Você está na página 1de 52

Wasta : Anjas Yogaswara

Kelas : XII AP 4

Angklung

Angklung nyaéta alat musik tradisional Sunda nu dijieun tina awi, diulinkeun ku cara
dieundeukkeun (awak buku awina neunggar sarigsig) antukna ngahasilkeun sora nu ngageter
dina susunan nada 2, 3, nepi ka 4 dina unggal ukuranana, boh nu badag atawa nu leutik. Laras
(nada) nu dipaké angklung tradisional Sunda biasana saléndro jeung pelog.

Rupa-rupa angklungAngklung Kanékés angklung kanekes anu di anggo olah jalmi badui
mangrupa patilasan karajaan Sunda anu mangrupa pakarang nyarupaan pager awi ti jalmi
wengker anu berkerja kanggo majapahit sanggeus perang bubat kanggo menghindari
serangan sarupa.

Pikeun tujuan hiburan, angklung ilaharna dipidangkeun nalika caang bulan jeung teu hujan.
Ieu hiburan téh digelar di buruan bari nembang, di antarana Lutung Kasarung, Yandu Bibi,
Yandu Sala, Ceuk Arileu, Oray-orayan, Dengdang, Yari Gandang, Oyong-oyong Bangkong,
Badan Kula, Kokoloyoran, Ayun-ayunan, Pileuleuyan, Gandrung Manggu, Rujak Gadung,
Mulung Muncang, Giler, Ngaranggeong, Aceukna, Marengo, Salak Sadapur, Rangda
Ngendong, Celementre, Keupat Reundang, Papacangan, jeung Culadi Dengdang.

Angklung Dogdog Lojor

Kasenian dogdog lojor ayana di masarakat Kasepuhan Pancer Pangawinan atawa masarakat
adat Banten Kidul nu sumebar di sabudeureun Gunung Halimun. Najan kasenian ieu
ngaranna dogdog lojor, luyu jeung salah sahiji alat musikna, ieu kasenian dilengkepan ogé
ku angklung, sabab patali jeung upacara adat paré. Unggal geus panén, masarakat ngayakeun
acara Sérén Taun di puseur kampung adat (imah kokolot) anu biasana pindah-pindah luyu
jeung paréntah tina wangsit. Tradisi ngamulyakeun paré di ieu masarakat masih terus
lumangsung, ku sabab masarakatna masih pengkuh kana adat baheula. Dumasar pitutur
turun-tumurun, ieu masarakat adat ngaku salaku turunan para prajurit karaton Pajajaran
barisan Pangawinan (prajurit nu marawa tumbak). Najan kitu, masarakat kasepuhan ieu geus
lila ngagem Islam sarta narima kana modérenisasi. Luyu jeung kamekaran ieu, dogdog lojor
ogé kadang sok midang dina acara nyunatan, ngawinkeun, sarta karaméan lianna.

Kasenian dogdog lojor dimaénkeun ku genep urang nu nyepeng alat musikna séwang-
séwangan , nyaéta dua dogdog lojor jeung opat angklung gedé, nu masing-masing boga
ngaran : gonggong, panémbal, kingking, jeung inclok (noron ti nu pangbadagna).

Lagu-lagu dogdog lojor di antarana Balé Agung, Samping Hideung, Oléng-oléng


Papangantén, Si Tunggul Kawung, Adulilang, jeung Adu-aduan. Upami
di Sukabumi kasohorna Dogdog loyor pangrojong dina acara panen.

Angklung Gubrag

Angklung gubrag ayana di kampung Cipining, kacamatan Cigudeg, Bogor. Ieu angklung
umurna geus kolot, dipaké dina upacara melak, ngunjal, jeung ngadiukkeun paré ka leuit.
Dumasar carita turun-tumurun, ieu angklung téh mimiti aya dina hiji mangsa paceklik.

Badéng

Badéng téh mangrupa kasenian nu asalna ti Sanding, Malangbong, Garut. Bentuk kasenian
angklung ieu dipaké pikeun kapentingan da'wah Islam, kira abad ka-16 atawa 17. Harita,
Arpaén jeung Nursaen (dua warga Sanding), diajar Islam ka Demak. Samulangna ti Demak,
aranjeunna nyumebarkeun ajaran Islam ka masarakat Sanding hususna ngagunakeun
kasenian badéng.

Angklung nu dipaké dina pintonan badéng aya salapan: angklung roél dua, angklung kecer
hiji, angklung indung jeung bapa opat, jeung dua angklung anak anu dibarengan ku dogdog
dua, terebang atawa gembyung dua, jeung kecrék hiji. Rumpaka tembangna maké basa
Sunda nu euyeub ku istilah basa Arab, nu kadieunakeun ogé ditambah ku basa Indonésia.
Eusi rumpakana taya lian ti ajén -inajén Islam jeung pitutur. Pidangan ieu kasenian kadang
ogé dibarengan ku debus nu mintonkeun élmu-élmu kawedukan.
Wasta : Azzahra Salsabila
Kelas : XII AP 4

Dodol Garut

Dodol nyaéta jawadah nu liket jeung dalit pisan.[1] Dodol Garut mangrupa salah sahiji
kadaharan tradisional sarta hiji komoditas nu bisa ngangkat ngaran Garut salaku kabupatén
produsén dodol nu miboga kualitas luhung, alus sarta dodol nu dihasilkeun ogé kacida loba
rupana.[2] Dodol garut ogé geus kasohor ka mana-mana lantaran rasana nu béda jeung dodol
nu sarupa ti daérah lianna.[2] Industri dodol di Garut mimiti mekar ti taun 1926 ku Ibu
Karsinah ngaliwatan prosésna nu kawilang basajan pisan nu satuluyna terus mekar nepi ka
kiwari.[2] Hal éta alatan:

1. mibanda rasa nu béda sarta miboga kaleuwihan dibandingkeun dodol ti daérah nu


séjénna.
2. Hargana murah bisa kahontal ku sakumna masarakat sarta mangrupa kadaharan nu
kawilang dipikaresep ku masarakat.
3. Cara nyieunna kawilang basajan sarta bahan-bahanna ogé gampang ditéanganana.
4. Henteu ngagunakeun bahan pangawét jeung panambah kadaharan lian nu
sipatna sintetis.
5. mibanda kakuatan nu kawilang lila kurang leuwih 3 bulan.

Ieu komoditi gampang pikeun dimekarkeunana ku cara ngaréka bahan bakuna nyaéta
ngamangfaatkeun bahan lain saperti waluh, kentang, kacang, gedang, ganas, sirsak jeung
réa-réa deui.[2] Salian ti éta, pamaréntah daérah ogé milu ancrub dina pemasaran ngaliwatan
paméran-paméran, ogé ngaropéa kualitas produk dodol nu geus dipasarkeun.[2]
Cara Nyieun Dodol Garut

Dina prosés nyieun dodol Garut, kabersihan jadi hiji hal nu pangpentingna.[3] Bahan-bahan
nu diperlukeun pikeun nyieun dodol di antarana, cipati, gula bodas, gula
beureum, ketan jeung uyah.[4] Cara nyieun dodol Garut: Bahan-bahan nu geus disadiakeun
dihijikeun kana kancah sarta dipasak dina seuneu nu sedeng.[4] Dodol nu keur dipasak tong
diantepkeun kitu waé bisi tutung handapna sarta jadi kerak.[4] ku lantaran kitu, nalika nyieun
dodol urang kudu tuluy ngocék-ngocék éta bahan nu geus dihijikeun sangkan ngahasilkeun
dodol nu hadé tur ngeunah.[4] Waktu nu dibutuhkeun pikeun ngagotrokkeun ieu bahan kurang
leuwih salila 4 jam.[4] Sanggeus 2 jam, warna dodol robah jadi warna coklat semu kahideung-
hideungan. Nalika éta ogé adonan dodol geus ngagolak nandakeun yén dodol téréh
asak.[4] Sanggeus kitu asupkeun panambah rasa saperti coklat, wijén, susu, jahé, moka jeung
nu lianna luyu jeung kahayang urang.[3] Tuluy éta dodol diasupkeun kana wadah sarta
tiiskeun salila sapeuting.[3] Sanggeus tiis, dodol dikeureutan tuluy dibungkus. Dodol siap
dipasarkeun.[3]

Dodol Picnic

Kiwari dodol diproduksi sacara modérn nuturkeun kamekaran jaman.[5] salah sahiji dodol
garut nu kasohor nyaéta dodol méré k Picnic.[5] Dodol Picnic diproduksi sacara modérn
ku PT Herlina Cipta Pratama di hiji pabrik nu kawilang gedé di daérah Pasundan Garut.[5] Ieu
dodol teu saukur dijual di sakuliah nusantara tapi dijual ogé ka luar nagri.[5] Dodol Picnic
khas Garut ieu bisa kasohor nepi ka luar nagri alatan tarékah jeung usaha Haji Iton, nu
miboga pabrik dodol picnic.[5] Dina sajarahna, dodol Picnic kungsi sababaraha kali ganti
ngaran jeung bungkus luar (kemasan) alatan pangaruh pasar sarta saingan jeung pihak
lianna.[5] Mimiti medal ieu dodol maké méré k Halimah.[5] taun 1950 diganti jadi dodol
Fatimah.[5] Tuluy taun 1954 ganti deui jadi dodol Purnama.[5] Kitu ogé jeung bungkus nu
dipakéna ngalaman parobahan, ti mimiti keretas biasa tuluy diganti ku kertas minyak jeung
plastic PVC.[5] Tina dodol Purnama ganti deui jadi dodol Herlina, bungkusna mimiti
ngagunakeun kertas duplék.[5] Ieu mérek Herlina teu lana diganti deui ku dodol Picnic nu
dipaténkeun tanggal 14 Juli 1959 tug nepi ka kiwari kasohor ka mana-mana.[6]
Wasta : Delli Yanuar M. F.
Kelas : XII AP 4

KUDA LUMPING

Kuda Lumping nyaéta kasenian wangun ibing anu dipaénkeun ku saurang maké kukudaan
minangka média.[1] Iwal ti éta ibing kuda lumping biasana sok aya atraksi anu bahaya saperti
ngadahar beling, jukut, mesek kalapa maké huntu, jsb.[1] Ieu hal nu ngajadikeun kuda
lumping sok dipatalikeun keun hal-hal anu magis, saméméh minton pamaén kudu ngayakeun
ritual pikeun kasalametan.[1] Masarakat mikawanoh kasenian kuda lumping
minangka kasenian anu magis lantaran dina ritual pamaén jiga nu diasupan roh sangkan bisa
ngadahar beling atawa nu séjénna, katambah ku gamelan jawa anu marengan nambah
suasana magis dina pintonnana.[1] Cenah, ibing Kuda Lumping mangrupa wangun apresiasi
sarta pangrojong rahayat cacah ka pasukan kudaPangeran Diponegoro dina nyanghareupan
pangjajah Walanda.[2] Aya ogé vérsi anu nyebutkeun, yén ibing Kuda Lumping
ngagambarkeun carita perjuangan Raden Pites, anu dibantuan ku Sunan Kalijaga, ngalawan
pangjajah Walanda.[2] Vérsi séjén nyebutkeun yén, ibing ieu mengisahkan ngeunaan latihan
perang pasukan Mataram anu dipingpin Sultan Hamengku Buwono I, Raja Mataram, pikeun
nyanghareupan pasukan Walanda.[2] Kiwari kuda lumping dijadikeun kasenian pikeun
hiburan, teu jarang kuda lumping anu teu ngasupkeun unsur magisna tapi leuwih
kana ibing katut gerakanna.[2]
Wasta : Fahrul Ilhami
Kelas : XII AP 3

NGAMUMULE LINGKUNGAN HIRUP

Lingkungan hirup nyaeta tempat dimana urang salarea ngajalankeun aktivitasna, lingkungan
hirup anu nyaman anu tengrem anu beresih Jeung anu rapih nyaeta lingkungan anu Hade
pisan, Komo bari loba keneh tatangkalanmah genah tiis loba keneh oksigen. Tapi ku jaman
Kiwari nu geus leuwih maju loba nu ngarubah lingkungan hirup ieu, mimiti ti plastik nepika
sejena. Tah ku ayeuna ieu simkuring urang aya cara Pamungkas kanggo ngamumule
lingkungan hirup urang salarea.

