Você está na página 1de 3

Kasenian Daerah Pasundan

Indonésia téh kaasup nagri anu beunghar ku budaya, hususna budaya daérah. Saban sélér bangsa, anu
nyicingan rébuan pulo di Indonesia, mibanda kabudayaan séwang-séwangan. Diantarana, kasenian
daérah.

Naon ari kasenian daérah teh? Tangtu baé kasenian anu lahir sarta hirup di daérah. Ieu kasenian téh
perlu diipuk jeung dimekarkeun lantaran mangrupa banda bangsa anu gedé ajénna. Kasenian daérah anu
hirup, dipikawanoh, tur dipikaresep lain baé ku sélér bangsa anu nyiptakeunana disebut kasenian
nasional. Jadi, kasenian daérah téh mangrupa unsur pangwangun kasenian nasional.

Kasenian jaipong umpamana, ieu kasenian asal Jawa Barat téh geus jadi kasenian nasional. Lain baé
urang Sunda nu mikaresep jaipongan téh, tapi ogé dipikaresep ku sélér bangsa séjén. Ambahan
kamekaranana jelas leuwih lega, lain ngan di tatar Sunda wungkul. Malah, ceuk béja, urang mancanagara
ogé loba nu mikaresep.

Lamun seug ditalungtik, kasenian Sunda téh pohara lobana. Ieu kasenian anu sakitu lobana téh kiwari
nungtut laleungitan. Malah boa hidep mah ngan saukur kungsi ngadéngé ngaranna baé. Ari pangna terus
muguran téh lantaran taya generasi ngora anu neruskeunana. Kanyataan ieu téh puguh matak pohara
handeueulna. Pohara matak prihatinna. Enya, saha nu teu prihatin kaleungitan kakayaan bangsa anu
gedé ajénna?

Urang salaku urang Sunda ulah tepi ka pareumeun obor, atuh saeutikna apal ngaran-ngaranna, heunteu
apal janggélékna ogé. Ku sabab kitu, geura urang tataan, boh kasenian anu masih hirup boh anu kungsi
hirup. Geura urang tataan, diantarana baé, wayang golék, jaipongan, cianjuran, angklung, calung,
kendang penca, beluk, kiliningan, ketuk tilu, kuda lumping, tarawangsa, sandiwara, réog, longsér, lais,
debus, ubrug, ujungan, dombrét, kawih, gending karesmén, bangbarongan, jeung gondang. Éta téh karék
sabagian leutik, dah ceuk béja kasenian Sunda anu kungsi hirup téh leuwih ti tilu puluh rupana.

Moal boa, di sélér bangsa séjén ogé mibanda kasenian anu kawilang loba sarta geus loba deui nu
paéhna. Lamun ti hiji sélér bangsa, sebut baé, mibanda tilu puluh kasenian, pék kalikeun ku hidep. Énya
maksud téh, kalikeun jeung jumlah sélér bangsa nu aya di Indonésia. Leuh, pohara beungharna Indonésia
téh.

Salah sahiji kasenian Sunda anu populer di masarakat urang kiwari nyaeta wayang golek. Komo sanggeus
bisa disiarkeun dina radio jeung televisi, wayang golek beuki dipikaresep bae ku balarea, boh di kota boh
di pilemburan. Lamun sakalieun aya nu hajat nanggap wayang golek, nu lalajo teh ilaharna sok tumplek ti
mana-mendi.

Atuh tokoh-tokoh dina pawayangan apan geus dipikawanoh pisan ku masarakat urang, upamana bae
Gatotgaca, Arjuna, Bima, Dorna, Semar, Si Cepot, jeung sajabana. Ieu hiji bukti yen kasenian wayang
golek teh geus raket pisan jeung batin urang Sunda.

Wayang golek teh hiji pagelaran anu mangrupa gabungan sababaraha unsur kasenian, nyaeta seni sastra
(lalakon), seni karawitan (gamelan) seni swara (sinden), jeung seni gerak atawa tari (gerak-gerik wayang)
Anu jadi lulugu dina pagelaran wayang golek nyaeta dalang anu pancenna ngalalakonkeun carita.

Kamaheran dalang dina ngaguar carita, ngigelkeun wayang, nepikeun palasipah atawa ngabodor, ilaharna
jadi takeran dipikaresep henteuna hiji pagelaran wayang ku nu lalajo. Ku lantaran kitu, dalang teh
diperedih pisan kamaheranana dina rupa-rupa widang.

Asep Sunandar Sunarya upamana, dalang anu kiwari kamashur, kalandep ku balarea teh lantaran
kamaheranana dina rupa-rupa widang kasenian sarta bisa ngasongkeun hal anu anyar.

Salian ti ngigelkeun wayang, dalang oge ngagunakeun parabot sejen nyaeta campala jeung kecrek.
Campala teh sabangsa palu anu sok ditakolkeun, pikeun ngantebkeun hiji omongan atawa hiji peristiwa
anu keur dilalakonkeun. Ari kecrek pikeun ngantebkeun suasana, utamana dina adegan-adegan perang
tanding.

Di sagedengeun dalang, nayagaoge nyekel kalungguhan anu penting. Apan para nayaga pisan anu
nabeuh gamelan teh. Waditra kasenian anu ilahar digunakeun dina wayang golek diantarana: kendang,
goong, saron, bonang, jengglong, gambang, jeung rebab.

Carita anu keur dilalakonkeun ku dalang, sok diselang-seling ku sinden, nyaeta juru kawih (tukang
ngawih) anu nembangkeun lalaguan. Ilaharna lagu anu ditembangkeun ku sinden luyu jeung peristiwa
anu keur dilalakonkeun, upamana bae dina peristiwa pikasediheun sinden nembangkeun lalaguan anu
sedih, jsb.
Carita wayang teh asalna mah ti India, babonna tina buku Mahabarata karangan Wiyasa jeung Ramayana
karangan Walmiki. Mahabarata nyaritakeun turunan Pandawa jeung Kurawa anu marebutkeun nagara
warisan karuhunna, tepi ka ahirna perang campuh di Tegal Kuruseta anu kawentar Perang Baratayuda.

Ari Ramayang nyaritakeun Rama jeung Sinta. Dina Ramayana aya sempalan carita anu ngalalakonkeun
Sinta diculik ku Rahwana, raja nagara Alengka. Sabada peperangan, Sinta bisa dipimilik deui ku Rama
sarta dititah labuh geni (ngaduruk maneh) pikeun ngabuktikeun kasucian dirina.

Sanajan asalna ti India, wayang teh geus jadi banda budaya Sunda. Ku lantaran kitu, salaku urang Sunda
tangtu bae urang kudu mili ngariksa sangkan wayang golek tetep langgeng dipikaresep ku balarea.
Sakurang-kurangna urang kudu wanoh sarta mikaresep kasenian wayang golek.

https://www.basasunda.com/p/contoh-artikel-bahasa-sunda-tentang_6.html?m=1

http://sepengatahuanku.blogspot.com/2014/10/artikel-bahasa-sunda-kasenian-daerah-pasundan.html?
m=1

Você também pode gostar