Você está na página 1de 5

ARTIKEL

A.Wangenan Artikel
Numutkeun kamus besar bahasa indonesia, artikel nya éta “Karya Tulis Lengkep”
misalna laporan berita atawa éséy dina majalah. Numutkeun définisi ieu, idéalna hiji artikel
ngabahas seluk beluk hiji téma sacara tuntas.
Sedengkeun numutkeun Eneste (2005) artikel didefinisikeun minangka wangun
karangan anu eusina analisis hiji fenomena alam atawa sosial jeung maksud pikeun
ngécéskeun saha, naon, iraha, di mana, kumaha sarta naha fenomena alam atawa sosial
kasebut lumangsung. Hiji artikel sakapeung nawarkeun hiji alternatif pikeun pemecahan hiji
masalah.

B. Ciri-Ciri Artikel
Sababaraha urang nyoba pikeun ngarinci ciri-ciri hiji artikel, nyaéta:
1. Lugas: Tulisan langsung nuju pasualan.
2. Logis: sagala katerangan anu didadarkeun kudu ngabogaan dasar sarta ékol anu asup uteuk
sarta bisa diuji kebenarannya.
3. Tuntas: masalah atawa téma anu dipilih didadarkeun sacara mendalam.
4. Obyektif: katerangan anu disajikeun luyu jeung data sarta fakta anu aya.
5. Cermat: usaha nyingkahan sagala rupa kakaliruan cacak saleutik naon waé.
6. Écés sarta mundel: katerangan gampang dipahaman Henteu ngalibatkeun emosi anu
kaleuleuwihann gagunakeun basa baku sarta nengetan tanda baca.
Tapi, ku sabab teuaya aturan anu baku hiji artikel kudu kitu atawa kieu (sahenteuna
sampé waktu ayeuna kamus tacan mendakan) maka sabagian jalma nyanggah pamadegan
ngeunaan ciri-ciri artikel di luhur, sabab nulis artikel bisa gumantung kana tujuan
dituliskeuna artikel.

Struktur artikel
Umumna struktur artikel anu hadé téh miboga unsur-unsur saperti anu ditataan di handap ieu.

1. gambar
2. bagian bubuka
3. bagian eusi
4. sub bagian/undakan (upama dibutuhkeun)
5. wikifikasi
6. interwiki
7. katagori
8. minimal 2 sumber rujukan

Basa Sunda anu dipaké


Sacara umum, Basa Sunda anu dipaké pikeun nulis dina Wikipédia Basa Sunda nyaéta basa
loma. Ieu basa téh dianggap basa nétral pikeun basa tinulis boh dina surat kabar, majalah,
boh dina karya tulis ilmiah di paguron luhur. Dipakéna basa loma lantaran teu némbongkeun
ayana hierarki (undak-usuk) basa anu sakapeung hésé dipikaharti. Sabisa-bisa dina nulis
artikel énsiklopédis mah paké basa loma baé.

Najan kitu, basa hormat bisa wae dipaké dina kaca sawala. Tujuanna pikeun némbongkeun
silih hormat antara kontributor. Basa kasar atawa cohag sabisa-bisa kudu disingkahan, sabab
bisa nyababkeun pacogrégan jeung salah paham dina ngahartikeunna. Sikep silih hormat
jeung ngajenan étika kudu salawasna dipaké.

Éjahan

Éjahan anu dipaké hadéna mah éjahan anu sawajarna dipaké dina basa Sunda kiwari. Pikeun
dadasar nangtukeun éjahan anu merenah, bisa dipaké Palanggeran Éjahan Basa Sunda anu
disusun ku Jurusan Pendidikan Basa Daerah UPI. Sanajan kitu, ulah asa-asa pikeun ngédit
lantaran teu yakin kana basa jeung éjahan anu dipaké dina artikel Anjeun. Tingali deui
kawijakan ngédit, pikeun leuwih écésna.