1. Meresihan tina sampah


Yeuh Baraya salaku urang deuk ngamumule lingkungan urang kudu meresihkeun tina
sampah Jeung pilah pilah sampahnya Kana 2 atau 3 tempat nyaeta sampah organik, plastik
Jeung sampah anu bahaya sejena, tah upami sampah organik mah kop bae jadikeun pupuk
keur tatangkalan tapi lamun sampah non organik Jeung sampah sejena kop we pisahkeun
Jeung daur ulang, atau oge keur nambahan amal urang bikeun ka tukang pulung, tuh beresih
onggoh meunangkeun pahala ongkoh, loba pisan masalah tina sampah non organik kawas
bisa nyebabkeun banjir, Jeung panyakit.
Tah bayangkeun lamun loba pisan sampah salain teu nyaman urang ninggalin oge pasti bakal
ka ambung bau teu pararuguh, tuh kan Ari tos ka ambung mah teu Raos teu nyaman urang
hirup di lingkungan kitu. Matakna Sok geura malire kumaha pentingnya lingkungan hirup
keur urang salarea.

2. Melakan tatangkalan nu ngahasilkeun


Sok geura garetol lamun aya tanah anu kosong Jeung lamun aya tanah nu rawan longsor
geura pemakan ku tatangkalan nu ngahasilkeun kawas nangka Jeung sajabina, pan Ari
melakan tatangkalan anu ngahasilkeun mah urang bisa loba mangfaatna mimiti ti nyegah
longsor Jeung banjir, lingkungan hirup urang nyaman Jeung adem tarariis ku oksigen Jeung
ngkena bakal menang buahna deuk nangka atawa kadu jst.
Tuh euweuh rugina lamun urang salarea pinter Jeung hideng Dina miara lingkungan hirup
urang. Tah melakan ku tatangkalan anu ngahasilkeun oge Hade pikeun ngarawat tanah
reboisasi, Naha bet Hade? Pan lamun tangkalna ngahasilkeun mah ku masyarakatnya oge
pasti bakal di rawat, tah nu Sok makanan liar oge moal aya.

3. Ngagunakeun barang nu ramah lingkungan


Tah urang salarea lamun nyaah Kana lingkungan hirup urang kudu bisa ngagunakeun barang
nu ramah lingkungan nu bisa sababaraha kali pake kawas lamun balanjateh make kantong
biasa we ulah make kantong plastik anu nambah nambahan sampah nu Lila kauraina. Tah
sok geura malamalalikir ngagunakeun bahan nu ramah lingkungan meh tetep kajaga
lingkungan hirup urang.

4. Naek kendaraan umum


Euleuh Naha jol Kana kendaraan umum? Sok gera tebak Naha bet jadi Kana kendaraan
umum Sagala? Tah ku lobana kendaraan pribadi loba oge polusi nu dikaluarkeun kudunamah
urangteh make kendaraan umum, Naha bet kitu? Ari make kendaraan umummah urangteh
salain hemat biaya ditambahkan ramah keur lingkungan Anda, tah polusiteh bisa ngurangan
sahenteuna teu kawan marawa kendaraan sorangan.

Kasimpulana ngamumule lingkungan hirupteh kewajiban nu harirup genah hnteuna diri


urang Jeung lingkungan urang kumaha urangna, jadi lamun hayang nyaman kop geura
mumule lingkungan hirupna.
Wasta : Diana Puspitasari
Kelas : XII AP 4

LUNTURNA BUDAYA ORANG SUNDA

Budaya nyaeta hiji ciri khas kebiasaan anu geus turun temurun aya Jeung di Lamongan ku
masyarakat hiji daerah, budayateh aya gara gara aya nu nyieuna na nyaeta Karuhun Karuhun
urang baheula, budaya loba pisan mangfaatna mimiti ti mangfaat sosial, mangfaat Ekomoni,
mangfaat kesehatan jeung sakabehna, tapi ku jaman Kiwari anu geus maju budaya ieu jadi
laas di tinggal ku mangsa. Tah si mangsa ayeunateh geus loba dajal tea Jeung nu individual
tah ieu yeuh budaya nu lunturteh diantawisna

1. Budaya gotong royong geus rada puder


Th tinggali di kota atawa di desage ayeunamah jarang ninggali kolot atawa barudak gotong
royong deuk tina beberesih lingkungan atau sejena, ku jaman ayeunamah asa hese pisan
ninggalinateh tapi cenah ceuk bejamah jaman baheulamah da gampang ngumpulkeun
masyarakat teh Komo Mun aya acara kawas gotong royong saling Tulung nulungan jeung
saling pada asaan lamun miboga dahareunteh.

2. Budaya kaulinan barudak


Dunya asa muter leuwih gancang nu Matak mastakateh asa lieur, da baheulamah ceuk kolot
nu nyarita asa rame arulin di buruan pasosoreteh bari maen oray orayan, cing ciripit, sondah,
Jeung sajabina tapi Sok tempo ku jaman ayeuna dimana aya nu kitu? Di kampung asa geus
jarang, ayeunamah loba barudak nateh barobohohan di sararepi, tuluy Ulin ulinan, nyoo hape
unggal poeteh mun teu kitu oge asup ka warnet, beda pisan Jeung jaman baheula Jeung
tetangga teh silih asih silih asah Jeung silih asuh.

3. Budaya basa Sunda

Sok geura kupingkeun upami aya nu nyarios bade di kampung atanapi di kota eta barudak
ayeuna make bahayanateh “ loe, gue, end “ duhh Komo Mun geus di campuran bahasa Inggris
jadi 3 bahasa kawas “ da akumah apa atuh nobody for anjeun “ tuh kan tinggal bahasa bahasa
nateh, jadi araringgis kitu Ku bahasa Sunda na nu make campur logat barat Sagala.
Da kapungkurmah cenah ngangge bahasa anu lemes teu aya kasar kasaran sakedik sakedik
Acan, bahasa ka kolotteh nyopan ka barudak deu make bahasa anu lima tur teu kasar, tapi
ayeuna aya ku make bahasa Sunda make bahasa kebon binatang contohnya kieu “ anjing
timana ati maneh? “ Naha pantes eta kitu? Komo dilakonanateh ku barudak sakola, duhh asa
ada apa dengan dunia hehehe.

4. Budaya silih mantuan


Kapungkur saur aki etamah budaya silih mantuan hade pisan kawas kieu nya, eta upami aya
hiji dulur atawa tetangga anu deuk ngabangun imahteh terowongan Kabeh masyarakat teh
pang ngadegkeun nepika imahna jadi tapi ayeunamah pada sararibuk sorangan, suganteh
geus poho ka tatangateh da ayeunamah jarang bangsa nateh sekampung atawa sakomplek
masyarakatnya apal Kabeh, palingge hiji dua hari Jeung etateh tukang ngawarung hungkul.

Kasimpulanana tah lamun urang ngagugulung keegoisan urang budayateh bakal laas
katinggang ku mangga, beuki dieu beuki dieu beuki Tees kawas uyah, hayu geura lakonan
deui hirup ngabudaya Sunda hirup kudu sajalur taat ka maha kawasan Jeung tuluykeun eta
kebudayaan Karuhun urang, tah jadikeun ciciciciren bangsa urang jadikeun jati diri bangsa
urang.
Wasta : Diki Nursobah
Kelas : XII AP 4

SÉRÉN TAUN

Sérén Taun nyaéta salah sahiji tradisi anu aya di masarakat Sunda, nepi ka kiwari. Éta
tradisi masih kénéh digelarkeun ku masarakat agraris tradisional sunda, saperti
di Sukabumi, Kuningan, Bogor, Banten jeung daérah séjénna.

Sacara Étimologis kecap sérén taun diwangun ku dua kecap nyaéta kecap sérén jeung taun.
Sérén nyaéta kecap pagawéan mulangkeun, mikeun, nyerahkeun deui naon-naon anu tadina
dititipkeun, dipihapékeun. Sedengkeun taun nyaéta waktu di dunya anu lilana 12 bulan.[1]

Sérén taun atawa serah taun dumasar ma'na kecap, miboga harti sérén sumérén taun nu
kamari ka taun nu bakal datang salaku gagantina.

Kasang Tukang

Sérén taun geus aya di jaman saméméh masarakat sunda mikawanoh agama Islam. Urang
sunda anu sabagéan pakasaban masarakatna dina widang tatanén mangrupa salah sahiji
kasang tukang ayana tradisi upacara sérén taun.[2]
Sérén taun anu dilaksanakeun dina bulan Muharam numutkeun kalénder Islam anu mangrupa
bulan munggaran dina kalénder Islam, tapi béda jeung sérén taun anu digelarkeun
di Kuningan Jawa Barat.[2]

Di Kuningan sérén taun dilaksanakeun dina tanggal 22 Rayagung anu mangrupa bulan
munggaran dina taun Saka kalénder Sunda. Ieu mangrupa pangbéda anu teu kawilang jauh
sabab dina kasang tukangna sorangan sérén taun diayakeun pikeun ngebréhkeun rasa sukur
ka nu Maha Kawasa anu maparin kasalametan tur kabagjaan ka masarakatna dina sataun
katukang utamana dina hasil panén. Pangbéda ieu gumantung dina daérahna séwang-
séwangan dumasar kana kapercayaan jeung tradisi di daérahna tapi biasana waktu
dilaksanakeun teu jauh pisan ukur 2 nepi 3 bulan.[2]

Upacara sérén taun di jaman baheula saukur ngumpulkeun hasil panén pikeun disérénkeun
ka Sanghyang nu dibarengan ku macakeun do'a dina raraga ngébréhkeun rasa sukur sarta
miharep panén saterusna bisa leuwih mucekil.[2]

Tujuan

Sérén taun mibanda tujuan, di antarana [3] :

 Sukuran ka nu Kawasa dumasar hasil tatanén taun ayeuna;


 Silaturahmi masarakat jeung masarakat séjén;
 Neruskeun tradisi karuhun anu geuh hirup mangabad-abad;
 Ngajén jeung ngamumulé tradisi Sunda.[3]
Wasta : Elsa Patrisia
Kelas : XII AP 4

BUDAYA WISATA JAWA BARAT

Kagiatan wisata budaya teh lain ngan ukur ulin ka tempat anu pamandangan alamna endah.
Kadieunakeun beuki loba jalma anu ngajugjug ka tempat-tempat wisata anu ngandung ajen
budaya.

