Você está na página 1de 20

T.A.U.N A.N.Y.A.

R
T. etepkeun jalan sorangeun pikeun pancén pikahareupeun..
A. nu enggeus kasorang katukang omat sing jadi pieunteungeun
U. lah ngan saukur kabawa ku nafsu kahayang jeung kasarakahan
N. gabagéakeun taun anyar téh ulah ku lampah anu teu munasabah

A. ji diri salila sataun ka tukang,….tapi lain kalangkang hirupna


N. aon anu baris jadi modal hirup di dunya dina taun nu bakal datang
Y.en urang kudu silih elingan jeung silih tulungan dina ngambah hirup pikahareupeun
A. nu kungsi kalakonan dina ngeusian taun anu kaliwat
R. umasakeun yen urang teh mahkluk nu lemah/dhoif..mung ka Gusti Allah urang nya
muntang.

LENGKAH HIRUP INGGIS KALANGSU

Geus jauh teuing ngaléngkah téh


Ninggalkeun tali para wali……… paranti ngaji diri
Kaséréd caah di unggal wanci
Leutak pagaliwota jeung runtah, motah
Ngémprakan nu teu bisa unggah

Geus jauh teuing geuning kaséréd téh


Kabawa gumuruhna napsu diri nu teu maranti
Pangharepan ngarawél ……..ngopépang geusan pamuntangan
Jukut riut, alimusa jeung eurih
Saukur pangbébénjo ku kapeurih
Ngését haté nu kapépéndé
Enya, nurih raheut kapeurih
Gusti paparin areuy kasalametan……….. geusan pamuntangan
Nu ngajait tina nyéotna leuwi kasalahan
Nu baris ngangkat tina ngaplakna sagara kakhilafan
Sagara, enya ………….sagara katunggaraan
Nu ti tadi nangtung, miharep hujan jadi cileuncang
Pikeun malidkeun runtah na jero dada
hasud, adigung, munapék,………………sirik, pidik jeung musrik

Kahayang……….ngantebkeun sawangan nu gugulantungan luhureun tarang


nilik diri nu teu surti, mawa raga nu teu wasa
nuturkeun aji nu maranti
awak rempo, lalinu unggal waktu
pananya ngaduruk jeroeun dada
nyangkaruk hanjelu teu manggih tungtung
hanjakal ngabayah na letah ………… na hate…………. na dada
laju nyelek na tikoro, ngampar na eusi tarang
walatra nepi ka kacapuri

bet kareungeu . aya sora girimis lumengis


nenjo awak nu geus salin jinis
tanaga ledis ………….balas nyurung-nyurung pangajak rasa
mudalkeun pangharepan nu samar kahayang
kiwari jalan narawangan, sanajan layung geus teu surti….
kana wanci

girimis geus salin jinis


jadi mangréwu-réwu jamparing, tingbelesat
dipentangkeun gondéwa balébat, tingkolépat
mapay nyawa niruk dada
MILANGKALA
Milang taun lir milang kalangkang
Ngonci wanci ku ingetan nu limpeuran
Gurudug diudag guludug umur
Nyangsaya kasura cucuk hirup
Sakapeung sasar ku hawar, Gusti,
Sakapeung geumpeur ku pati

Milang taun lir milang kahayang


Mun lampah wegah tinangtu palid ku caah
Abus ka taun anyar, pasini can katebus
Hareudang rumingkang, anggang diteang
Antukna pasea jeung diri sorangan
Pasea jeung kaaayaan

Milang taun lir milang kamelang


Melang rék miang, melang rék mulang
Hariwang ku kalangkang nu can kasorang
Peurih ku kaasih nu teu nyungsi kana ati
Peurih ku lampah nu salah

Ulah rék ngahayu hayu mulung kaduhung, ngulang kahayang


Geura girimiskeun ……… kesang di kebon harepan nu garing
Maca nu liwat………….. ngahanca nu ngolébat
Gusti Anteur kuring ……………. …………. tetep eling
LONGKEWANG HAREPAN

Ciwdey lebakkeun kawah Putih


satapak jalan ka puncak gunung Patuha
ambuing………….. netekna jiga anu ngigelan karep
Rék nyarita teu wasa kalis ku sabaris ogé

Ngeumbing kaseuit kueurih garing …halodo manjang


Srangéngé morérét tembus ka haté
Kutan katiga ……………. panutan
Jigana moal henteu …………lantis ku cimata

Saléngkah saléngkah nanjeur kabetah


Sarénghap asa beurat…..asa seunggah
Euleuh lewangna …ku kaliwung………..bet jadi baluweng
Longkéwang neuteup katukang………….. umur ngajungkrang

