Você está na página 1de 1

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Bismillah....Alhamdulillah...
Wassolatu wassalamu ‘ala Rosullillah, Wa’ala ‘alihi wasohbihi wamawwalah..
Amma ba’du...
Langkung tipayun, puja urang sanggakeun kanu maha kawasa, puji kanu maha suci, syukur ka Alloh nu maha
gofur anu masih keneh ngusik malikeun awak sakujur, tug dugi ka kiwari masih keneh masihan jatah umur,
ngan omat umur ulah dihambur-hambur, komo mun dipake ujub ria jeung takabur, bisi urang kagolongkeun
jalma anu kufur, anggur mah hayu urang seueur syukur, malah mandar jaga di alam kubur, kenging
panghampura Alloh nu maha Punjul, amiin......
Oge solawat miwah kasalametan mugia dilimpah curahkeun ka jungjunan urang sadayana, kanjeng nabi
Muhammad SAW.
Dina kasempetan ieu sim kuring bade ngabantun judul, “ NGAJAGA KAENDAHAN LEMBUR “.
Tangtosna tatar sunda nu endah taya duana, ngajadikeun urang betah cicing didinya, di lembur matuh
banjar karang pamidangan, tempat ngiuhan tina hujan, tempat niis lamun beurang, reureuh ngampih lamun
peuting. Cai wahangan cur cor tina sungapan, maseuhan sawah numuwuhkeun pare nu bisa ka petik hasilna
ka ala buahna.
Tuh pan lamun tea mah lembur ku urang dijaga kaendahannana, teu diruksak ku leungeun sarakah nu
matak jadi teu endah. Cobi tingali di kota-kota tos sesah mendak sawah, tos jarang aya pancuran, tos
dibangun Mol Pangbalanjaan, nu megah nepika teu merhatikeun bahayana.
Mangpang meungpeung hirup dilembur anu masih keneh asri, kuring mah hoyong jaga tetep kieu.
Rangkongna sora bangkong, reangna sora jangkrik, recetna sora tonggeret, mapag sareupna wanci
kaburitnakeun.
Sakitu nu kapihatur, namung sateucanna mungkur, sim abdi gaduh sisindiran :
Ngalamun mubuy bakakak
Mawa dahan tina tulang
Mun lembur terus diruksak
Musibah datang, kaendahan oge ilang
Mung sakitu nu kapihatur, hapunten boh bilih aya kalepatan sareng kakirangan, bobot pangayon timbang
taraju aya di para ibu, jembar hampura di teda aya di para bapa.
Ragi sabeulah di banjar, di remekeun duanana
Mugi Alloh ngaganjar, nyalametkeun sadayana

Wabilahi taufik walhidayah, wa ridlo wal inayah


Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Você também pode gostar