Tingali ogé rupa-rupa kekecapan anu kurang merenah atawa salah dina waktu
narjamahkeun jeung nuliskeun artikel.

Aksara

Aksara anu dipaké dina Wikipedia Basa Sunda utamana maké aksara Latén. Kalawan maké
aksara vokal /a, i, u, é, e, o, eu/ jeung aksara konsonan /b, c, d, f, g, h, j, k, l, m, n, p, q, r, s, t,
v, w, x, y, z/. Aksara kapital dipaké luyu jeung katangtuan umum dina palanggeran éjahan.
Pikeun némbongkeun karakter /é/ jeung /É/ bisa dipaké pilihan “karakter husus” dina kotak
modul “sunting sumber”.

Aksara séjén anu bisa dipaké dina artikel nyaéta Aksara Sunda baku versi Unicode. Ieu
aksara dipaké sabutuhna dina awal artikel.
Misalna:

Basa Sunda (ᮘᮘ ᮘᮘᮘᮘᮘ) minangka basa nu dipaké kurang leuwih ku 27,000,000 jalma di
wewengkon kulon pulo Jawa, atawa 13,6% ti populasi Indonésia.

Pikeun istilah-istilah serepan anu perlu ditémbongkeun dina wangun tulisan anu maké aksara
aslina (misalna aksara Arab, Yunani, Jepang jrrd.), mangka bisa dituliskeun dina jero kurung.

Gaya jeung nada panulisan


Unggal jalma anu méré kontribusi artikel atawa ngédit artikel miboga gaya nulis anu béda-
béda. Ieu hal téh nyumbang kaunikan jeung hak husus anu dipiboga ku para kontributorna
masing-masing. Najan kitu, perkara anu patali jeung pamilihan kecap (diksi) jeung istilah
sakuduna jadi perhatian utama pikeun para kontributor.

Aya dua gaya panulisan anu dianggap luyu pikeun artikel Wikipédia. Leuwih jauhna, panulis
kudu salawasna merhatikeun yén nada tulisan sipatna resmi (formal), tiis (impresional), jeung
nétral (teu mihak: teu bisa, teu emosional, jeung bersih tina prasangka).

Gaya berita/jurnalistik

Sawatara kontributor nyarankeun dipakena gaya panulisan berita (warta). Ieu gaya teh nyaéta
gaya prosa pikeun berita dina kaca hareup koran atawa buletin warta anu dipidangkeu di
radio jeung tipi. Ciri utamana nyaeta nempatkeun inpormasi penting dina bagian awal, jeung
informasi anu kurang penting nyusul di satukangeunana. Wangun ieu maksud awalna mah
supaya para éditor bisa megatkeun bagéan handap warta upama éta berita téh kakurangan
rohangan dina tata teundeun. Gaya ieu ngutamakeun inpormasi penting sabab lolobana jalma
merlukeun inpormasi penting sagancang-gancangna, sedengkeun informasi kurang penting
bisa ditéang satukangeunana.

Artikel énsiklopédia teu kudu salawasna nuturkeun gaya panulisan warta, tapi mun geus biasa
ku gaya ieu bisa mantuan ngarencanakeun gaya jeung tata tempat hiji artikel. Urang ogé perlu
sadar yén gaya panulisan warta lain hartina nada panulisan saperti halna warta hiburan bisa
ditarima (tingali bagéan Nada panulisan).

Gaya ringeksan

Gaya ringkesan nyaéta gaya panulisan anu ampir sarupa jeung gaya berita, tapi bisa dipaké
pikeun ngabahas topik-topik anu rék dijelaskeun satuluyna. Gaya ieu dipaké pikeun
ngamimitian subbagéan-subbagéan, lain paragraf-paragraf anyar.

Ide dasar pikeun gaya ieu nyaeta pikeun ngabagikeun informasi ka nu maca anu miharep
sajumlah informasi wincikan (rincian). Nu maca bisa nangtukeun sorangan naha manehna rek
maca wincikan anu disadiakeun atawa cukup ringkesan dina awalna wungkul.

