Você está na página 1de 1

Artikel basa Sunda singkat

Ngamumule lingkungan hirup


Ku Yogi Ginanjar

Lingkungan hirup nyaeta tempat dimana urang salarea ngajalankeun aktivitasna,


lingkungan hirup anu nyaman anu tengrem anu beresih Jeung anu rapih nyaeta lingkungan anu
Hade pisan, Komo bari loba keneh tatangkalanmah genah tiis loba keneh oksigen. Tapi ku jaman
Kiwari nu geus leuwih maju loba nu ngarubah lingkungan hirup ieu, mimiti ti plastik nepika
sejena. Tah ku ayeuna ieu simkuring urang aya cara Pamungkas kanggo ngamumule lingkungan
hirup urang salarea.

1. Meresihan tina sampah


Urang kudu meresihkeun tina sampah Jeung pilah pilah sampahnya Kana 2 atau 3 tempat
nyaeta sampah organik, plastik Jeung sampah anu bahaya sejena, tah upami sampah organik mah
kop bae jadikeun pupuk keur tatangkalan tapi lamun sampah non organik Jeung sampah sejena
kop we pisahkeun Jeung daur ulang, atau oge keur nambahan amal urang bikeun ka tukang
pulung, tuh beresih onggoh meunangkeun pahala ongkoh, loba pisan masalah tina sampah non
organik kawas bisa nyebabkeun banjir, Jeung panyakit. Lamun loba pisan sampah salain teu
nyaman urang ninggalin oge pasti bakal ka ambung bau teu pararuguh, tuh kan Ari tos ka ambung
mah teu Raos teu nyaman urang hirup di lingkungan kitu. Matakna Sok geura malire kumaha
pentingnya lingkungan hirup keur urang salarea.

2. Melakan tatangkalan nu ngahasilkeun


Sok geura garetol lamun aya tanah anu kosong Jeung lamun aya tanah nu rawan longsor
geura pemakan ku tatangkalan nu ngahasilkeun kawas nangka Jeung sajabina, pan Ari melakan
tatangkalan anu ngahasilkeun mah urang bisa loba mangfaatna mimiti ti nyegah longsor Jeung
banjir, lingkungan hirup urang nyaman Jeung adem tarariis ku oksigen Jeung ngkena bakal
menang buahna deuk nangka atawa kadu jst. Tuh euweuh rugina lamun urang salarea pinter
Jeung hideng Dina miara lingkungan hirup urang. Tah melakan ku tatangkalan anu ngahasilkeun
oge Hade pikeun ngarawat tanah reboisasi, Naha bet Hade? Pan lamun tangkalna ngahasilkeun
mah ku masyarakatnya oge pasti bakal di rawat, tah nu Sok makanan liar oge moal aya.

3. Ngagunakeun barang nu ramah lingkungan


Tah urang salarea lamun nyaah Kana lingkungan hirup urang kudu bisa ngagunakeun
barang nu ramah lingkungan nu bisa sababaraha kali pake kawas lamun balanjateh make kantong
biasa we ulah make kantong plastik anu nambah nambahan sampah nu Lila kauraina. Tah sok
geura malamalalikir ngagunakeun bahan nu ramah lingkungan meh tetep kajaga lingkungan hirup
urang.

4. Naek kendaraan umum


Euleuh Naha jol Kana kendaraan umum? Sok gera tebak Naha bet jadi Kana kendaraan
umum Sagala? Tah ku lobana kendaraan pribadi loba oge polusi nu dikaluarkeun kudunamah
urangteh make kendaraan umum, Naha bet kitu? Ari make kendaraan umummah urangteh salain
hemat biaya ditambahkan ramah keur lingkungan Anda, tah polusiteh bisa ngurangan sahenteuna
teu kawan marawa kendaraan sorangan.

Kasimpulana ngamumule lingkungan hirupteh kewajiban nu harirup genah henteuna diri urang
Jeung lingkungan urang kumaha urangna, jadi lamun hayang nyaman kop geura mumule
lingkungan hirupna.

Você também pode gostar