Tempat wisata saperti kieu lain kaendahan alamna anu rek diteangan teh, tapi kaahengan
atawa kaunikan budaya nu aya di eta tempat.

Di jawa barat (Tatar Sunda) loba pisan tempat-tempat anu bisa dipake wisata budaya teh
upamana bae Baduy atawa Kanekes di Kabupaten Lebak jeung Kasepuhan Ciptarasa di
Kabupaten Sukabumi.

Tempat wisata di Tatar Sunda anu sejenna anu ngandung ajen budaya kawas kitu, nyaeta
Kampung Naga di Kabupaten Tasikmalaya. Ngaranna oge geus aheng.

Siga-siga nyokot ngaran tina oray sukuan bari sungutna oge murakeun seuneu, nu sok aya
dina dongeng atawa dina filem tea.
Teu saeutik anu ngaradon ulin ka Kampung Naga teh. Keur mah tempatna babari
kadongkang, katambah-tambah ieu tempat matak ngahudang kapanasaran. Nu daratang ka
dinya, ti mimiti ilmuwan, mahasiswa anu ngayakeun panalungtikan, tepi ka turis domestik
jeung turis asing.

Kampung Naga teh perenahna di Desa Neglasari Kacamatan Salawu, Tasikmalaya. Liliwatan
jalan Tasik-Garut. Ti sisi jalan gede teh ukur 500 meter ka lebak, sisi walungan Ciwulan.
Jumlah imah di ieu kampung aya 108 suhunan (kaasup masjid jeung Bumi Ageung), teu
nambahan teu ngurangan.

Ceuk katerangan Ki Ateng, kuncen di dinya, jumlah imah sakitu teh lain ceuk adat kudu
sakitu, pedah we teu aya deui lahan. Imah di Kampung Naga wangunna tradisional keneh.
Sakabeh imah perenahna manjang ti kulon ka wetan.

Hateupna lain ku kenteng, tapi ku hateup eurih campur injuk. Imah teh kabeh oge dijieun tina
bilik jeung kai anu jumlah tihangna lima. Hiji oge teu aya imah anu dijieun tina tembok.
Naon sababna? Lantaran urang Kampung Naga hayang miara adat karuhunna.

Salian ti tukuh kana adat, urang Kampung Naga oge pohara ngutamakeunana kana kasehatan.
Upamana bae wangunan imah anu nyangirah ti wetan ka kulon, maksudna keur ngajaga
kasehatan nuturkeun perjalanan panonpoe. Mun isuk-isuk, bakal nampa hawa beresih.

Kitu deui di Kampung Naga urang moal manggihan jamban atawa pacilingan di jero atawa
di gigir imah. Pamandian jeung pacilingan teh dijieunna di walungan, lantaran cenah imah
kudu jaun tina tempat kokotor.

Pikeun ngajaga alam sabudeureun, di Kampung Naga oge aya nu disebut leuweung larangan.
Ieu leuweung perenahna di tonggoheun walungan Ciwulan, legana welasan hektar.

Ieu leuweung te diriksa ku sarerea ngarah henteu ruksak, maksudna minangka sumber cai.
Lamun leuweung tetep dipiara, sumber cai moal saat sarta dina usum hujan moal banjir.
Wasta : Iis Isna Masdiana
Kelas : XII AP 4

KAMEKARAN PENCA DI TATAR SUNDA

Di urang mah penca téh geus teu bireuk deui, babakuna keur urang sunda. Lamun aya nu
hajat nyunatan sok nanggap kendang penca. Upama kendang penca geus ditabeuh, di
pakalangan so aya nu ngibing dipirig ku kendang penca, tarompét, jeung kempul. Wirahmana
aya nu disebut tepak dua, tepak tilu, parérédan, golémpang, jeung padungdung.

Seni penca ieu téh aya nu nyebut penca kembang aya ogé nu nyebut penca ibing.
Ari penca téh asli milik urang Sunda, atawa lain? Saenyana ayeuna mah geus lain milik urang
Sunda wungkul, tapi geus walatra nyebar di sakuliah Indonésia. Sanajan kitu seni penca
mémang ti tatar Sunda asalna.

Di masarakat Sunda dipikawanoh rupa-rupa wanda penca; aya Cimandé, Cikalong,


Timbangan, Séra, jeung Sahbandar. Kiwari henteu ngan ukur dipikaresep ku urang Sunda
wungkul, tapi ogé geus dipikawanoh jeung dipikaresep ku bangsa deungeun, malah geus
nyebar ka sakulian dunya.
Paguron penca dug-deg di saban nagara saperti di: Australia, Walanda, Jérman Barat,
Amérika Serikat, Kanada, Perancis, Inggris, jeung nagara lianna.

Naha bangsa deungeun bet resepeun kana penca? Sigana baé lantaran dina penca aya tilu
unsur, nyaéta olah raga, seni, jeung palsapah anu luhung. Ditingal sacara fisik, gerakan penca
tangtu bakal nyéhatkeun awak urang.

Unsur senina bisa katiténan tina gerakan-gerakanana, lalaguan pamirigna, jeung cara
ngamaénkeun pakarangna. Tah, dina palsapahna mah jalma nu nyuprih élmu penca kudu
boga sipat jujur, handap asor, jauh tina sipat sombong jeung asa aing pangunggulna. Kudu
ngabogaan sipat nyaah ka sasama deuih, utamana ka jalma séjén, tapi sabalikna keur ngajaga
diri sorangan jeung nulungan nu lian.

Ti iraha mimiti aya penca di urang téh? Anu pangheulana aya téh nyaéta penca Cimandé.
Gelarna kira-kira dina abad ka-18. tokohna nyaéta Abah Kair urang Rangkong, Kuningan.
Abah Kair ieu téh kungsi guguru di Galuh, terus ka sumedang. Ti dinya pindah ka Bogor.
Ahirna matuh dumuk di Cimandé, nu matak aya penca nu disebut aliran Cimandé.

Aya deui aliran penca Cikalong. Penca Cikalong mah leuwih anyar lamun dibandingkeun
jeung Cimandé. Mimiti nyebarna kira-kira abad ka-19 ahir. Tokohna nyaéta R. Jaya Perbata
atawa R.H. Ibrahim. Anjeunna urang Cikalong Cianjur, nu matak disebut aliran Cikalong gé.
Saméméhna kungsi guguru heula ka daérah séjénna diantarana ka Aténg Alimudin urang
Jatinagara.
Wasta : Ine Dwi Agustina
Kelas : XII AP 4

ADAT BUDAYA KAWINAN URANG SUNDA

Urang Sunda mah tara poho kana adat kabiasaan kabudayaana. Tata-titi jeung paripolah teh
salawasna didasaran ku adat anu geus maneuh. Kapan aya paribasana, urang Sunda mah tara
lali ka purwadaksi, maksudna tara poho kana tali paranti atawa kabiasaan anu geus
diwariskeun ku karuhun.

Salah sahiji tradisi budaya anu dipiara tepi ka ayeuna nyaeta dina cara ngawinkeun. Upama
urang Sunda aya nu rek ngawinkeun anakna, tara padu gapruk kitu bae. Aya prak-prakanana
luyu jeung kailaharan. Jauh samemeh der upacara kawinan, sok aya acara ngalamar heula, ti
dinya tuluy seserahan, sarta dipungkas ku akad nikah.

Ngalamar nyaeta nanyaan awewe daek-henteuna dikawin ku lalaki nu mikarepna. Ilaharna


pihak lalaki anu ngalamar teh tara sorangan, tapi dibarengan ku kolot lalaki jeung
kulawargana. Kitu deui pihak awewe anu ditanyaan, rempeg jeung kulawargana. Dina acara
ngalamar, sanggeus paheut jinisna (awewena) daekeun, sok dituluykeun ku nangtukeun
waktuna acara pernikahan, poe naon, tanggal sabaraha, jsb.
Dina waktu anu geus paheut ditangtukeun tea, pihak kulawarga calon panganten lalaki datang
ka kulawarga calon panganten awewe. Datangna bari barangbawa, mawa barang keur
maskawin jeung pakean kayaning baju, samping, jsb. Keur calon panganten awewe.

Calon panganten lalaki tuluy diserenkeun ku kolotna atawa ku nu ngawakilanana ka pihak


kulawarga calon panganten awewe sina ditikahkeun. Eta sababna ieu acara teh disebutna
seserahan, nyaeta nyerahkeun atawa nyerenkeun calon panganten lalaki tea.

Rengse seserahan, kakara calon panganten teh ditikahkeun ku kolotna calon panganten
awewe di hareupeun naib jeung para saksi. Ieu acara disebutna akad nikah.

Rengse akad nikah sok dituluykeun ku sungkem. Panganten duanana sungkem ka ibu
ramana, minangka tanda hormat ka indung bapa. Geus kitu panganten sok didiukkeun di
panyaweran (di buruan), tuluy disawer ku beas, koneng, jsb.

Diawur-awurkeun ka lebah panganten. Samemeh didiukkeun dina korsi panganten, sok


diayakeun heula acara buka pintu. Aya nu ngahariringkeun kidung, minangka perlambang,
panganten lalaki menta idin rek asup ka kamar panganten awewe. Rengse buka pintu, kakara
panganten sajodo didiukkeun dina korsi, pikeun narima pangwilujeng ti nu araya.

Aya deui aliran penca Cikalong. Penca Cikalong mah leuwih anyar lamun dibandingkeun
jeung Cimandé. Mimiti nyebarna kira-kira abad ka-19 ahir. Tokohna nyaéta R. Jaya Perbata
atawa R.H. Ibrahim. Anjeunna urang Cikalong Cianjur, nu matak disebut aliran Cikalong gé.
Saméméhna kungsi guguru heula ka daérah séjénna diantarana ka Aténg Alimudin urang
Jatinagara.
Wasta : Melinda Jayanti Nurhidayah
Kelas : XII AP 4

JAIPONGAN

Jaipongan nya éta hiji wanda seni tari nu lahir tina kréativitas seniman asal Bandung, Gugum
Gumbira. Perhatiannana kana kasenian rahayat nu salasahijina nya éta ketuk tilu nyababkeun
anjeunna wanoh bener-bener kana perbendaharan pola-pola gerak tari tradisi nu aya dina
kiliningan/bajidoran atawa ketuk tilu. Gerak-gerak bukaan, pencugan, nibakeun jeung
sababaraha ragem gerak mincid tina sababaraha kasenian di luhur cukup miboga inspirasi
keur ngamekarkeun tari atawa kasenian nu kiwari dipikawanoh minangka jaipongan. Kiwari
jaipongan sering dipaké keur hiburan dina acara kawinan jeung sunatan, utamana di daérah
Subang jeung Karawang.

