keur barudak, jual beli barang haram jeung sajabana.
Kahariwang kolot, alatan eta teknologi geus jadi alesan pikeun nalingakeun budakna sangkan teu
jadi korban pangaruh gorengna, tapi manfaatna kawilang gede kacida pikeun kamajuan sagala
widang.
Komputer jeung sabangsana kacida pisan pentingna dina sagala widang, boh kusabab bisa
ngarengsekeun urusan kalawan gancang tur rapih, ngawasa elmuna kacida diperlukeunana
pikeun ngungkulan jaman jeung ngjawab tangtangan kahirupan.

Pamarentah Tatahar Ngajaga Ajen Citarum


Ngaliwatan Kementerian Kehutanan pikeun ngaantisipasi gangguan wilayah konservasi, kiwari
pamarentah keur tatahar ngalaksanakeun grand design desa konservasi. Hal ieu ditetelakeun ku
Kepala Balai Besar Konservasi Sumber Daya Alam Jabar, Joko Prihatno dina sela-sela kagiatan
rakor pemberdayaan masarakat lingkup Balai Besar KSDA Jawa Barat.
Nurutkeun Joko, luyu jeung rencana Model Desa Konservasi (MDK) bakal dijieun di genep lokasi
nyaeta: Kahiji, di Cagar alam Gunung Tilu kabupaten Bandung masing-masing di Desa Sukaluyu
jeung Desa Margamulya Kacamatan Pangalengan, Desa Mekarsari jeung Desa Sugihmukti,
Kacamatan Pasir Jambu jeung Desa Cihawuk, Kacamatan Kertasari.
Kadua, cagar alam jeung taman wisata kamokang di desa Cihawuk, Kertasari Kabupaten Bandung.
Katilu, TWA Kw Tangkuban Parahu di Desa Jayagiri, Kacamatan Lembang Kabupaten Bandung
Barat. Kaopat, CA Tangkuban Parahu di Desa Sukamandi, Kecamatan Sagalaherang Kabupaten
Subang.
Kalima, CA Gunung Burangrang, di sababaraha lokasi diantarana: Desa pasanggarahan jeung Desa
Cihanjawar, Kacamatan Bojong Kabupaten Purwakarta sarta Desa Sakambang Kacamatan
Wanayasa, Kabupaten Purwakarta.
Kagenep, Taman Buru Masigit di lokasi Desa Tanjungwangi, Kacamatan Cicalengka Kabupaten
Bandung jeung Desa Sindulang, Kacamatan Cimanggung, Kabupaten Sumedang.
Tatahar dijieunna grand desain desa konservasi ieu, wakil gubernur Jawa Barat , H. Deddy Mizwar
dina salah sahiji gempungan kungsi negeskeun yen pihak pamarentah provinsi Jawa Barat mere
apresiasi kana ayana program grand desain desa konservasi ieu.
Ku ayana program ieu, dipiharep bisa ngarojong kana program pangwangunan di Jawa Barat sacara
mayeng.
Program grand desain desa konservasi ieu geus lila dirarancang ku pamarentah sarta ngaliwatan
program ieu diharepkeun bisa ngarojong kana program Citarum bersih.
Perkara nungkulan ngabebenah walungan Citarum nu boga target walungan Citarum bersih 4 taun
kahareup, tacan bisa ngahontal hasil anu maksimal kusabab kitu dibutuhkeun partisipasi ti sakabeh
pihak diantarana masarakat jeung kalangan dunia usaha. Pikeun nyukseskeun program ieu, Wagub
Deddy Mizwar netelakeun yen kudu aya gerakan budaya sangkan masarakat bisa milu ngariksa
lingkungan sabudeureunana.
Pikeun kalancaran rencana program Citarum bersih ieu Gubernur Ahmad Heryawan tatan-tatan
keur ngaluarkeun payung hukum dina konsep Peraturan Gubernur ( Pergub).
"Ku ayana aturan ieu, dipiharep kapayunna walungan Citarum bakal tiasa bersih tina runtah
atanapi limbah. Ayeuna th nuju tatahar nyusun operational rule kanggo komitmen ieu," ceuk
kang Aher. Nurutkeun Ahmad Heryawan, pemprov bakal ngondang masarakat, palaku industri,
sarta sakumna stakeholder pikeun babarengan dina ngabadamikeun komitmen ieu nu engkena
sakabeh ondangan nu hadir kudu neken komitmen ieu. "Cai teh mangrupi sumber kahirupan anu
sifatna penting. Kumargi kitu, ti ayeuna kedah aya parobahan kanggo ngajaga sumber-sumber
mata cai supados tiasa mangpaat," pokna. Pemprov bakal sagancangna ngalaksanakeun
program clean Citarum (Citarum beresih) sarta diperlukeun komitmen babarengan keur sakabeh
masarakat anu dumuk di sapanjang Citarum.

"Kapayunna cai di walungan Citarum ieu kedah bersih. Sapertos,walungan nu aya di Eropa
atanapi di Baghdad anu caina harerang," pokna pinuh harepan.***

Você também pode gostar