Você está na página 1de 3

30. Kalimah nu gunana pikeun nanyakeun hiji perkra atawa nguji ka batur.

Dina wangun tulisan kalimah


pananya teh dicirian ku tanda Tanya (?) disebut kalimah.
a. Pananya
b. Parentah
c. Penyeuluk
d. Wawaran
31. Nu mangrupa conto kalimah pananya nu bener nyaeta
a. Murid kelas VIII B keur diajar bahasa sunda di kelasna
b. Sanggeus balik ti sakola udin jeung nana jalan-jalan heula ka BIP
c. Hayu urang baca buku pangajaran basa sunda kaca 15 nepika kaca 25!
d. Kamana angkatna tuang rai teh , jang?

Tengetan wangun surat ieu di handap pikeun ngajawab no 31-34


DINAS PENDIDIKAN
1) MUSYAWARAH GURU MATA PELAJARAN BAHASA SUNDA
KOTA BANDUNG
Sekretariat : SMP Negeri 30 Bandung Jalan Sekejati Nomor 23 Telp. (022)7305150 Kota Bandung
2) 7 April 2014
3) Nomor : 421/64 Disdik/2014
4) Lampiran : 5 lembar
5) Perihal : Pasanggiri jeung Apresiasi Bahasa, Sastra jeung Seni Daerah
6) Kahatur
Ndh. Bapak/Ibu
Pupuhu SMP/MTS.
Di
Bandung
7)

7.1) Assalamualaikum, Wr. Wb

7.2) Dina raraga ngalakasanakeu program peningkata mutu dinas pendidikn kota bandug
sareng MGMP basa sunda SMP, ku hal ieu simkuring saparakanca seja ngalaksanakeun
pasanggiri jeung apresiasi basa, sastra, jeung seni daerah Tk. Kota bandung, nu baris
dilaksnakeun dina :

Dinten/kaping : saptu 17 mei 2014

Waktos : 08.00 WIB dugi ka rengse

Tempat : SMP Negeri 20 Kota Bandung Jln. Centeh No.5 Bandung

Ku hal eta simkuring saparakanca panitia pasanggiri mihareup bapak/ibu tiasa ulubiung
ngintunkeun wawakil ti sakola nu ku bapa/ibu pingpin dina waktosna.

Anapon hal-hal anu patali sareung palanggeran pasanggiri dilampirkeun.


7.3) Tina sanes kanten perhatosan bapak/ibu simkuring saparakanca ngahaturkeun nuhun.

8) Kauninga Pupuhu

Kepala Bidang PSMP

Dinas Pendidikan Kota Bandung

Ttd ttd

Drs. H. Ajat Sudrajat, M.Si Dra. Hj. Idar Hamdiana

32. Bagean kop surat atawa puhu surat nya eta nomor.
a. Hiji
b. Dua
c. Tilu
d. Opat
33. Sedengkeun bagean nu mangrupa tujuan surat nomer
a. Opat
b. Lima
c. Genep
d. Tujuh
34. Bagean surat nomer 7.2 nyaeta
a. Eusi surat
b. Eusi surat nu mangrupa bubuka
c. Eusi surat nu mangrupa eusi
d. Eusi surat nu mangrupa panutup
35. Nu ngabedakeun antara surat resmi jeung surat pribadi nyaeta
a. Kop surat, titimangsa, laporan
b. Kop surat, nomer surat, lampiran
c. Titimangsa, nomer surat, lampiran
d. Lampiran, perkawis, tujuan
36. Kalimah nu caritaannana diwangun ku kecap atawa prasa barang disebut kalimah
a. Barang
b. Bilangan
c. Pagawean
d. Sipat
37. Nu mangrupa conto kalimah barang nu bener nyaeta
a. Mamah putra pak kosim nu pang ageungna
b. Kang anang ngagaleuh bedog ti cinema
c. Neng Fatimah mani bageur pisan
d. Kalapa dua manggar
38. Kalimah nu caritaannana diwangun ku kecap atawa prasa pagawean disebut kalimah
a. Barang
b. Bilangan
c. Pagawean
d. Sipat
39. Nu mangrupa conto kalimah pagawean nu bener nyaeta
a. Pak hendi guru matematika di SMP 1 Bandung
b. Pun Ua angkat ka palangkaraya
c. Jang kurnia pinter pisan
d. Gelas opat lusin
40. Sedengkeun nu mangrupa conto kalimah sipat nu bener nyaeta
a. Professor agus dosen di ITB
b. Mimin nyandak kembang ka sakola
c. Nini icih meuni cerewed
d. Baju seragamna dua pasang

Você também pode gostar