Mipir gawir…..ngeumbing jangkar kalakay


Mumunggang liwat kasorang
Biheung datang
Ka anu ditéang
Geuning batuna sarwa kulawu
Tapi……… mun puncak kawah katincak
Aéééh…….singhoréng déét temen …….nu kakobét
Gunung Patuha tonggoheun Ciwidey
Angkeubna…………..lengkobna………… keuna panangtang
Bongan hirup………… panutan
Huripna teu wéléh nguntup
Sumuhun. Didugikeun deui abdi ka Ramadhan
Sanajan badan rambay ku barebedan
Dosa-dosa nu kapapay tacan kungsi katobatan
Diparengkeun deui ayeuna datang ka lawang kasucian
Sumuhun. Dipaparin deui abdi kasempetan
Sideku nyuuh dina amparan pupuhu bulan
Bari diri hanyir getih. Baloboran ku rupa-rupa doraka
Kanyaah Gusti, geuning sakitu pohara
Maha Kawasa Anjeun, ya Robbana
Nu nebihkeun malakalmaot ti umur abdi ayeuna
Abdi puasa kalayan direjekian sagemblengna
Abdi buka kalayan direjekian taya kirangna
Abdi ditangtayungan. Dijaga diraksa. Ditatap diusap
Maha Berehan Anjeun, ya Wahhab
Padahal abdi tan kendat maksiat
Padahal abdi taya lirenna hianat …….duh Gusti…………..
Ngabur mangprung kanirca diumbar ………….diabur
Maha Pangampura, Anjeun, ya Goffur
Mugi abdi dilebetkeun ka nu kenging rohmat
Sanaos ukur kekebul dina gorombyangan jagat
Allahumma inni as’aluka bi rohmtikal lati
Wasi’at kulla syai’in antaghfiro lii.

Girimis langit. Girimis tangis


Jadi hinis……… Asa nyebitan rereged diri
Nu teu euih-euih. Ngongkoyangan jiwa dareuda
Peurih liwat ti peurih. Bet teu euih-euih
Nalangsa tinggal nalangsa

Wates lahan mulang geus ketembong


Kawas panonpoe moncorong
Nojo panon. Da ngan sahontaleun
Ngan napsu jeung rasa marakayangan
Ngaberung teu eureun-eureun

Padahal aya nu ngajega megat


Malaikat. Malaikat. Malaikat
Ngintip-ngintip ku cameti
Rek lumpat, lumpat ka mana”
Pajaratan masih lega ukur keur hiji raga
Rek kabur samemena
Moal isuk moal jaga
Ancaman ajal datang tumiba
Ngadago panggero
Ka kalbu nu ayem tengtrem
Ngan naha bari jongjon bogoh sono
Ka buana poek peteng.
***
KALANGKANG KAHIRUPAN

Jorélatna kingkilaban nyentakan kiceup


Siga sora anjeun basa poé éta
Maragatkeun kolébat balébat
Dina inghak pegat-pegat
Tina kongkolak panon anjeun banjir kacidra
Siga sorot nu teu kendat jajaluk
Néangan sakeclak piwelas
Rérét anjeun lir ngulincer
Néang lolongkrang lebah mana
Céda kuring nu gudawang
Rébuan dangding dalingding ngaruntuy
Nyambung ti jurupanon ka jurupanon
Pakétrokna sora jajantung
Ngaguruh jadi tatabeuhan sora dulag jeroeun dada
Nu madungdungkeun lagam asmarandana

