Você está na página 1de 2

JANTE ARKIDAM

Karya Ajip Rosidi

Panonna beureum siki saga


Lengeunna seukeut lalancip gobang
Niplasan badan palapah gedang
Arkidam, Jante Arkidam

Di pangaduan di kalangan ronggeng


Ngan hiji jagoan
Arkidam, Jante Arkidam

Ti peuting angkeb ku mendung


Jante raja alam peteng
Matek aji panarawangan
Manjing ka liang sasoroting sinar
Jaruji beusi pakgade miley ku ramona

Ti peuting ngadalingling wangi


Jante raja dina tayuban
Ngagakgak seuri ngibingan ronggeng
“Mantri Pulisi , ngalieuk kadieu
Bantingkeun kartu bantingkeun dadu!”
“Wadana, Ulah nundutan didinya
Urang ngibing jeung kula!”
Jante Arkidam

Silih teuteup Wadana jeung mantri pulisi


Jante, Jante Arkidam
Ngabongkar pakgade peuting tadi
Ayeuna makalangan dina tayuban
Enya, Kaula Jante arkidam
Sing Saha nu wani maju
Rek ditigas Leungeun kula lalancip pedang
Ngahep-hep sapanglalajoan
Neuteup ka Jante nu matana ngembang wera
Kunaon make nareuteup ka kula
Tuluykeun ngibing poe nyerelek beak
Rame deui kalangan rame deui pangaduan
Jante ngibing nyolempangkeun salendang
nguyup arak sloki ka salapan likur
Waktu beurang datang
Jante ngagoler diburu mantri polisi
Jante, Jante Arkidam Nusakambangan
Ngagisik hayang sidik
Jante mencrong mantri pulisi:
"Ki Mantri, tindakan andika lelewa bikang

ngabokong jalma keur tibra!"


Arkidam ditalikung leungeun dua
Sorot matana ngentab seuneuan
Samemeh beak poe kahiji
Jante minggat nitih cahya
Kalauar ti panjara
Samemeh cuntuk peuting kahiji
Mantri pulisi nyungseb di dasar walungan
Teu nyawaan

Você também pode gostar