Você está na página 1de 3

Puji syukur urang sami-sami panjatkeun ka hadirat Alloh SWT anu senantiasa maparinan pirang-pirang

nikmat anu teu kaetang seueurna. Nikmat anu terus-terus teu aya putus ka satiap makhlukna.
Diantawisna berupa kasehatan, rezeki, umur sareng anu paling utami nyaeta kaimanan, sahingga dina
dinten Jumat anu Mulia iyeu. urang dipaparinan kakiatan kanggo ngalaksanakeun ibadah sholat Jumat.

Sholawat sinareng salam mugia salamina tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadayana, Kangjeng
Nabi Muhammad Shallallahu 'Alaihi wasallam, oge ka kulawargina, ka para sahabatna, sareng ka sadaya
ummatna anu taat jeung cinta ka Alloh sareng rosulna dugikeun ka akhir zaman.

Kaum Muslimin Rahimakumullah


Di sasih anu mulia ieu,urang salaku umat Islam diemutkeun kana hiji kajadian anu kacida pisan
bersejarah, di mana Kangjeng Nabi Muhammad Shallallahu 'Alaihi wasallam. diisra’kan ku Allah SWT. ti
Masjid al-Haram ka Masjid al-Aqsha, saterasna di Mirajkeun ka langit ka tujuh nyaeta Sidratul Muntaha.

َ ‫س ْب َحانَ الَّذِي أ َ ْس َرى بِعَ ْب ِد ِه لَ ْيالً ِ ِّمنَ ْال َم ْس ِج ِد ْال َح َر ِام إِلَى ْال َم ْس ِج ِد األ َ ْق‬
‫صى الَّذِي‬ ُ
‫ير‬
ُ ‫ص‬ ِ َ‫س ِمي ُع الب‬ َّ ‫ار ْكنَا َح ْولَهُ ِلنُ ِريَهُ ِم ْن آيَاتِنَا إِنَّهُ ُه َو ال‬َ َ‫ب‬
“Maha suci Allah yang telah memperjalankan hamba-Nya pada suatu malam dari Masjidil Haram ke
Masjidil Aqsha yang telah kami berkahi sekelilingnya agar kami perlihatkan kepadanya sebagian dari
tanda-tanda (kebesaran) Kami, sesungguhnya Dia adalah Maha Mendengar lagi Maha Mengetahui”.
(QS. Al-Isra: 1)

Para hadirin sidang Jumat Kaum Muslimin Rahimakumullah


Kajadian Isra’ Mi’raj ieu mangrupikeun kajadian anu luar biasa, jeung salah sahiji ujian kaimanan keur
satiap umat Islam, teu di waktu harita teu di waktu ayeuna, bahkan ujian eta berjalan sepanjang jaman,
dina perkara kaimanan jeung kayakinan kana bener jeung henteuna risalah anu dicandak ku Rasulullah
Shallallahu 'Alaihi wasallam.
Memang ,lamun dipikir ku secara logika henteu mungkin hiji jalma sanggup ngalakukeun perjalanan ti
Masjid al-Haram ka Masjid al-Aqsa dina waktu anu sakitu singkatna, bahkan perjalanan eta dilanjutkeun ti
Masjid al-Aqsa naek ka langit dugikeun ka Sidratul Muntaha ngan dina waktu satu malam. iyeu
mangrupakeun hiji perkara anu henteu asup akal.
Rasulullah sempat bingung di waktos enjing-enjingna, kumaha ngadugikeun risalah iyeu kumargi anjeuna
kantos ngalakukeun perjalanan dina waktu berdagang sasarengan sareng kafilah dagang kaum quraisy
anu mana perjalanan ti Mekkah ka Baitul Maqdis di Palestina teh merlukeun waktu salami sabulan
perjalanan.
Risalah iyeu sanes perkara anu ringan dimana Kangjeng Nabi kedah ngadudikeun kebenaran anu terjadi,
sabab henteu mustahil bakal loba jalma anu henteu percaya, malahan bisa jadi loba jalma anu bakal
mengingkari kana risalah iyeu.
Nanging perasaan bingung eta tiba-tiba leungit anu salajengna anjeuna ngaraos tenang sareng mantap
kanggo ngadugikeunana.
Salajengna dina waktos enjing-enjing eta anjeuna kaluar ti bumina ngadongkapan ka tempat ngumpulna
kaum Quraisy. Saparantosna Abu Jahal datang, lajeng Rasulullah Shallallahu 'Alaihi wasallam
nyaritakeun kajadian anu di alaman ku anjeuna dina wengi tadi ka Abu jahal.
Abu Jahal tumaros ka Kangjeng Nabi bari sinis,:
‫هل من خبر يا محمد؟‬
“Wahai Muhammad, apakah ada yang ingin engkau katakan ?”
Kangjeng Nabi ngawaler: " ‫ نعم‬,betul". Abu jahal tumaros deui:" ‫ وما ذاك‬Apakah itu ?".
Rasulullah ngawaler: " ‫أسري بي ليلة البارحة إلى المسجد األقصى‬, tadi malam aku telah