Rébuan hirup jeung kahuripan baranahan


Ngagugulung minuhan layar
Tuluy ngabring néangan di mananya
Kudu nyamuni
Aya lambaran buuk nu gugupay
Hawar-hawar kipasna kokocéakan
gelebug mungguh ngabiur
Melesat hayang ngolah pirang-pirang kahanjelu
kahayang ngabring silih sedek
Ngagulung di unggal juru kakayon
Ngabayak di unggal logak susukan
Naha bet tuluy geruh silih tunjuk
Tina tarang nepika angkeut
kalangkang kahayang maloncor paantay-antay
Jadi ramo anjeun nu kukuna mungguh paranjang
Gupuy-gapay siga nyiar pamuntangan
Katalingeuh mungguh ngahiung
Basa ramo anjeun pageuh mumuntang
Lalaunan eunteup dina taktak
Nyasar tulang tonggong
Tepi ka cungcurungan
Bismillah nyanggakeun kidung
‘na hariring tepiswiring
dina tembang banjar karang
rumpaka rajah talari
pangrajah ngarumat basa
basa warisan bihari.
Basa warisan luluhur
tegesna paparin Gusti
rawayan pikeun manusa
tah asih eusi bumi
miwanoh papada bangsa
mihéman papada abdi
Basa indung urang jungjung
urang jurung manjang manjing
urang raksa dina nyata
ngajirim ‘na tata titi
ngawujud ‘na paripolah
ngawaris ka seuweu siwi
Basa indung masing nanjung
muga mekar hirup hurip
hirup ‘na mangsa ayeuna
hurip ‘na mangsa kiwari
waluya dugi ka jaga
walagri saumur bumi
Amin ya Alloh Nu Agung
Hurip abdi waras nagri
Ngémploh pucuk-pucuk entéh
Mulas léngkob jeung lamping nu keur gumiwang
Sapanjang jalan rumangsang muru hibar gebur beurang
Hawar-hawar, kahariwang dilaungkeun kawih leuweung
Sabot mipir jegir pasir jeung kaketir nangtang ringkang
Lalaunan angin rintih ngusapan lengkah………….. guligah Luak-léok ngitung tikungan
Kalah kérok………. balas nyawang pulas haté jeung langitna
Balitungan antara was-was mun nyorang lelewang jungkrang
Jeung panggupay ti palebah mumunggang gunung panungtung
Padungdengan…………. sabot méga katémbong beuki meuleukmeuk
Samar-samar nyidem hujan……….. jeung guludug Beuki jauh nyusud waktu
Bet kasarung satengahing kahayang nu pasulabreng
Antara ngajuringkang ka landeuhkeun, ka sisi talaga wening
Atawa rék terus nyusul jangjang julang……………..nu keur kumalayang nilar sayang
Humandeuarna ngalengis ….hmarurungna horéng teu matak kelar
Kalah awor jeung geuneuk kelun halimun
Ngalulungsar di totowang
Mépéndé rurungsing jantung nu gumuruh silantangan
Sanggeus lawas ngaprak mangsa ngasruk tegal alimusa
Beuki surti yén mumunggang panganggeusan ngancik dina sanubari
Ngan kari ngaragap diri nu mindeng ngaberung mangprung
Kari naker ieu ketak saméméh béakeun hégak

Ngémploh pucuk-pucuk entéh


Mulas léngkob jeung lamping nu keur gumiwang
Sapanjang jalan rumangsang muru hibar gebur beurang
Hawar-hawar, kahariwang dilaungkeun kawih leuweung
Sabot mipir jegir pasir jeung kaketir nangtang ringkang
Lalaunan angin rintih ngusapan lengkah guligah Luak-léok ngitung tikungan
Kalah kérok balas nyawang pulas haté jeung langitna
Balitungan antara was-was mun nyorang lelewang jungkrang
Jeung panggupay ti palebah mumunggang gunung panungtung
Padungdengan sabot méga katémbong beuki meuleukmeuk
Samar-samar nyidem hujan jeung guludugBeuki jauh nyusud waktu
Bet kasarung satengahing kahayang nu pasulabreng
Antara ngajuringkang ka landeuhkeun, ka sisi talaga wening
Atawa rék terus nyusul jangjang julang kumalayang nilar sayang
Humandeuar ti tetelar ka tetelar nu horéng teu matak kelar
Kalah awor jeung geuneuk kelun halimun
Ngalulungsar di totowang
Mépéndé rurungsing jantung nu gumuruh silantangan
Sanggeus lawas ngaprak mangsa ngasruk tegal alimusa
Beuki surti yén mumunggang panganggeusan ngancik dina sanubari
Ngan kari ngaragap diri nu mindeng ngaberung mangprung
Kari naker ieu ketak saméméh béakeun hégak

Hariring angin rumangsang


Ka landeuhkeun, nebak rénghap saamparan pucuk entéh
Ngahiliwir ka talaga nu kasawang kapulas lélénglang langit
Lebah dinya kulit cai tingborélak ngariak-riakkeun wanci
Bet kaambung dumalingding seungit jemplingSungkeman lemah kahéman
Nyambuang ti lamping wening nu katémbong semu ngénclong
Aya kalbu langkung langgong tibatan kelewung gunung
Langkung hurung manan talaga nu keur gumiwang
Lalaunan ngajaulkeun lamunan ka alakpaulBut-bat jalan panineungan
Ngagurat héhéjo kebon nu nungtung di sukugunung
Kelun haseup ti rarambu leuweung pineus lain tangara balai
Ngan ukur gebur kakangen ngagupay méga kasumba
Nu ngalayang ka jabaning langit bungurKapireng kawih kamelang
Moalboa riring mojang pasisian nu keur migandrung sarakan
Ngayunambing lamping rungsing diléntab létah srangéngé
Talaga beuki gumenclang dina pepeteng jajantung
Méméh lunta muru lembur pangsingkurna