Aya dua alesan utama pikeun make gaya ringkesan. Anu kahiji nyaeta nu maca perlu
tingkatan wincikan anu beda-beda. Sababaraha pamaca ngan saukur mikahayang ringeksan
singget (nu matak bisa maca bagian panganteurna wungkul), pamaca anu sejenna perlu
leuwih loba informasi (dina hal ieu gaya ringkesan bisa mantuan), jeung pamaca anu boga
minat kana wincikan anu leuwih jero bisa maca subbagian-subbagian anu ngabarenganana.
Alesan sejenna nyaeta yen artikel anu panjang teuing bakal matak ngahesekeun jeung
mungkin bae bakal aya bagian anu dibalikan deui anu teu perlu. Ringkesan tetep merhatikeun
kalengkepan eusi.

Nada panulisan

Artikel Wikipedia jeung eusi artikel ensiklopedik sejenna, kudu ditulis ku nada resmi.
Standar pikeun nada resmi teh teu saragem lantaran gumantung kana subjek anu dibahas.
Disarankeun pikeun nuturkeun gaya anu dipake ku sumber anu dipercaya, ku cara tetep
ngajaga sangkan artikel bersih jeung gampang dipikaharti. Nada resmi hartina yen artikel
sakuduna teu ditulis make jargon, basa anu hese saperti basa legal, argot (kekecapan anu ngan
dipikaharti ku golongan atawa kelas nu tangtu), atawa basa anu kabur. Basa Sunda anu
dipake sakuduna tegas, ringkes, jeung efektif.

Artikel sakuduna teu ditulis tina jihat sawangan jalma kahiji atawa kadua. Artikel anu ditulis
saperti kitu sering dihapus. Kecap gaganti jalma (pronomina) saperti kuring atawa urang
nandakeun jihat sawangan anu teu konsisten kana jihat sawangan nétral. Sanajan kitu urang
meureunan bisa dipake dina konteks matematika. Kecap gaganti saperti anjeun, saderek,
atawa salira sering muncul dina pituduh pamakéan, ku lantaran kitu teu luyu pikeun
énsiklpédia. Kecap gaganti jalma kahiji jeung kadua hadéna mah ngan saukur dipaké dina
artikel dina kutipan langsung anu cocog jeung subyék anu dipedar.

Basa Sunda umumna teu mikawanoh génder. Tapi upama Anjeun manggihan kecap anu
maké génder, sarta aya alternatif kecap tanpa kudu maké génder anu bisa dipaké, mangka
pilih baé éta kecap. Misalna pilih kecap anak, lain putra atawa putri upama informasi génder
teu diperlukeun.

Tanda baca panyeluk ngan meunang muncul nurutkeun kamupakatan umum dina prak-prakan
sapopoé. Tanda panyeluk (tanda seru -- ! --) hadéna dipaké ngan saukur dina kutipan
langsung.

Pikirkeun balaréa
Dina midangkeun hiji artikel kudu ditimbang yén artikel anu dimuat dina Wikipédia Basa
Sunda téh nyaéta artikel anu bisa dibaca ku balaréa boh anu boga pendidikan boh anu
henteu, boh politisi boh aparat nagara, rahayat biasa atawa jalma awam, jeung sajabana.
Anggap yén pamaca téh maca artikel dina Wikipédia pikeun diajar. Bisa waé éta pamaca téh
enya-enya teu nyahoeun subyék artikelna. Ku kituna artikel dina Wikipédia téh kudu
ngadadarkeun subyékna kalawan jéntré (lengkep).