Sajarah
Saméméh wangun seni pertunjukan ieu mucunghul, aya sababaraha pangaruh nu
ngasangtukangan wangun tari pergaulan ieu. Di Jawa Barat misalna, tari pergaulan
mangrupakeun pangaruh tina Ball Room, nu biasana dina pintonan tari-tari pergaulan teu
leupas tina ayana ronggéng jeung pamogoran. Ronggéng dina tari pergaulan henteu ukur
fungsi keur kagiatan upacara, tapi keur hiburan atawa cara gaul. Ayana ronggéng dina seni
pintonan mibanad daya tarik nu ngondang simpati kaum pamogoran. Misalna dina tari Ketuk
Tilu nu kacida dipikawanohna ku masarakat Sunda, diperkirakeun kasenian ieu kasohor
sakitar taun 1916. Minangka seni pintonan rahayat, kasenian ieu ukur dirojong ku unsur-
unsur basajan, saperti waditra nu ngawengku rebab, kendang, dua siki kulanter, tilu siki
ketuk, jeung goong. Pon nya kitu deui gerak-gerak tarina nu henteu mibanda pola gerak nu
baku, kostum penari nu basajan minangka lambang karahayatan.
Marengan mudarna jenis kasenian di luhur, urut pamogoran (panongton nu aktif aktif dina
seni pintonan Ketuk Tilu/Dogér/Tayub) pindah perhatiannana kana seni pintonan Kiliningan,
nu aya di daerah basisir kaler Jawa Barat (Karawang, Bekasi, Purwakarta, Indramayu, jeung
Subang) katelah Kiliningan Bajidoran nu pola tarina jeung pintonannana mibanda sasaruaan
jeung kasenian samemehna (Ketuk Tilu/Dogér/Tayub). Ayana tarian dina Topeng Banjet
cukup dipikaresep, hususna di Karawang, nu sababaraha pola gerak bajidoran dicokot tina
tarian dina Topeng Banjet ieu. Sacara koreografis tarian ieu masih mintonkeun pola-pola
tradisi (Ketuk Tilu) nu ngandung unsur gerak-gerak bukaan, pencugan, nibakeun jeung
sababaraha ragem gerak mincid nu jadi dasar ciptana tari Jaipongan. Sababaraha gerak-gerak
dasar tari Jaipongan lian ti Ketuk Tilu, Ibing Bajidor sarta Topeng Banjet nyaeta Tayuban
jeung Pencak Silat.

Mucunghulna tarian karya Gugum Gumbira awalna disebut Ketuk Tilu kamekaran, nu
memang sabab dasar tarian eta mangrupakeun kamekaran tina Ketuk Tilu. Karya munggaran
Gugum Gumbira kacida kentelna keneh ku kelir ibing Ketuk Tilu, boh tina segi koreografi
atawa iringannana, nu satuluyna tarian ieu jadi populer kalayan sebutan Jaipongan.
Wasta : Moch. Geni Khaerudin
Kelas : XII AP 4

Kamekaran Jaipongan

Karya jaipongan munggaran Jaipongan Mojang Priangan nu dipikawanoh ku masarakat


nyaeta tari "Daun Pulus Késér Bojong" jeung "Réndéng Bojong" nu duanana mangrupakeun
jenis tari awewe jeung tari papasangan (lalaki jeung awewe). Tina tarian ieu mucunghul
sababaraha ngaran penari jaipongan nu parigel saperti Tati Saleh, Yeti Mamat, Eli Somali,
jeung Pepen Dedi Kurniadi. Awal mucunghulna ibing ieu kungsi jadi wangkongan, nu isu
sentralna nyaeta gerakan nu erotis tur vulgar. Tapi ku ayana ekspos sababaraha media citak,
ngaran Gugum Gumbira mulai dipikawanoh ku masarakat, komo deui sanggeus tari
Jaipongan dina taun 1980 dipintonkeun dina TVRI stasion puseur Jakarta. Balukar tina
kasohoran ieu nyaeta beuki ningkatna, boh di media televisi, hajatan atawa kariaan nu
diayakeun ku swasta jeung pamarentah.

Hadirna Jaipongan mikeun kontribusi anu cukup badag ka para seniman tari pikeun leuwih
aktip deui ngadongkar jenis tarian rahayat anu saméméhna kurang perhatian. Tari Jaipongan
dimangpaatkeun ku para seniman tari pikeun ngayakeun kursus-kursus tari Jaipongan,
dimangpaatkeun ogé ku pangusaha pub-pub peuting pikeun metot sémah, di mana
perkembangan kasempetan usaha sarupa kieu dijieun ku para seniman tari minangka usaha
pemberdayaan ékonomi ngaliwatan ngaran Sanggar Tari atawa grup-grup di sawatara
wewengkon di Jawa Kulon, contona di Subang jeung Jaipongan gaya "kaléran" (kalér).
Ciri Jaipongan gaya kaléran, nyaéta marahmay, érotis, humoris, pinuh sumanget, spontan,
sarta basajan (alami, naon ayana). Hal éta kaeunteung dina pola tari dina pintonanana, aya
anu dibéré pola (Ibing Pola) kawas dina seni Jaipongan anu aya di Bandung, ogé aya ogé
tarian anu henteu dipola (Ibing Saka), contona dina seni Jaipongan Subang sarta Karawang.
Istilah ieu bisa dipanggihan dina Jaipongan gaya kaléran, utamana di wewengkon Subang.
Dina pintonanana, Jaipongan gaya kaléran ieu nyaéta: 1) Tatalu; 2) Kembang Gadung; 3)
Buah Kawung Gopar; 4) Tari Bubuka (Ibing Pola), biasana dipintonkeun ku penari tunggal
atawa Sinden Tatandakan (saurang sinden tapi henteu bisa ngawih nanging ngalagu
sinden/juru kawih); 5) Jeblokan sarta Jabanan, mangrupa bagian pintonan sabot para
panongton (bajidor) sawér duit (jabanan) bari salam témpél. Istilah jeblokan diartikeun
minangka pasangan anu tumetep antara sinden sarta panongton (bajidor).

Perkembangan saterusna tari Jaipongan lumangsung dina taun 1980-1990-an, nalika Gugum
Gumbira nyiptakeun tari séjénna kawas Toka-toka, Sétra Sari, Sonteng, Pencug, Kuntul
Mangut, Iring-iring Daun Puring, Rawayan sarta tari Kawung Anten. Tina tarian-tarian
kasebut mecenghul sawatara penari Jaipongan anu jago contona Iceu Effendi, Yumiati
Teuneung, Miming Mintarsih, Nani, Erna, Mira Tejaningrum, Ine Dinar, Ega, Nuni, Cepy,
Agah, Aa Suryabrata sarta Asep.

Kiwari tari Jaipongan kaci disebut salah sahiji idéntitas kesenian Jawa Kulon, hal ieu
kasampak dina sawatara acara-acara penting anu patali jeung sémah ti nagara deungeun anu
datang ka Jawa Kulon, mangka dipapag ku pintonan tari Jaipongan. Kitu ogé nalika aya misi-
misi kasenian ka manca nagara sok dilengkepan ku tari Jaipongan. Tari Jaipongan réa
mangaruhan kasenian-kasenian balaréa séjén anu aya di Jawa Kulon, boh dina seni pintonan
wayang, degung, genjring/terbangan, kacapi jaipong, sarta ampir kabéh pintonan rahayat boh
dina musik dangdut modern anu dikolaborasikeun jeung Jaipong jadi kasenian Pong-dut.
Jaipongan anu dimimitian ku Mr. Nur & Leni.
Wasta : Nina Supriatin Ningrat Kusumah
Kelas : XII AP 4

CARA KANGGE NGATASI JARAWAT

Jarawat nyaeta penyakit anu teu di hayang hayang ku sabab Ayana jarawatteh nyieun Matak
jadi teu pede ( percaya diri ) lain teu pede wae yeuh ku Ayana jarawat Dina awak atanapi
rarayteh tapi oge lamun kacabakteh Sok nyeri deuh, jawarat umumnya aya di barudak anu
kerek wanoja biasanamah aya di aa aa Jeung teteh teteh, Naha biasana aya di aa atau teteh?
Kusabab Dina kaayaan wanoja produksi hormon Dina awakna Sok Tara seimbang Sok
kaleuwihan teuing, yeuh ayeuna di handap cara keur ngatasina.
1. Rajin sibeungeut beberesih
Upami anjeun gaduh jarawat Dina raray atanapi Dina awak, di kudukeun anjeung rada
leuwih getol Dina sibeungeut Jeung beberesih awan, Naha kunaon? Yeuh lamun awak
maneh kotor Jeung rarayna kotor, eta tiasa ngagampangkeun pamijahan keur bakteri
jarawat lain eta hungkul inget Yen pori pori kulit kecocokan oge bisa nyebabkeun Ayana
jarawat Dina awak atau raray anjeun, ku rajina sibeungeut anjeun bakal kahindar tina
jarawat nu geus aya Jeung nyegan Kana jarawat anu rek timbul.
2. Tong loba dahar nu mintakan
Ku teu loba tuang emameun nu seueur minyakan urang oge tiasa khindar Jeung tiasa
ngatasina, jarawatteh timbul oge tina sel kulit anu produksi minyak kaleuleuwihan, tah
pas kaleuleuwihan produksinya anjeun ulah nuang anu di goreng gorengan meh, minyak
nu di butuhkeun kulitnya jadi seimbang, inget masalah jarawat dina awak dipacu oge ku
minyak Dina Jero awak. Jadi kos tadi tea ulah loba teuing weh.
3. Seeuran tuang sayur Jeung buah-buahan
Anjeun siap ngatasi jarawat? Deuk jarawat batu, deuk jawat sangu atau jarawat nanah,
sieun kan sieun kan yeuh Sok maraneh kudu loba ngonsumsi tuangeung anu seueur
ngandung vit e Jeung c Naha ? Kami vit c biasana Sok kos Dina sariawan ningan Sok
gancang nyageurkeun tah upami aya luka urut jarawat oge kitu, upami vit e pan urang
saraarea apal fungsinya kanggo nutrisi kulit urang, lain saukur eta wae , inget oge lamun
ngonsumsi bungbuahan atawa sayur mayur anu rea inget eta seratna seueur pisan.
4. Seueur eueut cai herang
Da cai herang mah emang butuh pisan atuh, coba lamun anjeun kakurangan eta awak
anjeun lain hungkul kurang fokus tapi bakal tunduh Jeung ngarasa cape, bisi teu percaya
bakal ngarasa cape Sok anjeun olahraga terus tong eueut, cape kan?
5. Ku odol cenah tiasa ngatasi jarawat
Sodara urang sarerea odol ku masyarakat cenah dipercaya tiasa ngajalankeun jarawat tina
awak urang Bade Dina raray atanapi nusanesna, duka kandungan naon Dina odol nu tiasa
ngilangkeun jarawat.
6. Ngatasi jarawat ku vit e sareng c
Sok atuh anjeun upami gaduh panyakit jarawatab mangga emam obat vit e sareng c tah
fungsinya kos Tadi di jelaskan vit ieumah, tong hilap oge ngafoa ka Gusti Allah SWT.
Pake resep dokter nya.
7. Kudu aya waktu sare Jeung olahragi nu rutin
Tah upami urang kurang tidur atanapi insomnia sanes urang tiasa tiasa seueur jarawatab
kusabab metabolisme urang teu seimbang pisan Jeung hormon urang mroduksina bisa
kakurangan atawa kaleuwihan kusabab awak urang cape teuing. Matakna tong Sok bunda
nunda sare. Tah lamun olahraga oge tong poho kudu rutin sabab olahraga oge ngalurkeun
keringat Jeung lemat nu aya Dina awak urang, mangga Sok geura sadar meh bebas
jarawatan.
Kasimpulanana jerawat nu aya Dina awak urang tiasa di atasi tiasa oge di cegah, tapi upami
disarankeunmah Sok geura ngajaga kesehatan urang saacan panyakit datang, urang kudu
leuwih pinter daripada panyakit.
Wasta : Non Doris
Kelas : XII AP 4