Ciloa kapiati, ngancik ‘na acining wanci


Sanggeus nilar kelun kota nu dihuru matapoé
Cunduk ka liliuh langit, ka léngkob lemah ngémplohna
Saampar gambar kakelar digelar satatungtung teuteup
Di sapanjang jalan angin ngahiliwir nepis wiringLapat-lapat, marakbak lembur di lebak
Bet kasawang keur anteng namperkeun jempling
Sabada gumuruh dayeuh dibendung tambakan gunung
Ukur suling nu kapireng mirig kalbu humariring
Di sapanjang jalan méga kumalayang muru layungNanging anjeun geuning suwung di
lulurung
Teu katémbong kumolébat mapag kangen di tanjakan
Ngan gupay pucuk halimun ti kampung tungtung pudunan
Nu kapireng ngajak reureuh satengahing lalampahan
Di sapanjang jalan soré muru sisimpéning peuting
Meureun anjeun geus ngampih ka lembur bungur
Terus ngempur kahieuman handeuleum leuweung katineung
Barang ringkang kalah nyorang gelebug aweuhan mangsa
Ukur bisa sumoréang ka lamping nu geus kalarung
Di sapanjang jalan layung muru gebur bulan kayas

Mumunggang cuang lawungkeun paneuteup


Ka lawangsaketeng peuting nu katembong nyangkeredong
Sanggeus mipit gurat-gurit lambaran layung panungtung
Rek labas maratkeun ketak, tuluy nyusud kingkilaban
Nu kasawang tingbarasat lir suar panuduh lampah, cuang miang ngitung gunung
Da geuning lempagan waktu terus ngabeledig ringkang
Ti dayeuh nyedek ka kampung, milang reuma meunang lewang
Kari mereketkeun geugeut, nyingraykeun sewu rurungsing
Humariring mapag peteng sapanjang liliwung peutingTrijata, cuang narabas halimun
Nu ngadingding mindingan lungkawing jungkrang
Metik genclang cika-cika satengahing hiuk wanci niruk mongkléng
Sugan bulan rek kasampeur ngempur di mumunggang jempling
Ngagulubur ngahibaran jalan panjang ka sagara

Na haté jaman batu dugi ka waktos sareupna aya Qabil, Dajjal, Jalut, Abu Lahab, Qorun,
Pir’aun, sareng sajabina, nu janten gambar Rahwana ngagurat sapanjang rahim dugi ka kubur.
Hawana nyedek maleukmeuk, sanaos ngingkin parfum, sutra, atanapi inten gugunungan.
Lebetna tiasa halon tiasa heuras, tiasa ngajirim sihung atanapi taraté ligar. Kantenan deui
mangsa power shift.
Namung na manah tiap jaman ogé aya Daud nu ngagedur meulah buana, nugar batu-batu nu
ngajantenkeun barang seni janten sesembahan ancurkeuneun Daud. Daud iru Daud Power
Shift, Daud jaman intrik, jaman puncak éstétika nyatana bangké. Jaman soméah nyatana
meuncit. Namung tetep bakal aya Daud nu tiasa ngabéntenkeun jas nu lebetna malati sareng
balati. Nu bakal ngatepel Jalut sanos disimbut ku imut dina pésta-pésta gunting pita dugi ka
lamunan pabrik sabun.
Ogé bakal tetep aya Daud, nu ngiring merangan oknum, ancrub neuleuman béntang-béntang
nu tikelebuh, atanapi planét nu sasab. Daudnu ngatepel Jalut ku puisi, petisi, gerakan
démokrasi, dugi ka Barjanji. Sareng sigana bakal aya Daud, nu ngawasé nganggo manah,
nganggo polo nu asak timbangan.
Bakal tetep aya Daud nu haleuangna nyuburkeun kacinta, nguburkeun nafsu, ngaligarkeun
kembang-kembang sapanjang harepan jeung impian.