diisra’kan (diperjalankan) ke Masjidil Aqsha"., Abu jahal tumaros :" ‫ وعدت من ليلتك‬Benarkah itu ?".

Nabi ngawaler: " ‫ نعم‬,betul"


Abu jahal tumaros: " ‫يا أبن أخي! أترى إن جمعت لك أندية قريش أتخبرهم بما أخبرتني‬
‫ب‬
‫ ه‬, Hai anak saudaraku, Apakah kamu mau menceritakan kepada kaummu yang lainnya, apa yang baru
saja engkau ceritakan kepadaku ?”
Nabi ngawaler: " ‫ نعم‬,betul"
Lajeng Abu jahal ngagero ka kaumna: " ‫يا بني كعب ابن لؤي! يا معشر قريش! هلموا إلي‬
‫ اسمعوا ما يقول‬:‫ قال‬،‫فاجتمعوا من كل حدب وصوب تاركين أنديتهم حتى أقبلوا‬
‫ محمد‬Wahai Bani Ka’b bin Lu’aiy, Hai kaum quraisy, kemarilah, berkumpullah kalian dari semua
pelosok, dengarkanlah apa yang akan di sampaikan Muhammad"

Saparantosna kaum quraisy ngumpul, lajeng Kangjeng Nabi nyaritakeun kajadian anu tadi di caritakeun
ka abu jahal sesuai sareng kebenaran secara rinci, kumargi Rasulullah moal ngadugikeun risalah kecuali
kebenaran.

Saparantosna ngadugikeun kabar Isro Mi'raj anu tos di alaman ku Kang Nabi eta, henteu saeutik jalma
anu bimbang jeng ngaragukeun, anu tadina seueur jalmi anu percaya ka Kangjeng Nabi jadi ragu-ragu,
malahan loba jalma anu nganggap Nabi henteu waras.
Tong boro jalma anu masih kafir, bahkan jalma-jalma anu geus asup kana Islam oge, henteu saeutik anu
balik jadi murtad, padahal tadina maranehanana percaya jenung ngabenerkeun ka Kangjeng Nabi.
Saterasna maranehanana ngadongkapan Sayyidina Abu Bakar kanggo nyaritakeun naon anu tos di
dugikeun ti Kangjeng Nabi.
Maranehanana tumaros ka Abu Bakar: " ‫هل لك في صاحبك ؟ يزعم أنه أسرى به الليلة إلى بيت‬
‫ المقدس‬Apakah engkau telah mendengar sahabatmu? Yang mengaku telah diperjalankan ke Baitul
Maqdis malam tadi:"
Sayyidina Abu Bakar ngawaler: " ‫ لئن كان قال ذلك لقد صدق‬Seandainya dia (Muhammad)
mengatakan seperti itu, sungguh itu pasti benar"
Orang-orang quraisy tumaros bari kaheranan:" ‫تصدقه أنه ذهب الليلة إلى بيت المقدس وجاء قبل‬
‫ أن يصبح ؟‬Apakah anda membenarkannya bahwa dia telah pergi malam tadi ke Baitul Maqdis
kemudian sebelum subuh sudah tiba kembali?"
Abu Bakar ngawaler deui kalayan yakin: "
‫ في غدوة أو روحه‬، ‫ أصدقه بخبر السماء‬، ‫إني ألصدقه بما هو أبعد من ذلك‬
Sesungguhnya aku telah membenarkan yang lebih aneh dari itu, aku membenarkannya yang menerima
berita dari langit, ketika pagi atau sore.
Maka su sabab eta anjeuna di sebat “Abu Bakr ash Shiddiq”" nyaeta anu membenarkan

