Você está na página 1de 1

Nama : Heri Maulana Sidik

Kelas : XII IPA 3


Tugas : Basa Sunda
Perihal : Artikel Eksposisi Basa Sunda tentang kadaharan khas Sunda

GULA KAWUNG KHAS LEMBUR LEGOKHERANG

Gula kawung nyaeta salah sahiji bahan poko keur kadaharan dina kahirupan urang
sapopoe, nu tangtuna Halal jeung sehat. Seueur daerah-daerah nu ngahasilkeun gula kawung
(gula Jawa), salah sahijina lembur desa Legokherang. Gula kawung khas ti lembur
Legokherang mah sarua sareung gula nu sanesna, ngan bedana dina lila ngasakkeun sahingga
ngajanteunkeun warna gula nu rada beda tinu lian. Urang Legokherang biasana ngajual gula
kawung teh 50 persen kanggo lembur sorangan tur 50 persenna deui ka lembur sejen, contona:
Cilebak, Subang, Ciwaru, Kuningan, Rancah, jsb.
Salain ti eta, seueur kautamaan gula kawung salah sahijina pangrasa amis, giung, leugit,
tur obat pikeun nambihan tanaga, jalma nu pingsan, sarta, dina kaayaan leuleus. Sabab gula
kawung teh, mangrupa glukosa anu diperyogikeun dina raraga metabolisme awak urang
sarerea kanggo ngahasilkeun energi atawa tanaga anu sifatna fisik atawa lahiriah. Tuluy
kumaha carana ngolah atawa ngahasilkeun gula kawung?
Gula kawung nyaeta salah sahiji gula nu dihasilkeun tina tangkal kawung. Ari tangkal
kawung teh ka wilang hesena dina budidayana, sabab ari tangkal kawung mah jadi tina
kotoran careuh (luwak). Ku sabab kitu, ngolah gula kawung oge ka wilang hesena. Samemeh
ngolah, kudu boga heula pakakas pikeun ngagarap getah kawung jadi gula kawung, contona:
Paninggur, Sigay, Lodong, Citakan tina awi, katel, jsb. Ari Paninggur paranti ninggur
leungeun kawung anu alus kudu tina akar tangkal nangka atawa kanyere. Sedengkeun ari
Sigay nyaeta taraje pikeun naek kana tangkal kawung tina awi, boh awi surat, atawa awi biasa.
Tuluyna, Lodong mangrupa wawadahan tina awi anu bentukna kawas pipa paralon atawa
silinder boh oge tabung. Salajeungna Citakan awi, kanggo nyetak leugeun jadi gula kawung
anu buleud tur alus, kudu gaduh seueur tur sarua gedena. Sanajan pakakasna tradisional, tapi
gula kawung jadi salah sahiji kabutuhan pikeun kadaharan jalma anu jadi bahan poko.
Salajeungna, ngolah gula kawung dimimitian ku cara milarian tangkal kawung anu
parantos cukup umurna, sarta tos aya leungeun kawungna. Tuluy, nyiapkeun paninggur
kanggo ninggur leungeun kawung, supados getah atawa cai kawung bisa kaluar atawa diala.
Saparantos kitu, kudu disadap eta leungeun kawung teh, tur ditandean dina wawadahan anu
ngaranna Lodong. Getah kawung anu tos minuhan lodong dicandak ka tempat atawa imah
produksi kanggo diolah leuwih asak deui. Tuluy, isuk-isuk mirun sene, getah kawung
diasupkeun kana katel gede, dipanaskeun sakirana 60 menitan. Saterasna, diasakkeun salila
dua jam. Saparantos asak, getah eta parantos jadi leugeun anu kudu tereh dicitak kana citakan
awi. Upami tos dicitak, tungguan salila 60 menitan eta leugeun jadi gula kawung anu tegar,
herang, leugit, amis, tur seungit.
Ukuran gula kawung dina etangan, mun sagandu nyatana sahiji gula buleud nu hasil tina
citakan awi, mun sapocong nyatana lima gandu, mun sabonyor atawa sabonjor nyatana dua
pocong atawa sapuluh gandu. Nangin, harga gula kawung jaman kiwari kaasup bahan poko
anu mahal, sabab ditilik tina tangkal kawung anu hese dibudidayakeun, tina cara ngala jeung
ngolahna, tur oge pakakasna tur tempat ngolahna masih tradisional, janteun mun gaduh nu
nitip atawa mesen teh karasa repotna.

Você também pode gostar