Rupa kulawu ngajorélat na padalisan sajak


Dina baris munggaran, hiji katineung teu cumpon
Salumar balébat tungturubun nété tarajé hujan
Ngabukakeun suku langit
Ngetrokan panto cinta nu ngonci salawasna
Dina padalisan sajak, hiji grafiti ngeyembeng
Balébat beuki kuleuheu na kongkolak mata
Lelembutan srangéngé marojéngja
Sakur tatangkalan mulungan cahaya
Héhéjo sawarga nyumputkeun asih
Malih rupa jadi katiga nu nyeceb jeroeun dada
Bangbalérkeun tresna nu kungsi nyanding na haté urang
Najan hiji nostalgia moal pupus dina implengan
Sanggeus urang sapuk keur mungkas carita
Sanggeus bolay ngaraketkeun kekentel rasa
Bangbalérkeun saniskara katineung nu kungsi karandapan
Basa taun-taun bet karasa beuki nguluwut
Basa haté urang beuki talobéh kana rasa nu nyangkaruk
Asih nu datang asih nu urang
Murubmubyar na émutan séwang-séwang
Bet honcéwang lamun urang kudu miang
Bet hariwang lamun urang kudu anggang
Jungjunan,
Ieu asih banget gandang na harepan
Ieu tresna banget kentel na implengan
Asih nu datang asih nu urang
Sumelesep na mamaras lelembutan

Sok tumaros saban neuteup langit


naha béntang nu ngampar baranang
cicingna di dinya baé
tara patukeur matuh
sumawona pahili calik
narah pagirang-girang
teu paluhur-luhur
bet angin héman ngiberan
maneuh sotéh puguh béntang nuju wirid
anteng nyambat pangéran
Sok tumaros saban neuteup langit
naha bulan satia némbongan
bangun nu taya kacapé
kumaha lamun pundung
bulan indit teu deui balik
béntang taya baturna
ngabigeu ngawagu
angin héman ngabéjaan
puguh bulan satia moal rék jalir
gumusti ka pangéran
Sok tumaros saban neuteup langit
mangsa beurang alam téh gumawang
kacaangan panonpoé
pareng mangsana surup
cahya ngempray ngampih ka mendi
inggis teu deui datang
lunta duméh pundung
pok angin halon ngiberan
moal enya nu dikir indit lumingsir
ngolémbar ti pangéran
Saban pareng anteng neuteup langit
tingkalayang kalangkang sorangan
ngoléab pating koloyong
geuning diri kapahung
rampang-reumpeung ka mana ngeumbing
taya akar keur muntang
ngoléang ngalayung
da puguh diri keur bingbang
gupuy-gapay pangéran taya kasungsi
duka aya di mana

Sabada jarak langgeng misahkeun


Ajag jeung bulan. Kasimpé
Lumampah sapanjang gang, rél keréta api, walungan
Runtah, imah-imah kardus,
Kota demi kota nu diduruk layung
Beuki jauh, beuki jauh muru kidul
Ka palabuan-palabuan nguyung, dayeuh-dayeuh buruk
Hawa mingkin ngageuri sarta langit nyurucudkeun
Usum nu hanjelu. Aya kompas ngalungsar di darmaga
Jarumna japah jeung nanah, lalaunan dirurub lawon layar
Nu muguran tina tihang-tihang waktu
Kuring longkéwang mulungan tulang iga
Nu kasarung dina halimun jeung angin subuh
Sajak kuring beuki anggang, beuki anggang
Tina baseuh biwir anjeun nu cenah mangkak duka di mana
Kekecapan
Kalah lamur jeung sarébu parahu nu kalebuh
Dina sabotol arak. Kingkilaban
Ngolébatkeun imut anjeun lir taman sari
Di langit nu lungkawing. Tapi kuring
Bongan sapuk jeung kasimpé
Lumaku deui, maluruh pucuk kidul
Kutub nu paling buni, imah-imah salju
Nyingkur tina timburu panonpoé
Pangjugjugan saban musafir
Lahan paling suni, lahan paling tumaninah
Pikeun kalbu nebarkeun réwuan siki taun, siki tatu
Jadi saampar kebon anggur

Ngagambar sarébu mata kasimpé


Mata. Merul tina sapasang panon anjeun
Panon. Nu hanjat ka basisir, basa ombak
Mulangkeun mangpirang sarah parahu tatu
Jauh. Ti dasar sagara kasono
Tepung deui jeung anjeun, suku langit
Teu weléh maleukmeuk. Laut hawuk
Sanggeus lawas nguluwut leungiteun sajak cinta,
Layar-layar, camar, ungkara mutiara; iwal
Sapasang panon anjeun nu haat balabuh
Sabada taun-taun pajauh
Kuring anteng ngagambar sarébu mata kasimpé
Segak hégak warna. Muriang
Ngaranggeum implengan, ngalenyepan
Sarta ngaguratkeun isarah rindat-rindat
Rusiah. Sarébu mata kasimpé
Rabeng patinglémbéréh ngébréhkeun raheut sewang-sewang
Lir sarébu parahu nu ngakut sarébu dunya
Ti sarébu panyajak nu paragat dina kamar kecapna séwang-séwang
Kuring ngababakan, mites-mites régang usum
Ngawangun saung kasabaran. Sabab surti
Lalampahan baris ka jaruji, lebah dieu,
Gumulung jeung peurih kikisik
Mun peuting, mun peuting nyéblokkeun kelemeng
Kuring, jeung angin nu satia, nyerebungkeun durukan daun garing
Ngawur-ngawur arak kana rengat hawa
Sangkan warna langgeng mekar jeung rupa rusiahna
Boa mangabad-abad, ngagambar sarébu mata kasimpé
Mata. Tina sapasang panon anjeun
Panon. Nu hanjat ka basisir
Mulangkeun mangpirang sarah parahu tatu
Jauh. Ti dasar sagara kasono