AMEH HIRUP URANG JADI SEHAT

Hirup di Dunya teu puguh lamun urang teu sehat, lain teu puguh hungkul tapi teu ngenah
lamun urang geringmah, ku ayana hirup jag jag waringkas, sehat Jeung bungah jaya kagiri
guru hirupteh jadi loba warnaan, bisa kaditu kadieu, bisa jug jlag jig jig, Jeung hiji deui lamun
urang keur Dina kaayaan anu Pangestu Ginanjar kabungahan asa Endah hirup di Dunya teh,
Beda Jeung lamun urang keur Dina kaayaan anu hareeng, asa sempit asa leutik dunyateh nya
asa teu betah, tah ku matakan urang hirupteh resep aya Dina kaayaan anu jag jag waringkas.
Mangga pok wae Kana intina.
1. Hirup baraseka
Ku urang Dina kaayaan hirup baraseka baka di jauhkeun tina penyakit, timimiti tina penyakit
budug Jeung sejema, Naha bisa? Yeuh seluruh kumanmah resep hirup dinu naon naon anu
kalalotor, lain kitu wae coba lamun maneh hirup Dina kaayaan kotor kumaha loba Dina awak
maneh, tinggian we sapoe duapoe eta antibodi anu aya Dina awak maneh bakal jadi
kabalangahan jol isuk pagetonateh seiring we, tapi lamun maneh baraseka kuman kerek
nempelge langsung bersih kusabab manehna baraseka Sok mandi.
2. Tuang sanes saukur sampeu hungkul
Tan anjeunteh ulah tuang Jeung sampeu hungkul, kawasan goreng sampeu, kulub sampeu,
beuleum sampeu, combro, gegetuk jst, tah lamun dahar Jeung nu kitu hungkul kebutuhan
proteinna timana? Acan vitamin Jeung gizi nu kudu lengkepna, Naha bet kudu lengkepna?
Tah etateh ameh ngajaga awak urang ameh terus seger buger Jeung sehat wal Afiat .
3. Nginum cai herang
Tah lain ti lain awak urang teh Bandung 70℅nateh cairan matakan urang Montong pernah
nepika kekurangan cairan Dina awak, lamun urang kekurangan cairan Dina awak lain
ngaganggu konsentrasi wae tapi oge ngaganggu Kana sistem metabolisme awak urang teu
normal kawas biasana.
4. Kudu hees
Yeuh maraneh nu osok begadang tong penting teuing ari Bade reup sareteh, inget Jeung
kedah nginget etateh pagawean anu rada teu bner, loba penyakit tina urang Sok bagadangteh
lain saukur penyakit insomnia hungkul tapi aya oge penyakit sejena nu bakal neretelan,
kawas asup angin, kembung, mata jadi minus we gara gara cape teuing ku bagadang. Tah ati
ati nu Sok bagadangteh salah sahiji nateh bisa rabun tea.
5. Sesakeun waktos
Tah lamun maneh hayang jagjag waringkas Jeung enerjik terus terusan manehteh kudu
mibogaan waktu eukeur Ulin, Sok luangkeun waktu manehteh, Naha bet bisa? Bisa kitu ku
sabab lamun urang cape teuing gawe Sok rasakeun kumaha nyeri awakna kumaha pikiran
anjeun jadi mumet, pikiran anjeun jadi lieur teu puguh lieur kabalinger, tah ku Ayana waktu
luang keur Ulin nyenengkeun awak Jeung pikiran insha Allah anjeun bakal sehat tur jag jag
6. Olahragi nu rutin
Yeuh salah sahiji deui anu tiasa nuehatkeun raga urang nyaeta kdah olahragi, naon we
olahraginamah Bade lumpat, Bade senam atau Jeung sajabina? Naha kudu olahragi? Olahragi
teh bisa nguatkeut otot Jeung tulang urang salain ti eta pompa jantung urang jadi leuwih
gancang nayerta nyebabkeun oksigen teh gancang nepina Kana sel sel anu aya Dina raga
urang, lain eta wae tapi ku olahraga oge urang ngaluarkeung karinget anu bisa jadi
pimatakeun penyakit.
7. Kudu loba humoris
Yeuh marananeh Sagala kudu homuris, ameh maneh Bagja hate Jeung pikiran, lain eta
hungkul lamun urang resep seuri cenahteh bisa nuehatkeun jantung urang, Jeung
ngalepaskeun unek unek nu aya Dina pikiran, lain eta wae Sok ayeuna tinggali Dina tipi eta
nu Sok ngahibur bobodoran asa tuluy we jagjag waringkas, Jeung enerjik.

Kasimpulanana uranggeh kudu hirup sehat jagjag waringkas Jeung jauh tina hal hal anu
nyieun urang ngaringkuk geuring. Tah sabab kituteh urang kudu ngajaga pola hirup urang!
Wasta : Rena Febrianti
Kelas : XII AP 4

NGARONJATKEUN HASIL TATANEN

Jumlah penduduk nagara urang terus nambahan. Atuh kabutuhan kana barang poko oge terus
ngaronjat, upamana bae kabutuh masarakat kana beas. Tapi di sisi sejenna loba pasualan anu
henteu ngarojong kana ngaronjatna hasil tatanen.

Contona, ku mekarna industrialisasi, lahan tatanen jadi ngurangan lantaran kacontang ku


areal industri, utamana di wilayah pantura, Karawang jeung Bekasi. Ku sabab lahan tatanen
beuki heureut, tangtu bae pangaruhna hasil tatanen jadi beuki ngurangan.

Lantaran beas jadi kadaharan poko bangsa urang, kacida perluna pamarentah ngaronjatkeun
produksi pare. Nepi ka kiwari nagara urang can bisa nyumponan kabutuh pare nasional.
Buktina, masih keneh ngimpor beas ti nagara sejen, upamana bae ti Vietnam jeung Thailand.
Padahal samemehna mah, nagara urang bisa ngekspor beas ka nagara deungeun.

Sangkan produksi pare urang bisa ngaronjat, pamarentah sawadina nalingakeun sarta aktif
ngarojong widang pertnian. Salila ieu para patani ngokolakeun tatanen teh loba anu
tradisional keneh, sahayuna. Ieu teh balukar tina kurangna perhatian pamarentah.
Tapi umumna tatanen anu dipigawe di urang teh aya dua rupa.Aya nu ngolah sawah irigasi,
aya oge nu ngolah sawah tadah hujan. Tatanen di sawah tadah hujan mah ngan bisa
dilaksanakeun dina usum hujan, lantaran sistim pangairanana gumantung kana cai hujan.

Tatanen model jieu nganukur ngahasilkeun sakali panen dina jero sataun teh. Keur panyelang
biasana para patani melak palawija, kayaning kacang, jagong, tomat, cabe, samangka, atawa
hui. Salian ti eta, sawah tadah hujan mah biasana henteu ngabogaan sistim pangairan anu
puguh. Beda jeung sawah anu make pangairan irigasi.

Nu matak hasilna oge leuwih undak, lantaran teu gumantung kana cai hujan. Cai biasana
ngocor ngaliwatan irigasi ti bendungan-bendungan.
Sangkan hasil tatanen di nagara urang bisa ngaronjat, tarekah anu bisa dipigawe di antarana;

1) Pikeun ngungkulan heureutna lahan, kudu diayakeun program ekstensifikasi pertanian. Ieu
program teh ngusahakeun nyieun lahan-lahan tatanen anyar di daerah-daerah nu lahanna
lega.
2) Kudu diayakeun intensifikasi pertanian, nyaeta ngaronjatkeun produksi di lahan nu angger.
Ieu tarekah teh ngawengku: ngolah lahan kalawan optimal, ngatur sistim cai, milih bibit
unggul, milih gemuk anu luyu, sarta ngabasmi hama. Anu dipiharep sangkan mangsa panen
nu tadina ukur sataun sakali, bisa jadi tilu kali panen.
3) Ngayakeun tumpangsari, nyaeta ngamangpaatkeun lahan tatanen ku cara dipelakan rupa-
rupa pepelakan, sayuran, jeung sajabana.
Wasta : Rina Diana Agustina
Kelas : XII AP 4

HASIL PERKEBUNAN

Nagara urang kaasup nagara anu leuweungna kawilang panglegana di Asia Tenggara. Eta
leuweung teh loba diantarana anu dimangpaatkeun pikeun perkebunan. Salah sahiji
perkebunan anu loba dibudidayakeun di nagara urang nyaeta perkebunan kalapa.

Geura upama urang indit ka mana wae, teu weleh katingal tangkal kalapa. Ngan lolobana
pisan mah di wewengkon basisir. Pangna kitu lantaran kalapa leuwih cocog dipelak di
wewengkon anu hawana panas. Kalapa anu dipalek di tanah basisir umumna buahna
laleubeut, beda jeung anu dipelak di pagunungan.

Upama kalapa loba dipelak ku masarakat urang, bisa jadi lantaran melakna jeung miarana
henteu hese, tapi mangpaatna loba pisan. Geura lamun ku urang ditataan; tangkalna bisa
dipake bahan bangunan atawa pakakas. Pucukna sok dipake nyieun janur atawa bungkus
kupat.

Daunna nu geus kolot bisa dipake nyieun kisa atawa hateup imah. Malah nyerena apan sok
dipake nyieun sapu. Puguh deui ari buahna mah. Buah kalapa anu ngora nu disebut dawegan
tea, apan sok dirujak atawa dijieun campuran sirop.
Atuh buahna nu geus kolot, salian ti bisa dikeletik dijieun minyak teh, oge bisa dijieun cipati
pikeun rupa-rupa kaolahan. Malah hampasna oge apan tara dipiceun kitu wae, tapi bisa
dimangpaatkeun dipake nyieun dage.

Kadieunakeun, cai kalapa geus diulik tepi ka bisa dijieun coco, bukur sirop anu kiwari geus
loba dijual di toko-toko. Salian ti eta loba keneh mangpaat kalapa teh. Upamana bae tapasna
bisa dijieun sapu atawa kekesed, batokna bisa dijieun areng atawa barang karajinan, akarna
bisa dijieun ubar, jeung sajabana.

Ku lantaran kawilang rea kagunaanana, kaharti lamun kalapa kaasup pepelakan anu
diutamakeun ku bangsa urang di jaman beh ditu keneh. Ku rahayat urang utamana anu
marangkuk di wewengkon basisir kaler Pulo Jawa, kalapa teh jadi pepelakan anu poko.

Dina elmu tutuwuhan mah kalapa teh ngaran ilmiahna cocos nicifera. Kembangna nyusun
dina manjare sarta tuluy ngawangun tandan. Buah kalapa anu sagede-gede peureup disebutna
cengkir. Lamun geus kolot cai buahna sok ngurangan sarta ieu teh jadi patokan keur para
patani mah.

Lamun patani hayang apal geus kolot-henteuna buahna kalapa, carana teh ku cara
dikoclakeun. Kalapa anu geus kolot sok kadenge cai buahna kuclak- keclok, sabab beuki
kolot cai buahna beuki ngurangan tea. Buah kalapa anu geus kolot pisan mah bakal kaciri
tina warna buahna oge, nyaeta warnana coklat atawa hideung.

