Você está na página 1de 3

Bubuka :

Assalamu’alaikum wr.wb

Sampurasun..

Girang pangajen tur Hormat simkuring Ka Bapa kalih Ibu Juri

Teu hilap,kanca mitra anu dipika reu’eus sareng dipika deudeuh

Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka ilahirobi kalayan hidayah sareng
inayahna.

Alhamdulillah dina ieu kasempetan sim kuring ngaraos bingah tiasa ngiringan biantara dina acara
‘Sialturahmi Wilayah ka- III’ ieu.

Mugya, ku patepangna ieu acara,sing janten kabarokahan rezeki tur kasehatan Irang sadayana,
sareng tiada janten wasilah ti kangjeng Nabi kanggo nyalametkeun agama urang sadaya. langkung
rakeutna tali mimitran antawis urang sadayana.

Dina kahirupan sapopoe, anu kantenan di elingan ku urang sadaya, Yen komunikasi teh,
mangrupikeun bagian tina kahirupan manusa, kusabab, jalma teu bisa leupas kahirupannana Tina
komunikasi. Dina Élmu Sosiologi, kantenan urang diajar, Yen manusia teh mangrupakeun jalmi sosial.
Jalma tangtu moal bakal bisa hirup Hade lamun eweuh lingkungan sosialna. Lingkungan ieu Oge anu
ngajadikeun manusa miboga adab, adat istiadat, syare’at sarta hakikat Dina kahirupan.

Sakabeh manusa tangtu ngalibatkeun naon anu aya dina dirina nyaéta komunikasi, Tarzan wae ge,
sanajan hirup na sorangan di Leuweung, tapi teu leupas Dina Nu ngarana komunikasi, sanajan Jeung
sasatoan Oge. Da anu ngabentuk kahirupan manusa teh, lingkungan sosialna, sanes individu na.

Adam salaku jalma anu diciptakeun ku Gusti Allah ogé, dibarengan ku Siti Hawa kangge palengkep
pilar-pilar kahirupan manusa, nyaéta komunikasi Dina lingkup keluarga.

hiji jalma moal nyaho kumaha carana dahar, nginum, nyarita jeung ngubaran manusa lamun teu
hirup di lingkungan sosial-komunikasi. Hakekat komunikasi nyaeta miboga hubungan anu dicirikeun
ku Ayana silih percaya, silih asah, silih asih, silih asuh.

Kulawarga mangrupakeun ciri dasar lingkungan sosial anu utama Dina Lingkungan Sosial-
Masyaralat. Dina kahirupan kiwari ogé, rata-rata 90% konflik dina kulawarga téh lataran kurangna
komunikasi internal; indung Ka bapa, anak kalot boy kolot Ka budak. Lamun komunikasi henteu silih
babarkeun naon anu dirasa ku manah masing-masing kulawarga, eta tangtu moal aya
kaharmonisan dina jero keluarga teh.Kusabab 70% rumah tangga Ayana, bisana lamun Aya.
Pangngobrolan sasama nu Aya di Imah.

Upamana mah, upami Aya hiji keluarga anu keur pasea, terus pacicing-cicing, eta bakal leuwih
bahaya dampakna dibandingkeun Jeung keluarga anu sok pasea ceceuleweungan kadenge ku
tatangga, ngerakeun sakulawarga. Resiko pirak Dina rumah tangga leuwih gede dialaman ku
maranehna anu sok ngambek pacicing-cicing.

Kumatak Rosul ngadawuh, umat Islam teu Kenging langkung ti 3 Dinten upami nuju papaseaan.

Langkung sae deui, komunikasikeun Sagala perkara lalaunan, tatangga tong nepikeun Ka
aparapaleun. Kantenan rumah tangga mah tujuanna pan ngajagi aib masing-masing. Suksesna
rumah tangga ditingali ku Ka ayaan komunikasi intern.
Ku kituna, dina kasempetan ieu sim kuring baris ngabahas naon-naon komunikasi anu kudu
dilaksanakeun di kulawarga pikeun nyiptakeun karukunan.

[21/11 05.32] Dik: 1.Nyiptakeun Kahirupan Religius

Hal ieu kacida pentingna sabab dina agama aya ajén-inajén moral jeung étika hirup, sabab atikan
awal asalna ti kulawarga.

Sabagéan gedé, paripolah kolot jeung lingkunganana di kulawarga bakal salawasna narima prosés
atikan salila budakna masih kénéh diasuh di jerona. Iman kana kitab-kitab Allah sareng Al-Qur’an.an,
iman kana qada sareng qadar.

Dina hal ibadah, anjeunna tiasa ngajarkeun ibadah wajib sareng sunnah.

Dina hal pangaweruh, kudu sumanget pikeun neuleuman ajaran Islam, anu engke bakal nyiptakeun
bumi abdi, surga abdi, anu bakal silih pikanyaah sareng sauyunan.

Diriwayatkeun ti Sayyidah Aisyah radiyallahu ‘anha, Rosululloh SAW ngadawuh:

Pangsaéna anjeun (salaki) anu panghadéna pikeun kulawargana sareng kuring anu pangsaéna pikeun
kulawarga kuring. (HR. At-Tirmidzi)

Tina hadits ieu, urang tiasa diajar yén soméah ka kulawarga mangrupikeun salah sahiji konci pikeun
kulawarga anu sakinah sapertos anu dicontokeun ku Rosululloh SAW, ku cara ngarawat kulawarga anu
saé.

[21/11 05.33] Dik: 2. Seuri More

Naha? Sabab ngabantuan awak ngaleupaskeun hormon dopamin sareng serotonin dina awak,
supados mood tiasa langkung saé sareng timbul rasa bagja.

3. Gaduh waktos sareng kulawarga

Nu nyiptakeun waktu babarengan, boh ngan ukur ngumpul bari ngadongeng, dahar babarengan,
marengan barudak ulin, jeung ngumbara babarengan, saperti mawa kulawarga ka tempat wisata nu
seru.

4. Silih ajénan ka kulawarga

Kulawarga nyadiakeun tempat pikeun tiap anggota kulawarga pikeun ngahargaan lampah nu
lumangsung sarta ngajarkeun barudak kaahlian interaksi, kayaning ngahargaan, ngadengekeun,
merhatikeun jeung ngabales alus kana naon baé séjén ngobrol ngeunaan.
Salaku conto ; Hormat ka kolot, ulah ngalanggar piwuruk kolot, sarta kolot mikanyaah budakna
kalawan adil.

[21/11 08.01] Dik: Ieu sababaraha hal komunikasi anu kudu dilaksanakeun di jero kulawarga, sabab
komunikasi mangrupa konci dina hiji hubungan pikeun nyiptakeun katerbukaan antar anggota
kulawarga.

[21/11 08.02] Dik: Panutup:

Hadirin hormateun simkuring, sakitu kitu kapihatur, sateuacana mungkur hapunten bilih aya catur,
anu teu ka ukur, aya basa anu teu kareka, tutus langkung teupang heulang bobo sapanon carang
salam.

Wassalamu alaikum warahmatullahi wabarakatuh

Você também pode gostar