Sora talapok
Kuda, pecut ti langit nu jauh, kareta tatu
Ngagiles japah mata kompas, kitab timburu
Ngaduruk kota demi kota, beungeut-beungeut guligah
Usum nu pias, lalumpatan nyered kakasih
Dina tong sampah, jeung panto masjid, gerbong-gerbong
Sirine, gudang bandera, toko minuman
Sarta sapotong alun-alun; tingsurungkuy
Nyarumput buni dina urat nadi kuring
Peuting teuing ngampih dimana
Dina laci ukur aya pestol jeung rewuan pelor
Karahaan. Di luar, tina jandela nu talobros dipalengpeng
Simpe, bulan ngayambang kajiret
Mata cileuncang, angin maca peurih
Sajak ajag, kalimah ngarongheap tuluy rubuh
Katinggang salambar daun jambu
Nu gugur ku jangjang kalong, halimun nangkeup raheut
Palangkakan waktu mangsa saurang wanoja ngagusur layon
Kakasih saluhureun trotoar
Kuring masih keneh maluruh tunduh
Sapasang sapatu ngajak besuk ngalongok kalbu
Nu dipasung di kebon candu
Peuting teuing ngampih dimana
Taya kekecapan atawa birahi
Saukur nembakkan eureup-eureup ku mangrewu pelor karahaan
Dina dada sorangan
nembak kakasih

Di pangangonan
Kuring
Jadi taneuh nu diseuseup jukut
Jadi jukut nu diremus domba
Jadi domba nu direcah maung
Jadi maung nu digorogot waktu
Jadi waktu nu diangon ku Anjeun
Anjeun. Anjeun, gulak-gelik, luhureun tonggong panonpoe
Niup suling pinuh kasimpe, pinuh timburu
Di dieu, aya angin nu satia ka kuring
Di langit, saha nu satia ka anjeun?

Di pakalangan
Malaikat nabeuh renghap kekecapan
Kuring nyulusup
Antara tatu jeung dunga
Antara khusu jeung guligah
Simpe nu anggur
Budak bolon ngeukeupan para nabi
Gumulung na raga pandita
Talaga muja semedi
Riak laut batin
Kuring giung nenjo wates-wates teuleum
Dileled ombak implengan