Singkahan maké jargon lamun mungkin. Hiji artikel anu judulna Dipakena skala kromatik di
éra awal musik Barok kamungkinan gedé bakal dibaca ku musisi, nu matak méré detil teknis
jeung jargon téh bener pisan lamun dilakukeun. Sabalikna, artikel anu judulna Musik Rap
meureun bakal dibaca ku rumaja anu ngan hayang saukur ningali pedaran katerangan ringkes
jeung gampang dipikaharti, anu bakal diteruskeun atawa dihubungkeun ku pedaran detil
lamun diperlukeun. Lamun jargon dipaké dina artikel, pedaran singget kudu ditambahkeun
dina éta artikel. Usahakeun pikeun nyaimbangkeun legana jeung detail artikel sangkan nu
maca bisa meunang informasi tina éta tulisan.

Ngévaluasi konteks

Ieu mangrupa hal-hal anu bisa dipikirkeun pikeun mantuan Anjeun dina nimbang-nimbang
kontéks artikel nu tangtu. Naha cukup lega pikeun nu maca atawa henteu:

 Naha artikel éta téh bisa dipikaharti lamun nu maca meunang tina menu navigasi
Kaca acak? (Husus:Acak)
 Bayangkeun lamun diri Anjeun saurang awam anu bisa nyarita basa Sunda di nagara
séjén. Bisa ngarti kana éta artikel atawa henteu?
 Naha jalma bisa paham kana éta eusi artikel lamun manehna maca hasil citakan kaca
awalna wungkul?
 Naha nu maca jadi katarik pikeun maca eusi tutumbu anu ditambahkeun?

Wangun jaringan kaca

Kudu ditimbang-timbang pikeun nempatkeun artikel dina hiji jaringan artikel anu silih
nyambung. Jieun hiji tumbuan ka luhur, kategorisasi jeung konteks artikel (misalna: Amien
Rais nyaeta saurang politisi, Gunung Guntur nyaeta hiji gunung di Jawa Kulon). Jieun
tumbuan kana artikel anu sajenis (pikeun proton tingali oge éléktron, wates Sumatera Utara
jeung Sumatera Barat). Ulah nyieun struktur katergori anu jero teuing jeung heureut teuing,
atawa datar teuing. Nyieun sistem kategori ti luhur ka handap (umum ka husus) bakal
nulungan pikeun nyieun artikel dina subkategori.

Iwal ti eta, singkahan nyieun artikel pahatu. Lamun nulis artikel anyar, pastikeun aya kaca
sejen anu miboga tutumbu kana artikel Anjeun.

Jelaskeun anu geus jelas

Jelaskeun kanyataan-kanyataan anu mungkin geus jelas keur Anjeun tapi can tangtu jelas
keur nu maca. Biasana ungkara nu kitu téh mangrupa kalimah-kalimah awal dina artikel.
Contona, perhatikeun kalimah di handap ieu:

Panceg kana topik artikel

Artikel anu hadé téh teu ngandung informasi anu teu luyu (rélevan) atawa informasi anu
saeutik luyuna. Dina waktu nulis artikel, mungkin baé Anjeun méngpar kana topik nu anyar.
Asupkeun baé informasi anu siga kitu téh kana artikel anu béda, anu leuwih luyu jeung éta
topik anyar. Tutumbu bisa ditambahkeun kana ieu artikel anyar, jeung pamaca anu katarik
bisa nuturkeun éta tutumbu, sawatara pamaca anu teu katarik teu perlu kaganggu.

Paké istilah anu jelas, merenah, jeung akurat


Maké istilah téh perlu diperhatikeun kalawan husus pikeun saha baé anu rek méré kontribusi
kaca jeung ngédit leuleutikan kalawan angger kudu merhatikeun Palanggeran Éjahan Basa
Sunda anu dipaké dina Wikipedia Basa Sunda. Dipakéna istilah anyar atawa anu kurang
umum kudu dibéré katerangan tambahan mangrupa kurung buka jeung kurung tutup, sabada
ahir kalimah tambahkeun tanda béntang gigireun titik. Tuluy upama artikel geus bérés ditulis,
jieun bagian anyar kalawan dingaranan catetan suku, jeung cara nu pandeuri nyaéta ku
kurung buka juru tilu (segitiga) pikeun ngarujuk kana réferénsi.

Você também pode gostar