Você está na página 1de 1

Tugas Pidato Paturay Tineung

Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Alhamdulillah Wasyukurillah sadaya puji kagungan Allah anu tos masihan kasehatan
sareng masihan kasempetan ka urang sadayana kanggo hadir dina acara paturay tineung kelas
genep.Hatur nuhur parantos masihan kasempatan sareng waktos ka sim kuring pikeun
ngadugikeun biantara ieu.
Bapak Kepala Sakola nu ku sim kuring di pihormat, Bapak sareng Ibu guru nu ku sim
kuring di pihormat. Adi-adi sareng rerencangan nu ku sim kuring dipikadeudeuh. Dina
kasempetan ieu sim kuring minangka wakil ti rerencangan kelas geunep SDN 1 Banjaran
ngahaturkeun nuhun ka nu jasa-jasaa Bapak sareng Ibu guru anu tos ngatik nga didik ti kawit
boloho teu aya kanyaho dugi ka parantos ayeuna teu bodo-bodo teuing. Sim kuring teu tiasa
mulang tarıma ka Ibu sareng Bapa guru, Sim kuring sadayana mung tiasa nga du'a kanu
kawasa mugi gusti maparin ganjaran kasaean ka Bapak sareng ka Ibu guru. Aamiin yaa
robbal
aalamin.
Sim kuring sadayana neda dihapunten ka ibu sareng bapak guru tina sadaya kalepatan.
Rupina sakieu piunjuk ti sim kuring sadaya ka ibu sareng papa guru. Robbana aatina
fidunya hasanah wa fill akhiroti hasanah waqina adza bannar.

Você também pode gostar