(Milang léngkah ti mangsa ka mangsa


ngitung umur waktu demi waktu
ngijir-ngijir wanci ti bihari ka kiwari
Ki Sunda cenah mah leungiteun dangiang
leungiteun tapak
leungiteun lacak
Nu aya ukur kari ngaran
ukur kari ngaran!)
Sakséni tuh langit nu paul, sakabéhna paul
atra walatra dipapaés ngeplak bodasna méga4
Sakséni tuh tanah angar nu ngan kari saheureut
di gédéngan ku imah-imah beton
ngajungkiring mapaésan dayeuh Bandung
Di gédéngeunana deui villa-villa alagréng
masieup lemah sarakan
Bihari
karuhun ngawariskeun kanyaah
Tanah nu héjo ngémploh
sagara pulas paul
langit lénglang, méga bodas
kapan nu urang
Kiwari
urang kari nyawang
tanah nu héjo ngémploh tinggal saheureut
sagara kelirna rupa-rupa
kacampuran mangpirang kokotor
langit lénglang bet jadi ngemplong
dirogahala ozon
Kapan éta gé geus jadi milik urang
Baringsupagi
tanah, sagara, langit
biheung kumaha jadina
biheung kumaha engkéna
2
Duh, si miskin jadi kaom terusir
si kaya bisa mungkir
Si miskin dibuligir
si kaya jadi kafir
Duh, si miskin jadi kaom terasing
si kaya ngabaheuhay di menara gading
Si miskin jadi maling
si kaya teu ambil pusing
(Lawang si kaya lawang si miskin
ngajega jungkrang nu lungkawing)
3
Mangsa pangawasa nagri raos-raos calik
na korsi gilang kancana
aya nu gupuy-gapay néang puntangeun
pabeulit reujeung eusi beuteung
nu taya kendatna melas-melis ménta eusi
Ari di ditu, nu raos-raos calik
teu engeuh dunya nu di handap
(riceuw-riceuw sual démo
sual undakna bahan-bahan poko, rékening listrik
jeung telepon
sual milih pikadéseun jeung pigubernureun
pabaliut jeung sawatara katugenah rayat
kaom cacah kuricakan)
Di dieu
urang leungiteun beungkeutan
rempug jukung sauyunan saukur sloganisme anu ukur
kecap “miara persatuan dan kesatuan”, pang NKRI na, asa pang PANCASILA na
ukur payus mapaésan layar télévisi
4
(Ki Sunda nu ti mangsa ka mangsa pinuh dangiang
Geus dicatet ‘na lambaran sajarah
Geus dicutat ‘na lambaran lontar
ti jaman raja-raja bihari
tug tepi ka jaman konglomerat kiwari
tétéla masih kénéh poékeun
ngararampa jalan sorangeun)
Ka mana Ki Jurupantun
ngapung-ngapung ngaprak méga ngabaladah buana
Ka mana ronggéng-ronggéng makalangan
da geuning kasilih héab ti kulon
mangsa rock, slowrock, heavy metal, rap
geus teu nyemah deui di tanah urang
4
Tuh,
pasawahan, balungbang, pasir
jungkrang nu lungkawing
geus keuna ku héabna pangwangunan
(Pangwangunan!
Pangwangunan!
Cenah mah demi karaharjaan?!
Cenah mah demi ma’murna nagri?!
Di pakaleran Bandung kuring mireungeuh kebon-kebon sugih jadi wangunan alagréng
Di tegalan upluk-aplak kuring mireungeuh lapangan golf dibudayakeun
Di mana-mendi kuring mireungeuh pabrik-pabrik dug-deg
Di langit nu geus kahéaban ozon kuring mireungeuh parapangawasa nagri bentik curuk balas
tutunjuk
Di satukangeun méga kuring mireungeuh diri gupuy-gapay muntangan méga
5
Barudak seunggah ulin di buruan
sab buruanana ngan sacangkéwok
Barudak seunggah rék ulin mangsa bulan keur béngras
Ucing sumput ditéma bancakan jeung bébénténgan
atawa oray-orayan reujeung slépdur
sab di puseur-puseur pertokoan sadia kaulinan ti kulon
Tamiya, vidéo games, games-watch, pé-és
mahabu di mana-mana
Basa rumaja Sunda geus jadi basa nu mandiri
Basa Batawi elu-gué pacampur basa gogog
direumbeuy basa Inggris little-little younkey
Laju,
Ki Sunda di mana?
Dangiangna kumaha?
(Geus béakeun dangiang cenah Ki Sunda téh
geus leungiteun tapak
geus leungiteun lacak
lalaguanana gé cenah geus béakeun wirahma
béakeun wirahma;
Rék kumaha ketak Ki Sunda
Rék ka mana nya lampah kudu ngaléngkah?)
6
Ki Sunda
Ieu kuring urat nu manteng jeroeun awak anjeun
Ieu kuring balung kadeudeuh nu nganteng na lelembutan
Ieu kuring getih kaasih nu ngamalir saawak-awak
Rék di mana nya kudu ngarereb?
Rék kumaha nya pilampaheun?
Kuring katambias di tanah ciciptan parapohaci kiwari
Kuring ngalungsar di tanah nu ngan kari saheureut
Kuring leungiteun lacak
Kuring leungiteun tapak di jaman kiwari
Sajarah bihari nu kacaturkeun léndo ku cai
ma’mur ku tatanén
kiwari ukur jadi catur tanpa bukur
ukur aya dina dongéng-dongéng
ukur aya dina seminar-seminar
ukur aya dina sawala-sawala parabudayawan
(Ema,
dikamanakeun tanah sacangkéwok
nu baheula dipaké ngubur bali?)
(Bapa,
rék di mana barudak urang mun rék mulan?)
7
Hyang karuhun, hyang batara-batari
tutunggul kamerdékaan geus ditanjeurkeun di ieu nagri
tapi bulan pias angger ngaririwaan luhureun langit
tapi béntang bet teu nembongan saendeng-endeng
(Boa ngan ukur ririwan
mangsa urang pules ku rupaning katugenah
Boa ukur ririwan
mangsa kaadilan méhong ku mangsi hideung kakawasaan)
8
Geus!
Teu kudu deui nyarita perkara bulan jeung béntang
da langit geus nyakséni
getih hangru jeung bugang nu patulayah ukur jadi saksi jaman nu pireu
ngabigeu
Tuh!
Bulan jeung béntang mah ukur papaés
mangsa urang keur lindeuk ku katunggara cinta
Teu!
Teu kudu deui nyarita perkara;
langit nu lénglang, bulan nu béngras, atawa béntang nu baranang
da saksi jaman réa kénéh nu kudu dipaliré
dipiroséa
(Sakséni tuh
geus sabaraha metér-kubik cimata
nu sakeclak-sakeclak dipaké tumbal nyeungceurikan saksi-saksi jaman
nu teu kapaliré
teu kapiroséa!