Di sawatara tempat, kalapa teh aya oge anu disadap cara kawung. Geuning di pasar atawa di
warung urang sok manggihan gula kalapa, nyaeta gula anu dijieun tina ‘lahang’ kalapa.
Kalapa anu disadap tara buahan, lantaran leungeun tandananana dipunggel pikeun diala
lahangna.
Wasta : Riska Cindiana Kartika Putri
Kelas : XII AP 4

NGARIKSA LINGKUNGAN

Kiwari urang sok mindeng ngadenge berita boh tina koran boh tina televisi, yen rahayat di
sawatara tempat di Jawa Barat loba anu meunang musibat katarajang banjir atawa taneuh
urug. Unggal cunduk usum hujan, rahayat anu caricing deukeut walungan atawa di tutugan
pasir, teu weleh hariwang, sieun kabanjiran atawa kaurugan taneuh.

Ayana musibat banjir atawa taneuh urug teh balukar tina lingkungan anu ruksak, teu kapiara.
Tatangkalan dituaran di mana-mana, gunung jeung pasir darugul. Cihujan henteu diserep
heula ku tatangkalan, antukna nya ngabalukarkeun banjir tea.

Taneuh oge apan babari urug da teu aya akar tatangkalan anu jadi pamageuh. Atuh dina
cundukna usum halodo, cai teh babari pisan saatna, lantaran henteu diserep ku tatangkalan
tea.

Eta sababna pamarentah kiwari keur ngahangkeutkeun program reboisasi. Anyar-anyar ieu
Pemda Propinsi Jawa Barat geus nyieun kawijakan, yen masarakat boh rahayat biasa boh
pagawe wajib melakkeun tatangkalan. Melakna mah di mana wae, naha di buruan imah atawa
di kebon. Binihna disadiakeun, dibagi-bagikeun ku Dinas Pertanian.

Meh di unggal wewengkon ayeuna mah pamarentah ngahangkeutkeun melak tatangkalan


teh. Di Kabupaten Sumedang upamana, rahayat babarengan jeung pamarentah, melak
tatangkalan di Gunung Geulis. Pangna kitu lantaran eta gunung teh jadi sumber cai keur
rahayat di wewengkon Sumedang.

Di Bogor, program pamarentah dina ngariksa lingkungan teh geus ti beh ditu keneh
dilaksanakeun. Pamarentah Kota Bogor satekah polah hayang nyiptakeun Bogor jadi “Kota
dalam Taman”. Ieu teh ngandung harti yen kota Bogor kudu asri, endah, kaliung ku taman.

Ayana Kebon Raya di tengah-tengah kota tangtuna oge pohara ngarojongna kana eta program
teh. Ayeuna bisa kasaksen ku urang yen Bogor jadi kota anu asri tur seger, matak betah nu
ngadon arulin niiskeun pikir.

Tangtu wae kaasrian kota Bogor teh ku urang dipiara. Lingkungan di sabudeureun urang, di
imah atawa di sakola kudu diriksa ngarah tetep beresih. Miceun runtah ulah sagawayah di
mana wae, tapi kudu dina tempatna. Runtah anu patulayah di jalan teh apan sok nyocokan
solokan, nu ahirna nyababkeun banjir.

Atuh melak tatangkalan, hidep oge tangtu bisa, upamana bae melak tatangkalan di buruan
atawa di pipir imah. Naon bae anu dipelakna mah naha jambu, buah, jeruk, jeung sajabana.
Resep barang pelak teh kudu dibiasakeun, ngarah urang ti bubudak diajar sarta resep miara
lingkungan.
Wasta : Sevina Amara Agustina
Kelas : XII AP 4

Masalah Lingkungan Hidup Bagi Manusia"

Masalah lingkungan hirup beuki lami beuki ageung, beuki ngalegaan, sarta beuki serius.
Sapertos bola salju anu ngagorolong, beuki lami beuki ageung. Persoalana sanes ngan boga
sipat lokal hungkul nanging tos nepi global.

Akibat-akibat anu kapayunen ka lingkungan teh lain saukur nyantol dina hiji atawa dua segi
wae, nanging silih pangait saluyu sareng sipat lingkungan anu ngabogaan silih
mangpangaruhan sacara subsistem.

Jadi, lamun hiji aspek ti lingkungan atos kena masalah, mangka sagala rupa aspek lianna tiasa
oge kena ngalaman dampak sareng akibatna.

Dina mimitina, masalah lingkungan hirup teh mangrupakeun masalah alami, proses alami ieu
moal nimbulkeun akibat anu serius kana tata letak lingkungan sareng tiasa pulih saterusna
sacara alami oge (homeostasi).

Tapi, ayeuna masalah lingkungan henteu deui tiasa disebutkeun masalah alami, sabab jalmi
nu nyieun faktor penyebab signifikan sacara variabel kanggo kajadian-kajadian nu aya
dilingkungan sapertos banjir, longsor sareng sajabana.
Henteu tiasa disangka yen masalah-masalah lingkungan anu wedal sarta ngembang kumargi
faktor jalmi leuwih langkung ageung, sarta rumit alabatan dibandingkeun sareng faktor alam
eta sorangan.

Jalmi tina sagala rupa dimensinya, utamina tina faktor mobilitas, sapertos akal fikiran, sareng
saniskanten hal anu mekar dina aspek-aspek kabudayaana, sarta faktor jaman anu ngarobah
sipat sarta tetempoan jalmi, mangrupakeun faktor anu tiasa dikaitkeun sareng masalah-
masalah lingkungan hirup.

Ku margi eta, masalah-masalah lingkungan sepertos karusakan sumber daya alam sapertos
di tuarna tatangkalan di leuweung, musnahnya sagala rupa spesies hayati, erosi, banjir,
longsor, sareng rupi-rupi deui panyakit anu ngembang ayena-ayeuna ieu, diyakinan eta teh
mangrupakeun gejala-gejala negatif anu sacara dominan di mimitian ku faktor jalmi eta
sorangan.

Teu salah lamun ayeuna aya babasan anu nyebutkeun, yen di mana aya masalah lingkungan
mangka di dinya aya jalmi.

Kana masalah-masalah lingkungan sepertos pencemaran, banjir, taneuh longsor, gagal panen
gara-gara hama, punahna sagala rupa spesies sato langka, lahan jadi tandus, gajah sarta
maung ngaganggu ka lembur balarea, sarta sanes deui lianna.

Dina raraga sistem pencegahana sarta penanggulangan anu dipigawe, ku kituna moal efektif
lamun ngan ditungkulan ku paradigma fisik, elmu kauninga sarta teknologi, atawa ekonomi
hungkul.

Mangka dina perkawis ieu, peran elmu-elmu humaniora oge sepertos sosiologi, antropologi,
psikologi, hukum, kasehatan, religi, etologi, sarta sajabana tiasa dilakukeun, sabab eta tiasa
lewih strategis pisan kana nuntaskeun masalah tina lingkungan hirup ieu.
Wasta : Wahyu Adi Pamungkas
Kelas : XII AP 4

"NYEGAH PANYAKIT MALARIA"

Di daerah tropis, malaria teh kaasup panyakit anu nyebarna gancang pisan sarta tumerapna
sakaligus. Ku lantaran kitu ieu panyakit teh jadi ancaman anu teu bisa diapilainkeun.

Ceuk hasil panalungtikan Departemen Kesehatan, anu maraot ku panyakit malaria teh di
daerah tropis mah leuwih ti sajuta jalma dina saban taunna. Jawa Barat kaasup daerah anu
mindeng kakeunaan ku wabah malaria.

Ari anu nyababkeunana diantarana nyaeta ruksakna lingkungan alam, upamana bae leuweung
anu digunasika jeung ranca di wewengkon basisir atawa tambak anu teu kauurus.

Ngaruksak leuweung teh apan ngaruksak ekosistem nu aya di jerona. Reungit anu tadina
hirup di leuweung teh tuluy mencar ka mana-mana, lantaran tempat hirupna digadabah ku
manusa. Ari ranca atawa tambak anu teu kaurus bakal jadi lahan subur tumuwuhna reungit.

Tadina mah panyakit malaria teh dilantarankeun ku reungit tina species anopheles sundaicus
anu hirupna di sawah atawa di ranca. Ayeuna muncul reungit gunung (anopheles
balabacensis) jeung reungit leuweung (anopheles maculatus) anu leuwih ngabahayakeun.
Ieu reungit anu dua teh lain bae leuwih gangas nyocona, tapi deuih daya tahanna leuwih kuat
tina insektisida (obat serangga) anu ilahar digunakeun. Pikeun nyegahna kudu aya insektisida
anyar anu leuwih ampuh.

Jadi tetela ruksakna lingkungan teh loba pisan mamalana pikeun kahirupan manusa.
Leuweung anu diruksak lain bae matak ngabalukarkeun ayana banjir atawa longsor, tapi oge
ngondang panyakit malaria, urang kudu ngariksa lingkungan alam.

Atuh tempat-tempat anu ilahar dipake ngendong reungit, upamna bae bak, sumur, atawa
balong anu teu kaurus, kudu disa'atan caina. Kitu deui wawadahan anu jadi tempat
panampungan cai hujan, ieu oge ulah diantep ngarah henteu jadi tempat mekarna jentik-jentik
reungit.

Sagedengeun eta urang oge bisa ngagunakeun insektisida, upamana bae DDT, disemprotkeun
ka tempat-tempat anu sok dipake nyayang reungit.
Wasta : Wida Wahyuni
Kelas : XII AP 4

"Khasiat Peuteuy"

@ image source

Peuteuy atawa Pete di masarakat urang geus pohara kaceluk, hususna masyarakat golongan
tengahan ka handap, buah peuteuy memang remen oge jadi menu kadaharan sapopoe.

Loba diantara urang pastina tacan nyaho kandungan anu aya dina peuteuy. Di jero peuteuy
tetela ngabogaan kandungan gula alami nyaeta Sukrosa, Glukosa, sarta Fruktosa, kalayan
kombinasi serat.

Kombinasi ti zat kasebut tetela bisa ngahasilkeun stamina atawa tanaga anu gancang.
Nurutkeun panalungtikan para ahli, ngadahar dua porsi peuteuy bisa ngahasilkeun tanaga anu
ageung salila 90 menit, mangka henteu heran lamun loba atlet olahraga sarta pagawe beurat
ngajadikeun peuteuy menu favorit maranehanana.

Tetela buah peuteuy anu salila ieu mindeng dihina kulantaran bauna, nanging loba khasiat
pikeun kasehatan urang, diantawisna tiasa ngubaran sagala rupa panyakit kawas
ngaleungitkeun Depresi, PMS (premenstrual syndrome), nyagerkeun Anemia, darah tinggi,
nyeuri lambung, Kagemukan, Sembelit, Stroke sarta sejenna.
Wasta : Windy Eka Sulistiani
Kelas : XII AP 4

PERKAWIS ANU KEDAH DIPIKANYAHO SISWA


NGENUNAAN KANA NARKOBA

Nga'nyalah gunakeun Narkoba nyaeta gawean anu ngalawan kana hukum, lamun urang atos
kena kana naon anu ngarana narkoba, urang pasti sesah meunangkeun pagawean!

