Você está na página 1de 3

Ari aqo'idul iman lima puluh kayakinan

kanyahokeun sing enyaan mun ngaku jalma ber iman


nu dua puluh sifat na
wajib aya di alloh na
Dua puluh nu muhal na nu jadi lalawan nana

Sifat nu jaiz na hiji


jumlah opat puluh hiji
hak alloh nu maha suci
teras na di tambah deui
opat nu wajib di rusul
opat nu muhal di rusul
nu jaiz na hiji hungkul,jumlah salapan nu nyusul

jadi opat puluh hiji


tambah salapan ber arti
jumlah lima puluh pasti pek sebutan hiji hiji

wujud,qiddam,baqqo,mukholafatul'lil,hawa'dissi,qiyamuhhu
binafsihhi,wahdanniat,qudrot,irodat,ilmu hayat,sama basor kalam,qodiron
muridan,aliman,hayan samingan basiron mutakaliman

Aya heubeul langgeung beda jeung kabeh nu anyar


jumeuneung kalawan dat na hiji alloh dina dat na
hiji na sifat na,hiji padameulan nana
kawasa kersa uninga alloh nu hirup na,ngadangu ningali
sasawuran bukti kawasa

bukti alloh kersa uninga alloh nu hirup na


bukti nu ngadangu nu ningali nu dadawuh
jadi sadayana nu wajib na dua puluh

Adam Hudus fana munasalah lil'hawadis itiaj Tangadud ngajju wakarohah


jahal mao somam umyum bukmum kaunuhu ajijan
karihan jahilan maitan assom ama abkham

Eweuh anyar ruksak sarupa eujeung nu anyar


Butuh kana tempat jeung butuh kanu ngayakeun
Bimbilangan dat na sifat na sareng dameul na
Apeus kapaksa bodo maot torek lolongna
Pireu bukti alloh anu apeus anu kapaksa
anu bodo maot,torek,lolong,jeung pireuna
Wenang ti alloh na
mi'dameul barang nu mungkin
ta aya anu wajib midameul barang nu mungkin.

sidiq amanah tablig patonah khiddib khianat khidmam kiladah


Bener kapercaya ngadugikeun eujeung pinter
bohong cidera jeung nyumputkeun tur bodo na
wenang ti rusul na sifat manusia biasa
kaya tuang leuet angkat kuleum sajabana.

Kakuping suara adzan

Kakuping suara adzan


Di masjid ti kateubihan
Singhoreng teh ngawartosan
Ngajak solat babarengan
Ulah sok solat di imah
Salagi aya masjidmah
Pribumi atawa semah
hayu urang berjama'ah

LING-LING DULUR KABH

ling-ling dulur kabh


ibadah ulah campolh
beurang peting ulah welh
bisina kaburu pah

Sabab urang bakal mati


nyawa dipundut ku Gusti
najan raja nyakrawati
teu bisa nyingkiran pati
Karasana keur sakarat
nyerina kaliwat-liwat
kana ibadah diliwat
tara ngalakukeun solat

Kaduhung liwat kalangkung


tara nyembah ka Yang Agung
sakarat nyeri kalangkung
jasadna teu beunang embung

Você também pode gostar