Para hadirin sidang Jumat Kaum Muslimin Rahimakumullah


Dina sasih ieu Kangjeng Nabi Muhammad Shallallahu 'Alaihi wasallam nampi wahyu parentah shalat
secara langsung ti Allah henteu melalui perantaraan malaikat Jibril, ieu mangrupikeun pertanda yen
kacida pentingna solat lima waktu anu mangrupakeun pondasi dina agama sarta hiji barokah kanggo
umat Islam.
Sakumaha dawuhan Rasulullah Shallallahu 'Alaihi wasallam:

َ َ‫ص َالة ُ ِع َما ُد ال ِ ِّدي ِْن فَ َم ْن أَقَا َم َها فَقَ ْد أَقَا َم َها َفقَ ْد أَق‬
‫ام ال ِديْنَ َو َم ْن ت َ َر َك َها فَقَ ْد َه َد َم‬ َّ ‫ال‬
)‫ال ِ ِّديْنَ (رواه البيهقي‬
Artinya: “Sholat (lima waktu) mangrupakeun tihang agama,sing saha anu ngadrikeunana berarti manehna
tos ngadirikeun agamana jeung sing saha anu ninggalkeunana berarti manehna atos ngarubuhkeun
agama”. (HR.Baihaqi)

Dina perjalanan Nabi ka Sidratul Muntaha aya sababaraha perkara anu ditingalikeun ka Kangjeng Nabi.
di antawisna,anjeunna ningali aya sababaraha jalmi anu motong-motong letah maranehanana sorangan
dugikeun ka buntung teras jadi deui, teras dipotong-potong deui terus-terusan,

Lajeng Kangjeng Nabi naros ka Malaekat Jibril ”Wahai Jibril saha tea jalmi eta?”.
Malaekat jibril ngawaler; “Wahai Nabi Allah,eta teh conto umat anjeun anu ahli berpidato sarta mere
papatah ka batur,tapi papatah eta henteu diamalkeun kanggo dirina sorangan.

Salajengna deui Kangjeng Nabi ningali aya sababaraha jalmi anu nyakar-nyakar beungeutna dugi leupas
kulitna saterasna pulih deui teras dicakaran deui teras menerus, Teras Kangjeng Nabi naros ka Malaekat
Jibril; “Wahai Jibril saha tea jalmi eta?”. Jibril menjawab; “Eta teh siksaan kanggo umat anjeun anu resep
ngomongkeun kagorengan batur.

Salain ti eta, seeur pisan kajadian-kajadian anu di tingalikeun ka Kangjeng Nabi nalika perjalanan Mi'raj
ka sidrotul Muntaha

Ma’asyiral Muslimin Rahimakumullah


Sababaraha kajadian anu ditingalikeun ka Kangjeng Nabi dina waktu Isra’ Mi’raj eta sadaya mangrupa
gambaran siksaan kalakuan umat manusa.

ً ‫ف َي ْلقَ ْونَ َغيِّا‬ َ َ‫ت ف‬


َ ‫س ْو‬ َّ ‫ص َالة َ َوات َّ َبعُوا ال‬
ِ ‫ش َه َوا‬ َّ ‫عوا ال‬
ُ ‫ضا‬ ٌ ‫ف ِمن َب ْع ِد ِه ْم خ َْل‬
َ َ‫ف أ‬ َ َ‫فَ َخل‬
)59 :‫(مريم‬
“Maka akan datang sesudah mereka pengganti (yang jelek) yang menyia-nyiakan sholat dan
memperturutkan hawa nafsunya, maka mereka kelak akan menemui kesesatan”.

Tina pangalaman anu ditingal ku Kangjeng Nabi Shallallahu 'Alaihi wasallam., anu ahirna ngajantenkeun
Kangjeng Nabi kacida pisan ngakhawatirkeun umatna dina satiap waktu. Komo deui nalika anjeunna nuju
udur mayunan sakaratul maot, dugikeun ka anjeunna berwasiat kanggo umatna "ummati ummati
ummati."

Ma’asyiral Muslimin Rahimakumullah


Ku margi kitu, hayu urang mawas diri supados langkung bersyukur sarta bertaqwa ka Allah, sarta
mekelan diri urang supados langkung hati-hati dina ngajalanan kahirupan iyeu.
Urang ngan saukur tiasa ngaharepkeun bari dibarengan ku ngado’a sareng berusaha supados urang
sadaya dipaparinan hidayah ku Allah SWT, mudah-mudahan urang sadayana ngengingkeun syafa’at ti
Kangjeng sahingga urang terhindar tina siksaan seuneu naraka. Aamiin...

Você também pode gostar