Narkoba nyieun picilakaeun, nganggo narkoba ngaronjatkeun resiko kanker sarta karuksakan
paru-paru, oge menyebabkeun panik, hariwang sarta “parno” (rarasaan sepertos diudag jalmi)
anu bade ngancem kasalametan urang.

Narkoba ngurangan pangabisa ngalakukeun aktifitas anu nga'merlukeun kosentrasi sapertos


olahraga sarta diajar dina sakola.

Nganggo Narkoba ngurangan kapercayaan batur ka diri urang, nguras isi dompet, jadi
narkoba teh ngabatesan diri urang. Narkoba ngagangu sakola, hubungan sareng kulawargi,
sarta kahirupan sosial.
Narkoba ngagangu cara mikir sarta konsentrasi. Perkawis eta nyieun resiko sepertos
kacilakaan sarta kakerasan. Ngenyalahgunakeun Narkoba henteu ngajadikeun diri urang jadi
keren (cool), malahan sawangsulna penampilan urang katingali leuseuh.

Narkoba nyebabkeun kateragantungan, urang bakalan sesah ngallepaskeun diri kanggo


ngahindar ti mantenna. Make narkoba, sanes cara pikeun nyelesaikeun tina masalah, lamun
sabalikna masalah bakalan datang sabot urang mulai kena ti narkoba.

Ulah percanten ka jalmi anu nyarios yen narkoba teh henteu nyieun picilakaeun atawa
ngajadikeun urang rada mendingan.

Di Amerika Sarikat, kurang lewih 80% remaja umur 12-17 taun, tacan kantos nganggo
narkoba. Narkoba henteu ngajadikeun urang bingah, populer atawa komodeui nyieun sukses,
tapi bakalan midamel urang tunggara salamina..
Wasta : Yoga Maulana Putra
Kelas : XII AP 4

BAHAYA NARKOBA PIKEUN REMAJA

Lamun urang ngobrol ngeunaan pikeun bahayana narkoba? Saban dinten, tangtos wae urang
sapopoe pastina seur pisan sasarengan sareng seueur jalmi. Komo deui kanggo pikeun umur
remaja, saleresna emang kedah dilobakeun sering-sering ber-interaksi sareng seueur jalmi,
kanggo ngalatih sikap sosialisasi.

Nanging naon jadina, lamun remaja jaman ayeuna loba anu ketagihan kana naon anu
ngaranna narkoba? Narkoba sorangan singkatan tina narkotika, psikotropika, sarta obot-
obatan anu dilarang. Seueur pisan conto tina narkoba ieu teh, contona misalna morphine,
heroin, cocaine, ektasi, kokain, ganja atawa marijuana, shabu, sarta seueur keneh deui rupi
na.

Bahyana narkoba
Sagala rupa conto narkoba anu disebatkeun di luhur, henteu kenging urang konsumsi, komo
deui nepi katagihan. Larangan eta aya margi hiji alesan nana, salah sahijina nyaeta narkoba
tiasa ngabahayakeun pikeun fisik urang.
Narkoba tiasa ngarusak jantung urang, sarta margi sipatna anu nyieun midamel urang jadi
katagihan, narkoba lalaunan tiasa ngarusak sistem saraf pusat. Nanging henteu eureun di
dinya, narkoba oge tiasa ngaganggu wartos urang ber-sosialiasi.

Efek samping tina narkoba :


Salain ngabahayakeun pikeun fisik sarta otak urang, narkoba oge tiasa midamel urang jadi
sepertos anu disebatkeun dihandap ieu :
 Tiasa nyieun sipat urang barubah tiap wartos
 Sesah kanggo ngadenge nasehat ti kalot atawa guru
 Jadi ka katutup sarta pinuh rahasia
 Sering ngabohong sarta wani nyolong (margi peryogi artosna kanggo meser narkoba
anu hargana mahal selangit)
 Barobah jadi kaayaan sensitif sarta gampil kasinggung, emosian, sarta kadang henteu
sopan
 Ngabogaan kecurigaan anu sami ka sadaya jalmi, sesah percanten kana jalmi.
 Jadi rada kedul, ku kituna otomatis prestasi diajarna jadi turun
 Akal sehatna jadi tara kapake, ku kituna pikiran sarta kaputusan anu dicandak beuki
henteu logis.

Wah, tetela seueur pisannya bahyana ti si narkoba ieu? Padahal di mangsa remaja, saban
jalmi sakedahna tiasa maju jadi percaya diri, ngembangkeun sikap jujur, sarta nanggepan
sagala rupa-rupi masalah ku sikap bijak. Nanging sadaya eta jadi sesah lamun hiji jalma atos
ketagihan kana naon anu ngarana narkoba!
Wasta : Riana
Kelas : XII AP 3

HIRUP DAMANG TANPA NARKOBA

Peredaran narkoba sapertos ayena henteu ngan ditempat-tempat hiburan hungkul, ayeuna
atos mulai nyebar di lingkungan sakitar, sumawonten ka sakola-sakola. Kaliwat kumaha cara
ngahindaran supados kulawargi urang henteu tigebrus kana perkawis maksiat eta. Katut aya
sababaraha tips kanggo ngahindarkena, antawisna nyaeta :

Teangan informasi anu ngeunaan tina bahaya narkoba, diantawisna ti koran, majalah,
seminar, sakola, jsb.

Siapkan mental kanggo nampik lamun aya hiji babaturan urang aya anu nawarkeun.
Kuatkeun tekad urang kanggo nampik na. Carios " henteu kana narkoba", Siapkeun alesan
anu tiasa dianggo, sarta alihkeun cariosan lamun anjeun mimiti disudutkeun kana narkoba.

Nanging, lamun rerencangan teras maksa, geura-giru tinggakeun tempat eta. Salain eta
bogaan cita-cita dina hirup, ku kituna hirup urang jadi ngabogaan arah sarta tujuan.

Lakukeun kagiatan anu positip anu tiasa nulungan urang kanggo barobah jadi hiji jalmi anu
lewih percaya diri, sarta salurkeun hobi. Salain eta, supados henteu tigebrus kana narkoba,
diperlukeun oge pendekatan kognitif ti kolot, sakola, sarta guru.
Pendekatan kognitif mangrupakeun pendekatan anu tiasa ngurangan persepsi negatif
ngeunaan diri sorangan ku cara ngarobah kalepatan mikir sarta kayakinan diri anu kaliru.

Selanjutnya, ajarkeun cara pengendalian tingkah laku. Kalawan mikeun tindakan preventif,
urang tiasa dibingbing mikir positip. Nanging, lamun aya buda atos kalibet kana narkoba,
mangka salaku kolot ulah" ninggalkeuna " tapi lakukeun arahan dina usaha ngaerenan
katergantungan kana narkoba, supados tiasa nambah moril.

Saur pecandu anu atos kaluar ti rehabilitasi narkoba, mapatahan pisan lamun aya hiji jalmi
anu tos mulai kacanduan narkoba, kanggo ngiring program lanjutan, supados teu aya deui
akibat atawa ingetan, sarta henteu ngaluarkeun masalah lanjutan.
Wasta : Fahmi Abdulah
Kelas : XII AP 3

MEKARKEUN KASENIAN TRADISIONAL

Kasenian tradisional nyaeta kasenian anu napak dina tradisi atawa kabiasaan masarakat.
Rupa-rupa kasenian Sunda kayaning; calung, reog, degung, kendang penca, jaipongan,
kaasup conto kaseian tradisional. Tangtu wae ieu kasenian teh ku urang kudu dimekarkeun
ngarah tetep dipikaresep ku balarea sarta henteu tinggaleun jaman.

Salah sahiji conto kasenian Sunda anu geus dimekarkeun nyaeta jaipongan. Keur urang
Sunda mah kawasna geus teu bireuk deui kasenian jaipongan teh bubuhan sakitu populerna.
Upama dibandingkeun jeung kasenian sejenna, kayaning calung, angklung atawa reog,
jaipongan leuwih loba nu mikaresep.

Pangna kitu lantaran daya tarik ieu kasenian leuwih punjul, pangpangna dina lebah unsur
gerakan. Lamun ditilik tina sajarahna, jaipongan teh asalna tina kasenian ketuk tilu, nyaeta
kasenian anu diigelan ku ronggeng atawa dombret disebutna di wewengkon basisir kaler
mah.
Eta ketuk tilu teh tuluy diropea ku Gugum Gumbira, salasaurang seniman karawitan Sunda.
Ditambahan deui boh dina tatabeuhanana, boh dina gerak ibingna. Gerak ibingna dipasieup
deui ku gerak silat, tari moderen, jsb. Ngaranna oge tuluy robah, tina ketuk tilu jadi jaipongan.

Kasenian jaipongan kiwari geus pohara mekar jeung sumebar ka mana-mana. Kamekaran
henteu ukur di panggung wungkul, tapi beuki lega ambahanana. Dina dunya rekaman
upamana, kiwari geus pohara lobana kaset-kaset rekaman jaipongan. Urang bisa manggihan
meh di unggal toko kaset. Ku kitu teh manusabah lamun jaipongan beuki kawentar ka mana-
mana.

Malah lain bangsa urang bae nu resepeun, bangsa deungeun oge teu saeutik anu
kasengsremeun. Loba urang asing anu dialajar sarta bisa ngigel jaipongan.
Dina kahirupan sapopoe, apan mindeng pisan lamun aya nu hajat teh sok nanggap jaipongan.

Kitu deui dina acara pagelaran-pagelaran seni, boh dina agustusan boh pintonan seni di
sakola, nu ngigel jaipongan di panggung teh apan tara kaliwat, sok aya bae. Ieu hiji bukti yen
kasenian jaipongan teh kalandep ku balarea.
Wasta : Oki Darsono
Kelas : XII AP 3

KASENIAN SISINGAAN

Foto: @google images

Sisingaan mangrupa seni pintonan rahayat has Sunda. Euweuh asal pasti, iraha kasenian ieu
dicoo pikeun mimiti. Konon, ngaran Sisingaan geus dipikawanoh masarakat Sunda di Jawa
Kulon saprak tiheula. Awalna, kasenian ieu ngan dicoo di wewengkon kabupatén Subang,
Jawa Kulon. Tapi kiwari, pintonan Sisingaan ogé geus ngembang di wewengkon séjén,
kawas Kabupatén Bandung, Purwakarta sarta Sumedang.

Di kabupatén Subang, Sisingaan remen ogé dicoo katilu aya acara husus, kawas khitanan
massal sarta ngabagéakeun sémah agung atawa kanagaraan. Saban bulan Agustus, kasenian
ieu ogé dicoo sabot Poé Deui Warsih Kamerdikaan Republik Indonésia. Saban warsih,
kasenian ieu ogé dicoo sabot masarakat Subang ngarayakeun Poé Jadi Kabupatén Subang.

Sabot pintonan Sisingaan dicoo, Anjeun bisa nempo sawatara buah boneka sirah singa. Saban
boneka éta diletakkan di luhur hiji tandu anu umumna dijieun ti awi. Sabot Sisingaan dicoo
pikeun acara khitanan massal, di luhur saban tandu ogé diuk saurang anak lalaki anu baris
dikhitan.
Sarta sabot pintonan dimimitian, saban tandu éta dipunggu ku opat urang lalaki dewasa.
Maranéhanana maké pakéan adat Sunda. Hiji ciri hasna, maranéhanana maké ikat sirah ti
lawon atawa udeng. Teu heran, lamun aya ogé anu nyebutkeun kasenian ieu kalawan ngaran
Gotong Singa. Lamun diartikeun, Gotong diadopsi ti basa Sunda nyaéta dipunggu.