Kertas Jarami
mangsi leuwih gancang nyaliara
saacan puisi aya.
jeroeun haté saha nu nyaho
waktu téh lain siluman, inyana
ukur sok ngiwat haiku ti jeroning
serat hareuras
nu nyicingan kertas jarami jeung rohangan

Wuni Kahujanan nalika wuni kahujanan, siga taya nu dikir, guneman,


atawa ngadu’a
cék tangkal wuni:
“sabab harepan kana hujan nu ngagebrét
ngilatkeun cahaya ti lemah nepi ka langit”
nalika éta tangkal wuni kahujanan tepi ka lantis...

Sihir Careuh cahaya bulan kalah ngajadikeun léngkahna terus kalangsu


jeung poho balik lamun teu sono nataku kana beuleum kijing
jeung hawar-hawar sora suka bungahna kulawarga macangkrama
sanajan diri geus yatim piatu

Warna nu Ukur Nyimpang dina kembang angkrék kagungan téh wulandari aya warna
beureum
anu lila-lila jadi layu. lain! warna éta nu ukur nyimpang mawa
sora ngirincing jiga sisit naga nu maluguran ti langit, di sisi
pangsaréan, satuluyna indit deui nyimpang di kembang angkrék
anu lianna. warna beureum saga?
lain, warnana warna beureum antara aya jeung taya

Haté Kuring Dikeramik Haté kuring dikeramik ku sarupaning nu matak kataji, tapi kétang
kuring ukur ngawadul! tapi ketang eta teh bener!
hate kuring dikeramik ku sarupaning zat pewarna liket,
sok geura mampir ka dieu, ka hate kuring,
nguseupan catetan-catetan harian nu endah. tapi ketang kuring
ukur ngawadul! tapi ketang eta teh bener...

sajak anyar 2

jalan satapak. Ukur milangan léngkah


mapay-mapay sisi wahangan. Teu nyaho
ka mana brasna; Rémbét kakayon angger kénéh
nyaliara na jajalaneun
sorangeun

jalan satapak. Ukur milangan tapak


jeung tapak. Mayakpak kembang na tangkal samoja
liliwatan jalan. Ukur nurihkeun kalewang
ngalungkawing

jalan ning éstu ngabulungbung


tapi diri teu bisa mangprung

kula can kungsi tibra saré na tangkeupan peuting-peuting nu jempling


sab nagri kula keur gunjang-ganjing
pirang-pirang batu koral diawurkeun ti langit
ngajadi bom waktu nu siap ngabeledug saban detik

kula can kungsi ponyo dahar na beurang-beurang nu bayeungyang


sab nagri kula keur bedah cimata
pirang-pirang balati pating belesat
ngarah-ngarah niruk sataranjang awak

kula can waka seubeuh seuri


mun nagri can walagri

Reungeukeun, angin mawa tangara ti gunung-gunung


Mawa iber kahuruna leuweung di ponclot-ponclot gunung

Angin janari masih kénéh nyésakeun haleuang


Dina pirang-pirang rasa
Haeub hawa pagunungan nyongkab
Ngulibek di juru-juru kota
Di papat madhab
Di saban tempat
Reungeukeun sora angin ngaléor na rungkun-rungkun awi
Tinggedebruna dahan-dahan rungkad
Géhéng kabawa mangsa
Usum halodo

Reungeukeun ceurikna matapoé ngabangingik


Leungiteun héjona tangkal di gunung-gunung
Leungiteun nyacasna méga di langit

Reungeukeun, angin mawa tangara ti gunung-gunung


Mawa iber kahuruna leuweung di ponclot-ponclot gunung

Angin janari masih kénéh nyésakeun haleuang


Dina pirang-pirang rasa
Haeub hawa pagunungan nyongkab
Ngulibek di juru-juru kota
Di papat madhab
Di saban tempat

Reungeukeun sora angin ngaléor na rungkun-rungkun awi


Tinggedebruna dahan-dahan rungkad
Géhéng kabawa mangsa
Usum halodo

Reungeukeun ceurikna matapoé ngabangingik


Leungiteun héjona tangkal di gunung-gunung
Leungiteun nyacasna méga di langit

Você também pode gostar