Você está na página 1de 2

Tradisi Nyunatan

Di daérah sunda aya salah sahiji kabudayaan anu geus biasa diayakeun nyaéta kabudayaan
nyunatan. Upama aya kaluwarga anu boga anak lalaki biasana bakal ngayakeun acara nyunatan. Nyunatan
nyaéta prosés ngabersihkeun diri ku cara motong (kulup) sabagian leutik tina kelamin lalaki. Nyunatan
diayakeun pikeun maksud béh pakakas vitalna bersih ti najis. Budak lalaki anu umurna geus cukup kudu
disunatan, lantaran wajib hukumna ceuk agama Islam. Biasana budak anu disunatan teh umurna antara
genep nepi ka dalapan taun.

Istilah nyunatan atawa sok aya ogé nu nyebut nyundatan asalna tina kecap sudat, hartina ‘turih’.
Pangna aya kecap kitu lantaran baheula mah prak-prakan nyunatan téh ku cara nurih kokocop. Carana, kulit
kokocop rarangan budak ditarik tuluy diasupan babango (pakakas kawas patlot). Sanggeus dicapit, éta kulit
kokocop teh terus diturih, tapi dikeureut nepi ka bersih. Jalma tukang nyunatan téh baheula mah disebutna
bengkong, ayeuna euweuh bengkong aya ogé paraji sunat atawa mantri sunat.

Upama aya kulawarga anu rék nyunatan, biasana sok ngayakeun musyawarah kulawarga heula.
Nangtukeun waktuna, saha paraji sunatna, kumaha ngarayakeuna, jeung sajabana. Geus jadi kabiasaan di
Sunda, lamun aya budak anu arék di sunat sapoé saméméhna sok aya acara arak-arakan (kuriling kampung).
Arak-arakan biasana dipirig sakaligus dimeriahkeun ku kasenian tanjidor (pikeun wewengkon Bekasi),
sisingaan (daérah Subang), sarta kuda renggong (Sumedang/ Majaléngka). Peuting poéna diayakeun
sukuran.

Baheula mah, saméméh disunatan, budak sunat téh sok dibawa ka balong atawa walungan, sina
ngeueum heula. Maksudna ngarah raranganana baal lamun éngké dikeureut. Geus kitu terus dilahun dina
korsi, pada nyarekelan sarta panonna dipeungpeunan, kakarak wé disunatan. Sanggeus dikeureut, kolot-
kolot nu ngariung nyaraksian sok rampak nyarita: “Salamet! Salamet! Béla! Sok belana geura peuncin!”
Béla nyaéta hayam anu dipeuncit sanggeus budak disunat. Ayeuna mah henteu kitu. Budak anu rék
disunatan teh henteu kudu sina ngeueum heula di balong atawa walungan. Subuh keneh teh sok langsung
waé dibawa ka mantri sunat. Henteu dibaalan heula, langsung wé dikeureut. Réngsé dikeureut, harita kénéh
ka budak Babarengan jeung budak disunat, hayam jalu dipeuncit minangka béla, petasan disulut, sarta
tatabeuhan disadakeun. Saterusna budak anu geus disunat dibawa ka imah pikeun diobatan ku paraji
sunat. Henteu lila sanggeus éta para ondangan ogé dararatang, aya anu deukeut aya ogé anu jauh.
Maranéhanana méré duit/ nyecep ka budak anu disunat éta béh seneng sarta bisa mopohokeun rasa nyerina.
Prosesi perayaan sunatan biasana nepi ka isuk-isuk atawa nepi ka isukan sanggeus khitanan. Sakabéh éta
ditujukeun pikeun rasa syukur sarta ménta kasalametan lahir batin dunya sarta ahérat ka gusti Allah swt.
Sumber :

https://id.m.wikipedia.org/wiki/Sunat
https://zipoer7.wordpress.com/2011/06/21/tradisi-khitanan-masyarakat-sunda/
https://nanpunya.wordpress.com/2009/02/25/upacara-adat-sunda/
https://www.academia.edu/30125588/Prosesi_Khitanan_Adat_Sunda

Nama : Nuranti

Kelas : XII MIPA 2

Você também pode gostar