Lantunan sapakakas pakakas musik tradisional, kawas kendang, gong, salompret, sarta
ketipung jadi musik pengiring sabot pintonan Sisingaan dicoo. Bari leumpang suku, para
pengusung tandu ogé menari nuturkeun alunan musik.

Sakali-kali, maranéhanana ogé memainkan atraksi leumpang maju-mundur sarta muter.


Biasana, kasenian ieu ogé dicoo babarengan kalawan atraksi séjén, kawas pintonan akrobat
sarta pencak silat. Teu tinggaleun, tarian has Sunda, salah sahijina Jaipong ogé dicoo sabot
aya pintonan Sisingaan.

Pikeun jadi pamaén Sisingaan teu pisan-pisan gampang. Saban pamaén kudu ngabogaan
keterampilan husus. Bisa Anjeun bayangkeun, para pengusung tandu henteu ngan ditungtut
pikeun sanggup menari.

Maranéhanana ogé kudu menari sarta memainkan sawatara macem gerakan bari nahan
beungbeurat beurat di taktakna. Maranéhanana ogé kudu ngajaga kumaha ogé carana ambéh
boneka sirah singa éta henteu murag ti tandu. Leuwih, sabot di tandu éta ogé diuk saurang
anak lalaki anu baris dikhitan.

Kumaha cara pengusung tandu ngajaga keseimbangan tandu sarta awak maranéhanana?
Jawabannya bisa Anjeun manggihan sabot ngabogaan kasempetan pikeun nempo Sisingaan,
pintonan rahayat has Subang, Jawa Kulon.

Awalna, saban boneka sirah Singa dina pintonan Sisingaan kasampak basajan. Tapi kiwari,
boneka Sisingaan anu dijieun ti kertas éta dijieun sakitu rupa nepi ka kasampak gagah
nyarupaan wangun aslina. Kostum para pengusung Sisingaan ogé kasampak beuki glamour
kalawan kelir menyolok.

Kitu ogé kalawan musik pengiringnya, remen ogé lantunan musik perkusi sarta teunggeulan
bedug ogé hadir sabot pintonan Sisingaan dicoo. Bedug dijieun ti kai ngawangun silender
kalawan salah sahiji sisina ditutup kalawan kulit sato.
Wasta : Shandi Jani Ramdani
Kelas : XII AP 3

Kamekaran Kasenian Degung

Pikeun urang Sunda mah kasenian degung teh geus teu bireuk deui. Kadieunakeun malah
beuki populer bae ieu kasenian teh. Geus prah di mana-mana, lamun aya nu hajat geuning nu
ditanggapna teh sok kasenian degung. Nu matak munasabah lamun degung beuki dieu beuki
dipikawanoh jeung dipikaresep bae ku urang Sunda.

Di saban wewengkon ayeuna geus loba diadegkeun grup-grup degung. Atuh di Bogor nya
kitu deui. Numutkeun data ti Dinas Kebudayaan & Pariwisata Kota Bogor, aya 37 sanggar
seni anu ayeuna hirup teh tur umurna ngabogaan gamelan degung. Atuh lingkung seni anu
kawentar apan “Getar Pakuan”, lingkung seni bogana Pemkot Bogor, pingpinan Bapa Sobur
Anwar anu ti beh ditu keneh milu mekarkeun kasenian degung di Bogor.

Ti iraha mimiti gumelarna kasenian degung teh? Numutkeun sajarahna, degung mimiti
dipikawanoh ku urang Sunda dina ahir abad ka-18 atawa abad ka-19. mimitina saukur hirup
di lingkungan para menak jeung kadaleman wungkul. Kecap degung, cenah mangrupa basa
kirata, tina ngadeg jeung agung atawa pangagung (dalem, menak), anu ngandung harti yen
ieu kasenian teh digunakeun pikeun kaagungan martabat para menak jeung pangagung.

Aya deui nu netelakeun yen kecap degung teh lahir tina kanyataan, yen ieu gamelan ngan
ukur dipiboga ku para pangagung (dalem) Sala saurang pangagung anu gede jasana dina
mekarkeun kasenian degung nyaeta R.T. Wiranatakusumah V, bupati Cianjur. Nalika
anjeunna pindah jadi Bupat Bandung taun 1920, gamelan degung ti pendopo Cianjur dibawa
pindah ka Bandung katut para nayagana anu harita dipingpin ku Bapa Idi.

Jaman harita mah waditra degung teh ngan ukur bonang, saron, jengglong, jeung goong. Ku
Bapa Idi, waditrana tuluy ditambahan ku kendang jeung suling.

Sabada Bapa Idi pupus dina taun 1945, kasenian degung meh-mehan pareum. Eukeur mah
mangsa harita apan nagara urang keur meumeujeuhna harengheng ku revolusi fisik, rahayat
sangsara di mana-mana.

Degung kakara bisa mekar deui dina taun 1954 ku jasa Moh. Tarya, Ono Sukarna, jeung
Encar Carmedi. Salian ti ngasongkeun lalaguan nu geus aya, ieu nu tiluan teh nyiptakeun oge
lalaguan anyar. Ti mimiti taun 1956, degung mimiti disiarkeun ku RRI Bandung tur meunang
pangbagea anu hade ti masarakat.

Ti taun 1970-an kasenian degung beuki populer, dimekarkeun deui ku para seniman Sunda,
upamana bae Nano S., Euis Komariah, Kustyara, jeung Ujang Suryana. Ayeuna kasenian
degung lain ngan ukur populer di nagara urang bae. Di mancanagara oge ieu kasenian teh
diarulik ku pra musisi anu mikacinta kana seni Sunda.

Di University of California upamana, aya lingkung seni degung “Pusaka Sunda”. Atuh di
Inggris, Rachel Swindell jeung para mahasiswana nyieun lingkung seni anu ngahususkeun
ngulik degung. Kitu deui di Jepang jeung di Kanada teu saeutik para mahasiswa anu kataji
ku ieu kasenian.

Jadi tetela kasenian Sunda teh henteu tinggaleun jaman tur teu eleh ajenna ku kasenian
bangsa deungeun. Meujeuhna lamun urang kudu ngarasa reueus tur milu ancrub miara jeung
mekarkeunana.
Wasta : Indri Rahmayanti
Kelas : XII AP 3

WALIKOTA NGAJAK MURID MERANGKEUN NARKOBA

Ihtiar merangan bahaya narkoba lain saukur kawajiban pamarentah wungkul, tapi oge
kawajiban balarea. Ku ayana organisasi kamasarakatan nu ancrub milu merangan bahaya
narkoba, saperti Komite Peduli Pendidikan Nasional (KPPN) Kota Bandung nu geus
ngalaksanakeun pembinaan ka murid-murid SMU mangrupa babakti masarakat dina
merangan bahaya narkoba.

Kitu ditandeskeun Walikota Bandung, H. Dada Rosada, SH, M.Si basa ngaluncurkeun "Buku
Saku" sababaraha waktu kaliwat. "Barudak sakola minangka generasi penerus bangsa
sangkan bisa ngahulag narkoba tina kahirupan, sabab narkoba mangrupa musuh utama nu
baris ngancurkeun kahirupan sarerea," pokna tandes naker.

Tarekah merangan narkoba, ceuk Dada, mangrupa sumanget pikeun ngagempur peredaran
jeung sindikatna, enggoning nyalametkeun kaom nonoman tina bahaya narkoba. Lamun
narkoba bisa diperangan tinangtu baris medalkeun masarakat Kota Bandung nu bermartabat.

"Buku Saku" nu diluncurkeun teh dimaksudkeun keur barudak SMU sa-Kota Bandung.
"Eusina ngeunaan bahaya narkoba jeung pencegahanana sangkan tong ngadeukeutan
narkoba," teges Ketua KPPN Kota Bandung Diddy R. Ridjadi, S.IP. Ieu buku teh dipiharep
mampuh ngadorong barudak nu keur nyuprih elmu di SMU, salian bisa ngajauhan narkoba,
oge bisa milu aub meranganana.

Sekretaris KPPN Kota Bandung Drs. Fajar Kurniawan, M.Si negeskeun tarekah pembinaan
jeung sosialisasi di lingkungan barudak sakola teh dilaksanakeun ngaliwatan pagelaran seni
budaya jeung konser-konser musik. Lian ti eta, nu geus rutin dipigawe nyaeta ku jalan datang
langsung ka sakola-sakola, mere piwuruk jeung ngabagi-ngabagikeun buku saku.
Wasta : Siti Rachma A.
Kelas : XII AP 3

Situs Ayar Batu Pasanggrahan

Situs anu hiji ieu mah mimiti kapaluruhna ti narasumber, Guru Gunawan di salah sahiji
sakolaan di Sumedang. Kitu nurutkeun Tim Penulis nu dipupuhuan ku Prof. Dr. Nina Herlina
Lubis Ketua MSI Jabar.

Data awal kapendakna ku para panaliti tina, Compact Disc nu eusina tetela potret-potret hiji
pasir jeung batu-batu alamna nu keur dieksploitasi ku hiji perusahaan. Pasirna ngajegir di
Selareuma Desa Pasanggrahan Kacamatan Sumedang Selatan, sisi jalan raya beulah katuhu
kira 300 meter sabada SPBU Samoja.

Saenyana ari ngalianana mah geus rada lila, tina batu-batu anu kakali, batu-batu alamna teh
ukuran panjang kurang leuwih 2 meter, sisi 40 sentimeter. Tina potret-potret katingali yen
ieu paesan ngandung rupa-rupa batu.

Di antarana pilar-pilar batu nu rek sarua jeung menhir. Tapi sanajan kitu, hiji menhir teh batu
alam nu geus diolah ku manusa keur rupa-rupa kapereluan upacara, boh nu aya tumalina
jeung wangunan teras umpak, boh menhir anu mandiri nu ngalengkepan altar batu.
Dina kasus kieu bisa dikaji ulang, naha di tempat ieu teh aya situs nu corakna megalitik sejen
jeung batu-batu nu susunanna sarua jeung batu-batu alam nu saperti tadi, turta salila ieu
dikaramatkeun ku rayat sabudeureunana.

Upama bener kitu, bisa jadi ieu kawasan jadi sumber batu-batu nu nyusun wawangunan teras
umpak. Atawa upama kapanggih paparabotan tina batu, ku kituna bisa jadi ieu pasir memang
bengkel tina hiji situs nu corakna megalitik.

Dina hal ieu perelu dilakukeun panalitian nu leuwih jero deui pikeun nangtukeun naha ieu
pasir teh bener situs atawa lain. Lian ti kitu, dilaporkeun oge ayana batu korsi di Dusun Pasir
Peti. Kelurahan Pasanggrahan Kacamatan Sumedang Selatan.

Nurutkeun Sumber lisan disebutkeun yen Batu Korsi, sanajan bentukna jiga korsi, tapi teu
bisa didiukan ku manusa jeung diliwatan ku sasatoan. Upama aya anu ngadiukan, jalma anu
ngadiukanana moal bisa nangtung deui. Kitu deui sasatoan nu ngaliwat ka luhureunana, bakal
labuh.

Você também pode gostar