Você está na página 1de 2

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Shalom, Omm Swastiyastu, Nammo Buddhaya, Salam Kebajikan,


Sampurasun.

Puja kalih puji urang sami-sami sanggakeun ka gusti nu maha suci Allah SWT. Anu parantos
maparinan ka urang sadaya mangpirang-pirang kanikmatan utamina ni’mat islam, ni’mat iman, oge
ni’mat kasehatan dugika urang sadaya ngalaksanakeun iyeu acara.

Sholawat kalih sallam pamugi dilelerkeun kajungjungan mustika alam nabi agung Muhammad
saw

Pangrengsa sesepuh adat di Yogyakarta, Raden Wadana Dipawangsayuda atanapi Ki Demang


Wanga Piyudin S.H, hormateun sim kuring.

Paguyuban warga Jawa Barat di Yogyakarta hormateun sim kuring

Para sesepuh KPM Suryakancana hormateun sim kuring

Pupuhu IKPM Jawa Barat, Darmakusumah 20, saderek Acep, kalih rengengan hormateun sim kuring

Para pupuhu komisariat daerah di lingkungan IKPM Jawa Barat anu sami hormateun sim kuring

Panitia anu parantos nyukseskeun iyeu acara ti awal dugika laksanana iyeu acara, oge para warga
wargi tatar Sukabumi ti Kabupatenna, ti Kotana anu sami ku sim kuring dipiteresna

Dina danget (kesempatan) anu mulia iyeu, sim kuring salaku pangatur laku candoliwanci, seja’
(akan) ngadadarkeun rundayan acara anu baris di pedar (laksanakan) dina acara ngistrenan
(pelantikan) pengurus Suryakancana dina mangsa 2018-2019.

Minangka acara nu munggaran mangrupi bubuka, anu kadua ngagalindengkeun ayat suci
alquran, anu katilu ngahaliwangkeun lagu Indonesia Raya kalih Mars Sukabumi, salajengna minangka
pangwilujeng ti pupuhu panatacalagara, salajengna prosesi upacara adat kalih ngistrenan pangurus
Suryakancana dina mangsa 2018-2019 dilajengkeun kana panampian warga enggal 2018, salajengna
biantara-biantara, diljengkeun kana acara hiburan, pamungkas ngahaluwangkeun lagu Bagimu Negeri.

Minangka acara munggaran mangrupi bubuka hayu urang sami2 bika iyeu acara ku aosan
Basmallah sasarengan.

Salajengna ngagalindengkeun ayat suci al-quran anu bade digalindengkeun ku saderek Asep
Baden, sumangga, dihaturanan.

Salajengna ngahaleuangkeun lagu Indonesia Raya, kalih lagu Mars Sukabumi, anu baris
dipimpin ku saderek Vicki Hikmatul Qur’an, hadirin dihaturanan ngadeg.......... hadirin sumangga
dihaturanan calik deui

Salajengna pangwilujeng ti pupuhu panatacalagara, anu baris dikapayunkeun ku saderek


Faisal Ramdhani, sumangga di haturanan.

Salajengna, prosesi upacara adat kalih ngistrenan pangurus SK dina mangsa 2018-2019
dilajengkeun kana panampian warga enggal 2018, anu baris di sesepuhanan ku Ki Demang
Wangsadipayudin, sumangga dihaturan

Salajengna, biantara-biantara, biantara nu munggaran dihaturanan ka Wiradanukusumah ka


14, saderek Moh. Rizwan, sumangga dihaturanan

Salajengna biantara ti Darmakusunah ka 20, saderek Acep, sumangga dihaturanan


Acara anu salajengna hiburan,

....

....

....

Acara anu salajengna, ngahaluwangkeun lagu Bagimu Negeri, hadirin di haturanan ngadeg......
hadirin di haturanan calik deui

Rengse kapidangkeun, acara ti wiwitan dugi ka lekasan, ningstrenan pengurus Suryakancana


dina mangsa 2018-2019, ku kituna hayu urang sami2 pungkas ku aosan hamdallah

Sim kuring Rama Isya, sareng Adel,

Você também pode gostar